Pakasaban

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
patani
pamayang
tukang dagang
kebojengkeng
jururawat

Pakasaban atawa Patukangan nya éta pagawéan anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé. [1]

Pakasaban Urang Sunda[édit | sunting sumber]

Mayoritas pakasaban masarakat Sunda minangka patani, nambang keusik, sarta ngahuma.[2] Nepi ka abad ke-19, loba ti masarakat Sunda anu ngahuma ku cara pundah-pindah. Di kota mah, loba urang Sunda anu gawéna jadi buruh pabrik, pagawé nagari, sarta jadi pembantu.[2] Anu sok dagang kuriling loba ogé dilakonan ku masarakat Sunda, utamana asal Tasikmalaya sarta Garut. Maranéhanana loba ngajual rupa-rupa perabotan rumah tangga.[2] Pakasaban anu pokok di masarakat sunda téh aya 3, nya éta :

  • Dina widang pakebonan, diantarana pepelakan téh, kalapa sawit, karet, jeung kina.[2]
  • Dina widang tatanén, saperti paré, palawija, jeung sayur-sayuran.[2]
  • Dina widang perikanan, saperti pamayang, tambak udang, jeung perikanan ikan.[2]

Salian tani, aya ogé anu pakasabanana jadi tukang dagang, pengrajin, jeung peternak.[2]

Istilah-stilah Pakasaban[édit | sunting sumber]

  • Amil nya éta tukang nguruskeun saniskara nu aya patalina jeung perkara agama di dèsa, disebut ogè lebè.[1]
  • Anjun nya èta tukang nyieun barang gagarabah (alat-alat dapur) tina taneuh.[1]
  • Badaya nya éta tukang ngigel (biasana awéwé), di karaton atawa di kabupatén, igelna ogé igel badaya.[1]
  • Baluk nya éta awéwé tukang dagang ngider.[1]
  • Baramaén nya éta tukang jajaluk. ilikan jajaluk /musafir.[1]
  • Bas nya éta tukang kai atawa tukang nyieun wawangunan (imah).[1]
  • Béngkong nya éta tukang nyunatan (paraji sunat).[1]
  • Bujangga nya éta pangarang jeung ahli dangding nu mashur lantaran hasil-hasil karyana, ahli basa / sastra (ahli pikir nu palinter).[1]
  • Candoli nya èta tukang ngajaga jeung mèrèan sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan (biasana awèwè).[1]
  • Dalang nya èta 1.tukang ngalalakonkeun carita carita wayang; 2. pamingpin rombongan réog,calung,jsb.[1]
  • Dokter nya éta ahli ngubaran kasakit lulusan paguron luhur.[1]
  • Dukun nya éta tukang ngubaran kasakit ku jampé,urut,atawa ku padika anu bèda jeung dokter.[1]
  • Gending nya èta tukang ngieun parabot tina kuningan, hususna tatabeuhan saperti gamelan, jeung sajabana.[1]
  • Indung beurang nya èta tukang ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok (biasana awéwé), disebut ogé paraji.[1]
  • Jagal nya éta tukang mencit munding,sapi jeung sajabana.[1]
  • Jobong nya éta awéwé nu nampa bayaran tina hubungan séxs di luar nikah.[1]
  • Jurualok nya éta tukang ngeuyeub-ngeuyeub kawih atawa kakawihan.[1]
  • Jurubayar nya éta tukang ngabagikeun duit bayaran ka anu hak nampana.[1]
  • Juruladén nya éta tukang ngalayanan anu balanja di toko.[1]
  • Jurumudi nya éta tukang ngamudikeun kapal laut.[1]
  • ppJurupantun]] nya éta tukang nyarita atawa ngadongéng diselang-selang ku ngawih bari nabeuh kacapi.[1]
  • Kabayan nya èta tukang 1.ngajaga pasèban (baheula);2.tukang ngaladènan dina hajatan.[1]
  • Kajineman nya èta tukang ngajaga sakitan,mandor sakitan.[1]
  • Kamasan nya èta tukang nyieun perhiasan tina emas atawa pèrak.[1]
  • Kebojèngkéng nya éta tukang ngagusur padati.[1]
  • Koki nya éta tukang ngieun kaolahan,juru masak.[1]
  • Kulaér nya éta kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung.[1]
  • Kuncén nya éta tukang ngurus kuburan.[1]
  • Malim nya éta tukang meruhkeun sasatoan galak.[1]
  • Mandor nya éta tukang nalingakeun jeung ngatur pagawé.[1]
  • Modin nya éta tukang adan.[1]
  • Pamayang nya éta tukang ngala lauk di laut.[1]
  • Nayaga nya éta tukang nabeuh gamelan.[1]
  • Panday nya éta tukang ngieun barang/parabot tina besi.[1]
  • Paraji nya éta tukang nyunatan atawa tukang nulungan nu ngajuru.[1]
  • Patani nya éta tukang ngagarap taneuh supaya kaala hasil tatanenna.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.
  2. a b c d e f g (id)Rosyadi. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak. CV Manfada Utama. Bandung 2000.


Nulis.jpg