Okurigana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Okurigana (送り仮名, hartina "hurup nu nuturkeun") nyaeta ahiran kana nu nuturkeun kanji dina tulisan Basa Jepang. Ilaharna dipake dina kecap sipat atawa gawe, okurigana bisa nunjukeun tense (kamari, ayeuna atawa isukan), harti tanya atawa negatip, atawa basa lemes, salian ti fungsi sejenna. Dina pamakean kiwari, okurigana ampir kabeh ditulis make hiragana; sedengkeun baheula make katakana.

Conto-conto infleksi[édit | sunting sumber]

Kecap sifat dina Basa Jepang make okurigana keur nembongkeun tense sarta tanya/negatif, kabehanana diteundeun di tukang saperti ahiran. Conto gampang karakter "高" (luhur) keur nembongkeun opat sifat dasar dina kecap sifat Basa Jepang. Harti sejen tina kanji ("高", macana taka sarta hartina "luhur" dina unggal kasus), mibanda harti nu penting ku maca okurigana nu nuturkeun eta kanji.

高い (takai) 
Luhur (positip, ayeuna/isukan), hartina"Ieu mahal" atawa "Ieu luhur"
高かった (takakatta) 
Luhur (positip, kaliwat), hartina "Ieu kamari mahal/luhur"
高くない (takakunai) 
Luhur (negatip, ayeuna/isukan), hartina "Ieu teu mahal/luhur"
高くなかった (takakunakatta) 
Luhur (negatip, kaliwat), hartina "Ieu kamari teu mahal/luhur"

Kecap gawe dina Basa Jepang nuturkeun pola nu ampir sarua; akar hartina sacara ilahar digambarkeun ku make hiji atawa leuwih kanji dina kecap mimiti saterusna "tense", sangkalan, tata basa lemes, jeung basa sejenna digambarkeun ku nuturkeun okurigana.

食べる (taberu) 
dahar (positip, ayeuna/isukan, lemes langsung), hartina "[Kuring/anjeun/jst.] dahar"
食べない (tabenai) 
dahar (negatip, ayeuna/isukan, direct), hartina "[Kuring/anjeun/jst.] teu dahar"
食べた (tabeta) 
dahar (positip, kamari, langsung), hartina "[Kuring/anjeun/jst.] tos dahar"
食べなかった (tabenakatta) 
dahar (negatip, kamari, langsung), hartina "[Kuring/anjeun/jst.] can dahar"

Bandingkeun kecap gawe lemes langsung dina bentuk aya jarak, nu dituturkeun ku pola nu ampir sarua, tapi hartina nunjukeun aya jarak antara nu ngobrol jeung nu ngadengekeun:

食べます (tabemasu) 
tuang (positip, ayeuna/isukan, jarak lemes), hartina "[Grup abdi/grup anjeun] tuang"
食べません (tabemasen) 
tuang (negatip, ayeuna/isukan, distant), hartina "[Grup abdi/grup anjeun] teu tuang"
食べました (tabemashita) 
tuang (positip, kamari, jarak), hartina "[Grup abdi/grup anjeun] parantos tuang"
食べませんでした (tabemasen deshita) 
tuang (negatip, kamari, jarak), hartina "[Grup abdi/grup anjeun] teu acan tuang"

Kanji dua harti[édit | sunting sumber]

Okurigana dipake oge keur kanji nu ngabingungkeun nyaeta nu ngabogaan sababaraha cara maca. Kanji, hususna leuwih ilahar, bisa dipake keur kecap nu hartina (ilahar sarua) —tapi beda cara ngucapkeunna—konci okurigana disimpen sanggeus kanji mantuan nu maca keur nyaho harti jeung cara macana.

Conto nu kecap gawe ilahar ngabingungkeun nu make karakter "上" (naek) jeung "下" (turun):

上がる (agaru) 
"naekeun/nyiapkeun/ngalengkepan", numana 上 dibaca "a"
上る (noboru) 
"naek/ka luhur", numana 上 numana "nobo"
下さる (kudasaru) 
"mere [keur ka saluhureun]", numana 下 dibaca "kuda"
下りる (oriru) 
"turun/nurunkeun", numana 下 dibaca "o"
下がる (sagaru) 
"ngabayangkeun", numana 下 dibaca "sa"
話 (hanashi) 
ngobrol, kecap barang
話し (hanashi) 
ngobrol, bentuk kecap gawe, terus-terusan

Kementrian Pendidikan Jepang nerangkeun aturan cara make okurigana, dina praktekna loba pisan variasi, sabagean dina teks heubeul jeung online. Contona, ejaan standar kecap "kuregata" nyaeta 暮れ方, tapi kadang-kadang 暮方.

-->