Pajeg

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kauangan Publik
Assorted United States coins.jpg
Artikel ieu mangrupakeun bagean tina seri:
Kauangan jeung Perpajegan
Perpajegan
Pajeg panghasilan  ·  Payroll tax
CGT ·  Stamp duty  ·  LVT
Sales tax  ·  VAT  ·  Flat tax
Tax, tariff and trade
Tax haven
Tax incidence
Tax rate  ·   Proportional tax
Pajeg progrésif  ·   Regressive tax
Tax advantage

Kawijakan ékonomi
Monetary policy
Bank séntral  ·   Money supply
Standar emas
Kawijakan fiskal
Spending  ·   Deficit  ·   Debt
Policy-mix
Kawijakan perdagangan
Tarip  ·   Trade agreement
Kauangan
Financial market
Financial market participants
Corporate  ·   Personal
Public  ·   Regulation
Perbankan
Fractional-reserve
Full-reserve  ·   Free banking
Islam

 temposawalaédit  project

Pajeg numutkeun Undang-Undang RI Nomer 28 taun 2007 ngeunaan Parubahan Katilu UU Nomer 6 taun 1983 ngeunaan Katangtuan Umum jeung Tatacara Pamajegan nyaéta paméré nu dikudukeun (wajib) ka nagara nu diitung jadi hutang nu sipatna bisa dipaksakeun ka diri pribadi atawa unit usaha nu didadasaran ku Undang-Undang, anu éta paméré téh henteu ngabalukarkeun ayana paméré/imbalan langsung ti nagara jeung éta paméré nu diwajibkeun téh digunakeun keur kaperluan nagara pikeun kamakmuran nu panghadéna ka rahayat.

Aya oge harti pajeg nu dikedalkeun ku Prof. Dr Andriani dimana pajeg dihartikeun jadi iuran ka nagara nu didadasaran ku Undang-undang nu dianggep hutang ka nu diwajibkeun mayar anu nagihna bisa dipaksakeun jeung henteu nampa imbalan langsung kanu mayarna, sarta ieu pajeg gunana keur beaya umum pikeun ngajalankeun pamarentahan sarta ngalaksanakeun pangwangunan nasional nu kontinyu (terus-terusan).

Tujuan diterapkeun pajeg[édit | sunting sumber]

Numutkeun Kath Ninghtingale dina Pamajegan - Teori jeung Prakték, aya sababaraha tujuan nu jadi cukang dijieun jeung diterapkeun pajeg di hiji nagara, diantarana:

  • 1. Keur ngamodalan barang jeung fasilitas keur umum, balaréa (publik)teu ngabédakeun saha-sahana, misalna baé ngamodalan jambatan, pakarang keur perang;
  • 2. Keur ngabagi panghasilan jeung kakayaan ti nu leuwih boboga ka nu teu boga atawa kakurangan;
  • 3. Keur ngadukung karaharjaan sosial jeung ékonomi ka sabagéan ti balaréa, teu kabéh nampa mangpaatna, misalna baé jaminan kaséhatan keur orok, jompo;
  • 4. Jadi alat ngatur (régulasi) keur ngadukung stabilitas ékonomi, ieu tumali jeung kawijakan ékonomi upamana pajeg keur ngatur tingkat inflasi.

Kobong Pajeg[édit | sunting sumber]

Ogé ceuk Nightingale pajeg bisa dikobongkeun (klasifikasi) jadi 4 kobong, nyaéta:

