PHS

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Standar
telepon mobil jeung data
Kulawarga GSM / UMTS
2G
3G
Pre-4G
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
2G
3G
Pre-4G
Tehnologi sejen
0G
1G
2G
Pre-4G
Pita frékuénsi


PHS singketan tina kecap-kecap basa Inggris Personal Handy-phone System nyaéta hiji sistem jaringan telekomunikasi mobil anu dijalankeun dina pita frékuénsi 1880-1930 MHz sarta digunakeun utaman di Jepang, Cina, Taiwan jeung sawatara nagara Asia lianna.

Ringkesan[édit | sunting sumber]

Téknologi[édit | sunting sumber]

PHS pada dasarna ngarupakeun telepon tanpa kabel saperti DECT, nu boga kamampu pikeun handover ti hiji sél ka sél lianna. Sél-sél PHS téh leutik, kalayan daya transmisi base stationna maksimum 500 mW sarta ngawengku wilayah sapuluh nepi ka ratusan méter (sabagian malah ngawengku nepi ka 2 kilométer dina jarak nu lempeng atawa line-of-sight), béda jeung wengkuan GSM nu nepi ka sababaraha kilométer. Hal ieu ngajadikeun PHS cocog pikeun daérah pakotaan anu padet, tapi henteu praktis pikeun daérah padésaan, sarta ukuran sél nu leutik ogé ngajadikeun PHS hésé atawa henteu mungkin dipaké pikeun nelepon dina kandaraan anu bagerak kalayan gancang.

PHS di Jepang dina taun 1997-2003
(Willcom- NTT DoCoMo- ASTEL)

PHS maké cara aksés pilah waktu TDMA/TDD pikeun métoda aksés kanal radiona, jeung ADPCM 32 kbit/det pikeun codec sorana. Telepon PHS modéren ogé bisa méré rupa-rupa layanan niléy-tambah saperti sambungan data / Internét tanpa kabel nu lajuna gancang (64 kbit/s jeung saluhureunana), aksés WWW, ngirim é-mail, pesen téks katut pamindahan gambar warna.

Téknologi PHS ogé ngarupakeun pilihan nu populér pikeun nyadiakeun wireless local loop, ni digunakeun pikeun ngeusian kosongna jaringan antara POTS jeung imah langganan.

Pamakéan[édit | sunting sumber]

PHS munggaran dimekarkeun ku laboratorium NTT Jepang dina taun 1989. Ieu téknologi jauh leuwih gampang dilaksanakeun manan sistem pasaingna saperti PDC atawa GSM. Layanan komérsialna dimimitian ku 3 operator PHS (NTT-Personal, DDI-Pocket jeung ASTEL) di Jepang dina taun 1995. Sanajan kitu, ieu layanan geus dibéré cap "telekomunikasi sélulér jelema miskin (poor man's cellular)", lantaran kakurang dina kamampuh wengkuan jeung roaming. Pangsa pasar PHS di Jepang mimiti ngurangan; NTT DoCoMo, nu nawarkeun NTT Personal, katut ASTEL keur mungkas layananana. Sawatara nagara lianna malah geus mungkas layanan PHS sarta pindah ka GSM.

Tapi PHS malah ngahangkeut di pasar-pasar telekomunikasi di Cina, Taiwan, Viétnam, Banglades, Nigeria, Mali, Tanzania jeung Honduras lantaran waragad pangwangunan jaringan PHS nu saeutik (kira-kira 20% ti waragad jaringan GSM) geus narik haté para operator. Sistem wireless local loop (WLL) nu didasarkeun kana téknologi PHS kiwari dipaké ku nagara-nagara kasebut. Di Cina, jumlah pamaké téknologi PHS ngaronjat nepi ka taun 2005, tapi mimiti turun jumlahna dina taun 2006. Di Cili, Telefónica del Sur dina bulan Maret 2006 nawarkeun layanan telepon nu dumasar kana PHS di sawatara kota di bagian kidul nagara kasebut. Di Brazil, Suporte Tecnologia nawarkeun layanan telepon dumasar PHS di Betim, nagara bagian Minas Gerais sarta Transit Telecom mimiti masang jaringan PHS dina taun 2007.

Layanan roaming PHS sacara global bisa lumangsung anatara Jepang (WILLCOM), Taiwan jeung Thailand.

Jumlah pamaké dina lingkup internasional[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]