Pérsija Jakarta

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Persija Jakarta

Pérsija (singgetan ti Persatuan Sepak Bola Indonesia Jakarta) nya éta hiji klub maén bal Indonésia anu di daérah Jakarta. Pérsija ayeuna maén di di Liga Super Indonésia.[1] Pérsija didirikeunn 28 Nopémber 1928, cikal bakal ngaranna Voetbalbond Indonesi Jakarta (VIJ). VIJ mangrupa salasahiji kalompok anu milu ngadegkeun Persatuan maén bal Sakumna Indonésia (PSSI) kalayan wawakil VIJ, Mr. Soekardi dina pembentukan PSSI di Societeit Hadiprojo Yogyakarta, Saptu 19 April 1930. Kalompok ieu meunangkeun perhatian anu gedé ti Gubernur Jakarta, Sutiyoso, anu mangrupa Pembina Persija. Jumplukan nu ngarojongna ngaranna The Jakmania. Ayeuna Persija dipingpin ku Ferry Paulus minangka Pupuhu Pérsija Jakarta.


Daptar eusi

[édit] Sajarah

Dina jaman Hindia Walanda, Pérsija ngaran mimitina nya éta VIJ (Voetbalbond Indonesische Jacatra).[2] Pasca-republik Indonésia balik ka wangun nagara kasatuan, VIJ baganti ngaran jadi Pérsija (Persatuan maén bal Indonésia Jakarta).[2] Dina waktu éta, NIVU (Nederlandsch Indisch Voetbal Unie) minangka organisasi tandingan PSSI masih aya.[2] Di sisi séjén, VBO (Voetbalbond Batavia en Omstreken) minangka bond (perserikatan) tandingan Pérsija ogé masih aya.[2]

sairing kalayan berdaulatna nagara Indonésia, NIVU daék henteu daék kudu bubar.[2] Meureun ieu ogé alatan sacara sosial pulitik geus henteu kondusif (ngarojong).[2] Kaayaan éta ahirna ngarémbét ka anggotana, diantarana nya éta VBO.[2] Dina pertengahan taun 1951, VBO ngayakeun pasamoan pikeun ngabubarkeun diri (likuidasi) sarta nganjurkeun manéhna pikeun ngagabung jeung Pérsija.[2] Dina perkembanganna, VBO ngagabung ka Persija.[2] Dina turnamén segitiga Bersahabat, gabungan pamaén bangsa Indonésia anu kagabung dina Persija "anyar" éta pahareup-hareup jeung Walanda sarta Tionghoa.[2] Ieu pisan hasilna: Persija (Indonésia) vs Walanda 3-3 (29 Juni 1951), Walanda vs Tionghoa 4-3 (30 Juni 1951), sarta Persija (Indonésia) vs Tionghoa 3-2 (1 Juli 1951).[2] Kabéh pertandingan lumangsung di lapang BVC Merdika Kidul, Jakarta.[2]


[édit] Préstasi

[édit] Perserikatan

  • Taun 1931, Jawara Perserikatan, minangka VIJ Jakarta (1)
  • Taun 1933, Jawara Perserikatan, minangka VIJ Jakarta (2)
  • Taun 1934, Jawara Perserikatan, minangka VIJ Jakarta (3)
  • Taun 1938, Jawara Perserikatan, minangka VIJ Jakarta (4)
  • Taun 1964, Jawara Perserikatan (5)
  • Taun 1973, Jawara Perserikatan (6)
  • Taun 1975, Jawara Perserikatan, babarengan kalayan PSMS Medan(7)
  • Taun 1977, Jawara Perserikatan (8)
  • Taun 1979, Jawara Perserikatan (9)
  • Taun 1990, Peringkat Ka-10 Perserikatan

[édit] Liga Indonésia

  • Taun 1994, Peringkat Ke-18 Divisi Utama Wewengkon Kulon
  • Taun 1995, Peringkat Ke-13 Divisi Utama Wewengkon Kulon
  • Taun 1996, Peringkat 11 Wewengkon Kulon
  • Taun 1998, Semifinalis
  • Taun 1999, Semifinalis
  • Taun 2001, Jawara Liga Indonésia
  • Taun 2002, 8 Badag Liga Bank Mandiri
  • Taun 2003, Peringkat 8 Liga Bank Mandiri
  • Taun 2004, Peringkat 3 Liga Bank Mandiri
  • Taun 2005, Runner-up Liga Indonésia
  • Taun 2006, Liga Indonésia 8 besar


[édit] Liga Super Indonésia

[édit] Piala Indonésia

  • Taun 2005, Runner-up Copa Indonésia
  • Taun 2006, Copa Indonésia Jawara 3
  • Taun 2007, Copa Indonésia Jawara 3

[édit] Internasional



[édit] Rujukan

  1. (id)[1](diakses tanggal 22 november 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l (id)[2](diakses tanggal 26 november 2011)
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa