Oksigén

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
8 nitrogenoxygenfluorine
-

O

S
O-TableImage.png
Umum
Ngaran, Lambang, Nomer oxygen, O, 8
Dérét kimia nonmetals
Golongan, Periode, Blok 16, 2, p
Warna colorless
O,8.jpg
Beurat atom baku 15.9994(3)  g·mol−1
Konfigurasi éléktron 1s2 2s2 2p4
Éléktron per cangkang 2, 6
Pasipatan fisik
Fase gas
Dénsitas (0 °C, 101.325 kPa)
1.429 g/L
Titik lééh 54.36 K
(-218.79 °C, -361.82 °F)
Titik golak 90.20 K
(-182.95 °C, -297.31 °F)
Panas fusi (O2) 0.444  kJ·mol−1
Panas panguapan (O2) 6.82  kJ·mol−1
Kapasitas panas (25 °C) (O2)
29.378  J·mol−1·K−1
Tekanan uap
P(Pa) 1 10 100 1 k 10 k 100 k
at T(K)       61 73 90
Pasipatan atom
Struktur kristal cubic
Wilangan oksidasi 2, −1
(neutral oxide)
Éléktronégativitas 3.44 (skala Pauling)
Énergi ionisasi
(lianna)
1st: 1313.9 kJ/mol
2nd: 3388.3 kJ/mol
3rd: 5300.5 kJ/mol
Radius atom 60pm
Radius atom (itung.) 48  pm
Radius kovalén 73  pm
Radius Van der Waals 152 pm
Unak-anik
Susunan magnétik paramagnetic
Konduktivitas panas (300 K) 26.58 m W·m−1·K−1
Gancang sora (gas, 27 °C) 330 m/s
Nomer régister CAS 7782-44-7
Isotop penting
Artikel utama: Isotop oksigén
iso KA umur-nyatengah UR ÉU (MeV) HU
16O 99.762% O stabil ngandung 8 neutron
17O 0.038% O stabil ngandung 9 neutron
18O 0.2% O stabil ngandung 10 neutron
Rujukan

Oksigén mangrupakeun unsur kimia nu dina tabel periodik lambangna O jeung wilangan atom 8. Unsur ieu umum pisan, ayana lain ukur di Bumi, tapi ogé di sakuliah alam, ilaharna mah dina bentuk kabeungkeut ku unsur séjén. Oksigén nu teu kabeungkeut (biasa disebut oksigén molekular, O2), jaman baheula dihasilkeun tina métabolisme anaérob (archaea jeung baktéri). Sedengkeun kiwari, lolobana dihasilkeun tina prosés fotosintésis, tilu parapatna hasil fitoplangton jeung ganggang di sagara, sarta saparapatna tina tutuwuhan.

Karakteristik[édit | sunting sumber]

Oksigén cair kelirna bulao langit, tapi euweuh patalina jeung kelir langit.
Dina kaayaan baku, dioksigén, O2, bentukna gas.
Ozon, O3, molekul 3-atom, lolobana aya di lapisan stratosfir.

Alotrop oksigén anu umum di Marcapada nyaéta dioksigén, O2, molekul diatomik anu dibeungkeut dina konfigurasi éléktron oksigén triplét. Ieu beungkeut ordeuna dua, jauh leuwih pajeulit tina gambaran beungkeut ganda anu basajan[1]. Oksigén triplét téh minangka kaayaan dasar molekul oksigén. Konfigurasi éléktron ieu molekul mibanda dua éléktron nyorangan nu nempatan dua orbital molekul. Ieu orbital kagolongkeun antibonding, sahingga beungkeut oksigén diatomik leuwwih lemah batan beungkeut nitrogén diatomik nu orbital molekul beungkeutanana kaeusi. Najan éléktron nyorangan ilaharna pakait jeung réaktivitas anu luhur, oksigén triplét mah rélatif (sarta untungna téh) teu réaktif dibanding jeung kalolobaan radikal.

Oksigén nunggal, ngaran nu dibikeun ka sababraha spésiés oksigén nu sakabéh spin éléktronna papacangan sarta boga énérgi leuwih luhur, leuwih réaktif ka molekul organik biasa. Di alam, oksigén nunggal biasana dibentuk tina cai dina fotosintésis migunakeun énérgi cahya panonpoé. Ieu molekul ogé dihasilkeun ku sistem imun salaku sumber oksigén aktif. Karoténoid dina organismeu fotosintétik jeung sasatoan boga peran utama pikeun nyerep énérgi ti oksigén nunggal nu dikonvérsi kana kaayaan dasar anu tanpa éksitasi, sahingga henteu nyilakakeun jaringan.

Larapan[édit | sunting sumber]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Oksigén munggaran disabit-sabit ku Michał Sędziwój, alkémis jeung filsuf Polandia ahir abad ka-16. Anjeunna nyebut gas anu kaluar tina niter haneut salaku "the elixir of life"[2]. Robert Hooke, Ole Borch, Mikhail Lomonosov, jeung Pierre Bayen geus bisa ngahasilkeun oksigén dina percobaanana abad ka-17, tapi ku saurang ogé teu dianggap unsur[3].

Hiji percobaan nu dipingpin ku Joseph Priestley, pendéta Inggris (1 Agustus 1774), mokuskeun cahya panonpoé kana oksida raksa (HgO) dina tabung gelas ngahasilkeun gas anu ku anjeunna dingaranan dephlogisticated air (baca téori flogiston). Anjeunna awas yén ku ayana éta gas, hurungna lilin jadi leuwih, sedengkeun beurit bisa leuwih aktif sarta hirup leuwih lana mun nyeuseup ieu gas. Sanggeus diseuseup ku sorangan, anjeunna nulis "Karasana kana bayah mah teu pati béda jeung udara biasa, tapi kana engapan jadi leuwih hampang."[3]

Tanpa sakanyaho Priestley, ahli farmasi Swédia Carl Wilhelm Scheele geus ngahasilkeun oksigén ku cara manaskeun oksida raksa jeung rupa-rupa nitrat kira taun 1772. Anjeunna nuliskeun papanggihanana ieu dina naskah anu dikirimkeun ka pamedal taun 1775. hanjakalna téh, ieu naskah kakara medal taun 1777[4]. Anjeunna nyebut ieu gas salaku 'udara seuneu' (fire air) kusabab éta gas téh hiji-hijina anu geus kanyahoan ngarojong durukan. Salajeungna ieu gas disebut 'udara vital' (vital air) kusabab vital pikeun hirupna sasatoan.

Kimiawan Prancis, Antoine Lavoisier, ngakukeun yén manéhna sacara mandiri manggihan zat anyar. Tapi kanyataanana, manéhna kungsi didongéngan ku Priestley ngeunaan hasil percobaanana. Pon kitu ogé Scheele kungsi medar papanggihanana ka Lavoisier dina surat [30 Séptémber]] 1774[4].

Ku Lavoisier, ieu unsur anyar téh dingaranan oxygène, tina akar basa Yunani nu hartina "nu ngabentuk asam". Ieu téh dumasar kana anggapan--nu tétéla salah--yén sakabéh asam ngandung oksigén. Najan dicawad ku para élmuwan Inggris, oxygen diasupkeun kana basa Inggris. Hal ieu di antarana alatan ayana sajak nu muji-muji ieu gas nu judulna "Oxygen" dina buku populér The Botanic Garden (1791) karya Erasmus Darwin, akina Charles Darwin[4].

Kondénsasi oksigén munggaran dicobaan taun 1883 ku Zygmunt Wróblewski jeung Karol Olszewski, dua profésor ti Universitas Jagiellonian.

Pancén biologis[édit | sunting sumber]

Fotosintésis jeung réspirasi[édit | sunting sumber]

Di alam, oksigén bébas dihasilkeun tina fotolisis cai dina fotosintésis. Ganggang héjo jeung sianobaktéri di lingkungan laut ngahasilkeun kira 70% oksigén bébas anu dihasilkeun ku Bumi[5].

Réaksi lengkep anu dibasajankeun pikeun fotosintésis nyaéta[6]

6CO2 + 6H2O + fotonC6H12O6 + 6O2 (karbon dioksida + cai + cahya sarangéngé → glukosa + dioksigén)

Évolusi fotolitik oksigén lumangsung di jero mémbran tilakoid organismeu fotosintétik sarta merlukeun énérgi opat foton[7]. Ieu prosés téh loba hambalanana, nu ngahasilkeun gradién proton di antara mémbran tilakoid, nu dipaké pikeun nyintésis ATP dina fotofosforilasi[8]. Sésa O2 sanggeus oksidasi molekul cai dileupaskeun ka atmosfir[9].

Molekul dioksigén (O2) téh ésénsil pikeun réspirasi sélulér pikeun sakabéh organismeu aérobik. Oksigén dipaké di mitokondria pikeun mantuna ngahasilkeun adénosin trifosfat (ATP) dina fosforilasi oksidatif. Réaksi pikeun réspirasi aérob sabalikna tina fotosintésis, nu mun dibasajankeun réaksina kieu:

C6H12O6 + 6O2 → 6CO2 + 6H2O + 2880 kJ·mol-1

Di vertebrata, O2 ngalaman difusi nembus mémbran dina bayah nepi ka sél getih beureum. Hémoglobin meungkeut O2, sahingga kelirna robah tina beureum kolot jadi burahay[10][11]. Sato séjén migunakeun hémosianin (Moluska jeung sababaraha arthropoda) atawa héméritrin (lancah jeung hurang)[12]. Saléter getih bisa ngaleyurkeun 200 cc O2[12].