  • Numutkeun Dadasar (basis)nu ngawengku: (1) Pajeg Panghasilan - jalma pribadi jeung pausahaan; (2) Pajeg Modal - panambahan modal jeung warisan; (3) Pajeg konsumsi - pajeg panambahan niléy (PPN) jeung béa.
  • Langsung / Teu Langsung, nu hartina yén pajeg langsung téh diterapkeun langsung ka jinisna (jalma/pausahaan) contona baé pajeg panghasilan nu langsung majeg panghasilan atawa pajeg warisan nu langsung majeg warisan. Lamun pajeg teu langsung mah diterapkeunana maké perantara nu ilahar disebut pihak nu mungut, contona baé pajeg panambahan niléy (PPN).
  • Unit/ad valorem, dimana unit mah pajeg nu pakait jeung volume, jumlah nu dipajegan, sedengkeun ad valorem nangtukeun pajeg ka niléy nu dipajegan, misalna baé panghasilan nepi ka watas A dipajeg 10%, nepi ka wates B dipajeg 15% jst.
  • Distribusi beban pajeg, nyaéta nangtukeun gedéna pajeg nu jadi beban, nyaéta: (1) progressive mun tarif pajeg lewih gedé, naék terus mun nu dipajeg niléyna naék terus ogé; (2) proporsionalmun tarif pajeg gedéna saimbang jeung kanaékan nu dipajeg; (3) regressive" mun tarif pajeg turun lamun nu dipajeg naék niléyna (kabalikan ti progressive")

Pajeg di Indonésia[édit | sunting sumber]

Pajeg di Indonésia dibédakeun jadi pajeg pamaréntah puseur nu ngawengku saindonesia. Lain ti éta aya ogé pajeg daérah nu dijieun jeung diterapkeun ngan di daérahna sewang-sewangan nu mindeng disebut rétribusi, pajeg pangwangunan daérah. Kawenangan mungut jeung ngokolakeun pejeg pamarentah puseur dilaksanakeun ku Departemen Keuangan.

Pajeg pamaréntah pusat aya 3 rupa, nyaéta:

  • Pajeg Panghasilan nu diatur dina UU No. 17 taun 2000 ngeunaan Parubahan Katilu UU No. 7 taun 1983 ngeunaan Pajeg Panghasilan taun 1994
  • Pajeg Panambahan Niléy (PPN) nu diatur dina UU No. 8 taun 1983 ngeunaan PPN jeung Pajeg Panjualan Barang Méwah (PPnBM) sakumaha nu Dirobah ku UU No. 11 taun 1994
  • Pajeg Tanah jeung Wangunan

Sistem pamajegan di Indonesia make sistem self assessment, nu hartina masyarakat sorangan nu kudu aktif ngalaksanakeun kawajiban pajegna nu dumasar kana Undang-undang jeung paraturan pamajegan. Masyarakat sorangan nu kudu boga inisiatif ngadaftarkeun sorangan pikeun ngabogaan Nomor Pokok Wajib Pajeg (NPWP), ngitung sorangan jumlah kawajiban pajegna, nyetorkeun sorangan jumlah pajeg nu kudu dibayar ka bank nu geus ditangtukeun, jeung ngalaporkeun pajeg nu disetor ka Direktorat Jenderal Pajeg (DJP). Jadi beda pisan jeung sistem official dimana dina ieu sistem masyarakat karek bisa nyetor pajeg nu jadi kawajibanana sanggeus kantor pajeg nangtukeun sabaraha pajeg nu jadi kawajiban jeung kudu disetorkeun.

Istilah Pamajegan nu Sering Dipake[édit | sunting sumber]

Dihandap ieu aya sababaraha istilah pamajegan nu sering dipake, dicutat tina Pasal 1UU Katangtuan Umum & Tatacara Pamajegan nyaeta:

  • 1. Pajeg nyaeta sumangan/kontribusi wajib ka nagara anu jadi hutang ka jalma pribadi atawa "badan" anu boga sipat ngamaksa dumasar UU kalawan henteu meunangkeun imbalan sacara langsung sarta dipaké pikeun kaperluan nagara pikeun sagedé-gedéna kamakmuran rahayat;
  • 2. Wajib Pajeg (WP) nyaeta jalma pribadi atawa badan, ngawengku nu mayar pajeg, pamotong pajeg, sarta pamungut pajeg, anu miboga hak sarta kawajiban pamajegan luyu jeung katangtuan aturan perundang-undangan pamjegan;
  • 3. Badan nyaéta sakumpulan jalma sarta/atawa modal anu mangrupa kahijian boh anu ngalakonan usaha boh nu henteu ngalakonan usaha anu ngawengku perseroan kawates, perseroan komanditer, perseroan séjénna, badan usaha milik nagara atawa awak usaha milik wewengkon kalawan ngaran sarta dina wangun naon ogé, firma, kongsi, koperasi, dana pangsiun, persekutuan, perkumpulan, yayasan, organisasi massa, organisasi sosial pulitik, atawa organisasi séjénna, lembaga sarta wangun awak séjénna kaasup kontrak investasi kolektif sarta wangun usaha tetep keur ngadukung karaharjaan;
  • 4. Pangusaha nyaéta jalma pribadi atawa badan dina wangun naon ogé anu dina kageatan usaha atawa pagawéanana ngahasilkeun barang, ngaimpor barang, ngaekspor barang, ngalakonan usaha perdagangan, ngamangpaatkeun barang henteu berwujud ti luar wewengkon pabean, ngalakonan usaha jasa, atawa ngamangpaatkeun jasa ti luar wewengkon pabean;
  • 5.Pangusaha Keuna Pajeg (PKP) nyaéta pangusaha anu ngalakonan seserahan barang keuna pajeg sarta/atawa seserahan jasa keuna pajeg anu dikeunaan pajeg dumasar kana undang-undang Pajeg Pertambahan Niley (PPN) 1984 sarta parobahanana;
  • 6.Nomer Poko Wajib Pajeg (NPWP) nyaéta nomer anu dibikeun ka Wajib Pajeg minangka sarana dina administrasi perpajakan anu dipaké minangka tanda pengenal diri atawa identitas Wajib Pajeg dina ngalaksanakeun hak sarta kawajiban pamajegan;
  • 7.Mangsa pajeg nyaéta jangka waktu anu jadi dasar pikeun Wajib Pajeg pikeun ngitung, yetor, sarta ngalaporkeun pajeg anu kapihutang dina hiji jangka waktu nu tangtu sakumaha ditangtukeun dina undang-undang ieu;
  • 8.Warsih pajeg nyaéta jangka waktu 1 (hiji) warsih kalender kajaba lamun Wajib Pajeg ngagunakeun warsih buku anu henteu sarua jeung warsih kalender;
  • 9.Bagian warsih pajeg nyaéta bagian ti jangka waktu 1 (hiji) warsih pajeg;
  • 10.Pajeg anu terutang nyaéta pajeg anu kudu dibayar dina hiji waktu, dina mangsa pajeg, dina warsih pajeg, atawa dina bagian warsih pajeg luyu jeung katangtuan aturan perundang-undangan perpajakan;
  • 11. Surat Béja (SPt) nyaéta surat anu ku wajib pajeg dipaké pikeun ngalaporkeun penghitungan sarta/atau pembayaran pajeg, objek pajeg sarta/atau lain objek pajeg, sarta/atau harta sarta kawajiban luyu jeung katangtuan aturan perundang-undangan perpajakan;
  • 12. Surat Béja Massa (SPT Massa) nyaéta surat béja pikeun hiji mangsa pajeg;
  • 13. Surat Béja Taunan (SPT Taunan) nyaéta surat béja pikeun hiji warsih pajeg atawa bagian warsih pajeg;
  • 14. Surat Setoran Pajeg (SSP) nyaéta bukti mayar atawa setoran pajeg anu geus dipigawé kalawan ngagunakeun formulir atawa geus dipigawé ku cara séjén ka kas nagara ngaliwatan tempat keur mayar anu geus ditangtukeun ku Menteri Kaduitan;
  • 15. Surat Katetapan Pajeg (SKP) nyaéta surat katetapan anu ngawengku surat katetapan pajeg kurang bayar, surat katetapan pajeg kurang bayar tambahan, surat katetapan pajeg nihil, atawa surat katetapan pajeg leuwih bayar;