Spésiés oksigén réaktif, contona baé ion superoksida (O2) jeung hidrogén peroksida (H2O2), mangrupakeun pasésaan tina pamakéan oksigén dina awak mahluk hirup[12]. Sabalikna ti éta, sabagian sistem imun organismeu nu leuwih luhur justru ngahasilkeun péroksida, superoksida, jeung oksigén nunggal pikeun ngancurkeun kuman nu narajang. Spésiés oksigén réaktif ogé penting dina réspons hipersénsitif tutuwuhan nalika ngalawan serangan patogén[8].

Dina kaayaan reureuh, jalma sawawa nyeuseup 1,8 nepi ka 2,4 gram oksigén per menit[13]. Jumlah-jamléh, mun lobana manusa dianggap 6,6 miliar, oksigén nu diseuseup per taunna téh beuratna nepi ka 6 miliar ton per taun[14].

Jumlah di alam[édit | sunting sumber]

Oksigén mangrupakeun komponén tunggal panglobana di atmosfir Bumi (20.947% dumasar eusi).

Sanyawaan[édit | sunting sumber]

Alatan éléktronégativitasna, oksigén ngabentuk beungkeut kimia jeung sakabéh unsur dina prosés oksidasi, iwal sababaraha gas milya jeung flor. Lian ti éta, logam mulya (misalna baé emas jeung platina) teu bisa langsung ngagabung jeung oksigén. Sanyawa kawas emas oksida ukur bisa dihasilkeun ngaliwatan prosés anu teu langsung.

Sanyawaan oksigén anu paling umum nyaéta cai. Nu séjénna, di antarana baé silika (dina keusik, gelas, batu, jsb.) jeung sanyawaan karbon, kayaning karbon dioksida (CO2), alkohol (R-OH), karbonil (R-CO-H atawa R-CO-R), jeung asam karboksilat (R-COOH). Radikal anu dioksigénan samodél klorat (ClO3), perklorat (ClO4), kromat (CrO42−), dikromat (Cr2O72−), permanganat (MnO4), jeung nitrat (NO3) mangrupakeun agén pangoksidasi. Fosfor penting pisan sacara biologis dina bentuk ion fosfat (PO43−). Logam-logam bisa ngabeungkeut atom oksigén, contona beusi dina beusi (III) oksida (Fe2O3) anu ilahar disebut tai hiang. Ozon (O3) dibentuk tina prosés éléktrostatik anu aya oksigénna.

Isotop[édit | sunting sumber]

Anu geus kanyahoan, oksigén boga tujuh welas isotop nu massa atomna antara 12.03 u nepi ka 28.06 u. Nu stabil aya tilu: 16O, 17O, jeung 18O, tapi nu panglobana mah 16O (leuwih ti 99.7%). Radioisotopna boga satengah-umur kurang ti tilu menit.

Kawaspadaan[édit | sunting sumber]

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. "Structure of Oxygen Molecule (triplet)". Glasser Group, University of Missouri-Columbia. Diakses pada 3 Maret 2007. 
  2. H. Guerlac (1954). "The Poets' Nitre". Isis 45 (3): 243-255.
  3. a b Emsley (2001). Nature's Building Blocks, kaca 299
  4. a b c Emsley (2001). Nature's Building Blocks, kaca 300
  5. Fenical 1983, "Marine Plants"
  6. Brown 2003, 958
  7. Thylakoid membranes are part of chloroplasts in algae and plants while they simply are one of many membrane structures in cyanobacteria. In fact, chloroplasts are thought to have evolved from cyanobacteria that were once symbiotic partners with the progenerators of plants and algae
  8. a b Raven 2005, 115–27
  9. Oksidasi cai dikatalisan ku kompléks énzim nu ngandung mangan nu katelah oxygen evolving complex (OEC) atawa water-splitting complex nu aya patalina jeung sisi luménal mémbran tilakoid. Dina ieu prosés, mangan téh kofaktor penting di sagigireun kalsium jeung klorida anu kudu aya dina réaksina.(Raven 2005)
  10. CO2 is released from another part of hemoglobin (baca Bohr effect)
  11. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama GuideElem48
  12. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama NBB298
  13. "For humans, the normal volume is 6-8 liters per minute." [1]
  14. (1,8 g)*(60 menit)*(24 jam)*(365 poé)*(6,6 miliar jalma)/1.000.000 = 6,24 miliar ton

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]