  • 16. Surat Ketetapan Pajeg Kurang Bayar (SKPKB) nyaéta surat ketetapan pajeg anu nangtukeun badagna jumlah poko pajeg, jumlah kredit pajeg, jumlah kakurangan pamayaran poko pajeg, badagna hukuman administrasi, sarta jumlah pajeg anu masih keneh kudu dibayar;
  • 17. Surat Ketetapan Pajeg Kurang Bayar Tambahan (SKPKBT) nyaéta surat ketetapan pajeg anu nangtukeun tambahan kana jumlah pajeg anu geus ditetepkeun;
  • 18. Surat Ketetapan Pajeg Nihil (SKPN) nyaéta surat ketetapan pajeg anu nangtukeun jumlah poko pajeg anu sarua badagna eujeung jumlah kredit pajeg atawa pajeg henteu terutang sarta euweuh kredit pajegna;
  • 19. Surat Ketetapan Pajeg Leuwih Bayar (SKPLB) nyaéta surat ketetapan pajeg anu nangtukeun jumlah kaleuwihan pamayaran pajeg alatan jumlah kredit pajeg leuwih badag batan pajeg anu terutang atawa sakuduna teu terutang;
  • 20. Surat Tagihan Pajeg (STP) nyaéta surat pikeun ngalakonan tagihan pajeg sarta/atawa hukuman administrasi mangrupa bunga sarta/atawa denda;
  • 21. Surat Paksa (SP) nyaéta surat paréntah mayar sambetan pajeg sarta waragad panagihan pajeg;
  • 22. Kredit Pajeg (KP) pikeun pajeg panghasilan nyaéta pajeg anu dibayar sorangan ku wajib pajeg ditambah kalawan poko pajeg anu terutang dina surat tagihan pajeg alatan pajeg panghasilan dina hiji warsih nu geus jalan henteu atawa kurang dibayar, ditambah jeung pajeg anu dipotong atawa dipungut, ditambah jeung pajeg kana panghasilan anu dibayar atawa terutang di luar nagari, dikurangi jeung pangbalikan tihareup tina kaleuwihan pajeg, anu dikurangkan ti pajeg anu terutang;
  • 23. Kredit Pajeg pikeun Pajeg Panambahan Niley nyaéta pajeg asupan anu bisa dikreditkan sanggeus dikurangkeun kalawan mulangkeun kaleuwihan pajeg nu disetor tiheula atawa sanggeus dikurangi pajeg anu geus dikompensasikeun, anu dikurangkeun ti pajeg anu terutang;
  • 24. Pagawéan bébas nyaéta pagawéan anu dipigawé ku jelema pribadi anu miboga kaahlian husus minangka usaha pikeun meunang pangasilan anu henteu kaiket ku hiji hubungan gawé;
  • 25. Pamariksaan nyaéta sauntuyan kageatan ngahimpun sarta ngokolakeun data, katerangan, sarta/atawa bukti anu dilaksanakeun sacara objektif sarta profésional dumasar kana hiji standar pamariksaan pikeun nguji kapatuhan nyumponan kawajiban pamajegan sarta/atawa pikeun tujuan séjén dina raraga ngalaksanakeun katangtuan aturan perundang-undangan perpajakan;
  • 26. Bukti permulaan nyaéta kaayaan, gawéna, sarta/atau bukti mangrupa katerangan, tulisan, atawa barang anu bisa mikeun pituduh ayana dugaan kuat yén keur atawa geus lumangsung hiji tindak pidana di widang pamajegan anu dipigawé ku saha waé anu bisa ngabalukarkeun rugi dina pendapatan nagara;
  • 27. Pamariksaan bukti permulaan nyaéta pamariksaan anu dipigawé pikeun meunangkeun bukti permulaan ngeunaan ayana dugaan geus lumangsung lampah pidana di widang pamajegan;
  • 28. Pananggung pajeg nyaéta jelema pribadi atawa badan anu tanggung jawab dina mayaran pajeg, kaasup wawakil anu ngajalankeun hak sarta nyumponan kawajiban wajib pajeg luyu jeung katangtuan aturan perundang-undangan pamajegan;
  • 29. Pembukuan nyaéta hiji prosés pencatatan anu dipigawé sacara teratur pikeun ngumpulkeun data sarta informasi kaduitan anu ngawengku harta, kawajiban, modal, pangasilan sarta waragad, sarta jumlah harga perolehan sarta penyerahan barang atawa jasa, anu ditutup kalawan nyusun laporan kaduitan mangrupa neraca, sarta laporan laba rugi pikeun période warsih pajeg kasebut;
  • 30. Panalungtikan nyaéta sauntuyan kageatan anu dipigawé pikeun meunteun kalengkapan ngeusian surat béja sarta lampiran-lampiranana kaasup pameunteunan ngeunaan kabenaran panulisan sarta panghitunganana;
  • 31. Penyidikan lampah pidana diwidang pamajegan nyaéta sauntuyan tindakan anu dipigawé ku penyidik pikeun néangan sarta ngumpulkeun bukti anu jeung bukti éta nyieun caang lampah pidana di widang pamajegan anu lumangsung sarta manggihan kasangkana;
  • 32. Penyidik nyaéta pajabat pagawé nagari sipil nu geus ditangtukeun di lingkungan direktorat jenderal pajeg anu dibéré wewenang husus minangka penyidik pikeun ngalakonan penyidikan lampah pidana di widang pamajegan luyu jeung katangtuan aturan perundang-undangan;
  • 33. Surat kaputusan pembetulan nyaéta surat kaputusan anu ngabenerkeun deui kasalahan tulis, kasalahan ngitung sarta/atawa kakaliron nerapkeun katangtuan nu tangtu dina aturan perundang-undangan pamajegan anu aya dina surat katetapan pajeg, surat tagihan pajeg, surat kaputusan pembetulan, surat kaputusan kabeuratan, surat kaputusan pangurangan hukuman administrasi, surat kaputusan panghapusan hukuman administrasi, surat kaputusan pangurangan katetapan pajeg, surat kaputusan pangabatal katetapan pajeg, surat kaputusan pangbalikan ti heula tina kaleuwihan pajeg, atawa surat kaputusan pamerean imbalan bunga;
  • 34. Surat Kaputusan Kabeuratan nyaéta surat kaputusan ngeunaan kabeuratan kana surat ketetapan pajeg atawa ka pamotongan atawa pamungutan ku pihak katilu anu diajukan ku wajib pajeg;
  • 35. Putusan Banding nyaéta putusan badan peradilan pajeg ngeunaan banding nu tumali jeung surat kaputusan kabeuratan anu diajukan wajib pajeg;
  • 36. Putusan Gugatan nyaéta putusan badan peradilan pajeg ngeunaan gugatan kana hal-hal anu dumasar tina katangtuan aturan perundang-undangan pamajegan nu bisa diajukeun gugatan;
  • 37. Putusan Peninjauan Balik nyaeta putusan Mahkamah Agung keur permohonan paninjauan balik anu diajukan ku wajib pajeg atawa ku diréktur jenderal pajeg tumali jeung putusan banding atawa putusan gugatan ti badan paradilan pajeg;
  • 38. Surat Kaputusan Pangbalikan Pendahuluan Kaleuwihan Pajeg nyaéta surat kaputusan nangtukeun jumlah pangbalikan pendahuluan kaleuwihan pajeg pikeun wajib pajeg nu ditangtukeun;
  • 39. Surat Kaputusan Pemberian Imbalan Bunga nyaéta surat kaputusan nangtukeun jumlah imbalan bunga anu kudu dibikeun ka wajib pajeg;
  • 40. Tanggal Dikirim nyaéta tanggal stempel pos pangiriman, tanggal faksimili, atawa dina hal ditepikeun sacara langsung nyaéta tanggal dina waktu surat, kaputusan, atawa putusan ditepikeun sacara langsung;
  • 41. Tanggal Ditarima nyaéta tanggal stempel pos pangiriman, tanggal faksimili, atawa dina hal ditarima sacara langsung nyaéta tanggal dina waktu surat, kaputusan, atawa putusan ditarima sacara langsung;

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Cutatan[édit | sunting sumber]

1. UU RI Nomer 28 taun 2007 ngeunaan Parubahan Katilu UU RI No. 6 taun 1983 ngeunaan Katangtuan Umum jeung Tatacara Pamajegan (Lembaran Nagara RI taun 2007 Nomer 85 jeung Tambahan Lembaran Nagara Nomer 4740)

2. Pamajegan-Teori jeung Praktek, Kath Nightingale, Financial Times - Prentice Hall, Edisi ka-3, 2000

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Nulis.jpg