Pamangfaatan tanaga nuklir

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Pamangfaatan nuklir pikeun kaséhatan

Pamangfaatan tanaga nuklir mangrupa sumber radiasi geus loba dina rupa-rupa widang kagiatan di Indonésia. Sumber radiasi nu dimaksud nyaéta mangrupa zat radioaktif atawa pakarang nu ngahasilkeun radiasi nu sarupa jeung radiasi sinar-X (rongent) di rumah sakit. Nu kalingkup pamangfaatan dina tulisan ieu di antarana pamangfaatan dina widang kasehatan, industri, panalungtikan, pangajaran jeung sajabana.

Rupa pamangfaatan:

  1. Radiografi, nyaéta ngamangfaatkeun sifat radiasi nu bisa nembus bahan atawa jasad manusa. Aya dua rupa pamangfaatan nyaéta: a) Radiografi Industri, ngagunakeun sinar-X keur kaperluan jasa sertifikasi kualitas barang atawa keur kaperluan kaamanan dina panalungtikan (pamariksaan) bagasi panumpang kapal udara; b) Radiografi keur kaséhatan, sinar-X dipaké keur kaperluan diagnosa atawa keur kaperluan terapi dokter dina nangtukeun jeung nyageurkeun sababaraha panyakit
  2. Analisis, ngagunakeun sinar-X nu énergina leutik keur analisis kualitatif atawa kuantitatif kandungan unsur atom dina conto (sample).
  3. Gauging, ngagunakeun sinar gamma nu kaluar tina zat radioaktif misalna Co-60 atawa Cs-137 keur rupa-rupa pangukuran, misalna ngukur kakandelan keretas di pabrik keretas. Pangukuran kandel dipaké sacara online dina prosés produksi keur ngadalikeun mesin dina ngatur kandel supaya tetep kandelna numutkeun kahayang pangguna.
    Pamangfaatan nuklir pikeun ngukur sipat hiji fluida (cairan).
  4. Logging, ngagunakeun dua rupa zat radioaktif nu ngaluarkeun sinar gama jeung neutron. Sumber gama bisa ti Cs-137, sedengkeun sumber neutron biasana mangrupa Am-Be. Téknik logging biasa dipaké dina widang éksplorasi minyak nyaéta keur nangtukeun lapisan minyak jeung lapisan cai dina sumur bor.
  5. Irradiator, ngagunakeun sinar gama ti zat radioaktif Co-60 nu aktivitasna gedé, ratusan kilocurie (keur babandingan, téknik gauging ngan 30 milicurie, kilo hartina 1000 sedengkeun mili hartina 1/1000). Téknik iradiasi dipaké keur ngawétkeun rupa-rupa bahan/dahareun, misalna béas, tarigu, jagong jrrd. Téknik ieu dipaké ogé keur stérilisasi alat-alat kadokteran vulkanisasi, polimérisasi.
Iradiator gamma komérsial

Salian ti pamangfaatan di luhur, tanaga nuklir ogé bisa dimangfaatkeun keur kaperluan tanaga listrik. Sifat nu dipaké dina rupa pamangfaatan keur tanaga listrik ieu nyaéta sifat tanaga nuklir nu bisa ngahasilkeun panas. Panas nu dihasilkeun saba’da prosés pamisahan inti atom uranium diobah jadi listrik maké alat nu disebut turbo generator. Atom uranium dibeulah di hiji tempat nu sebut réaktor nuklir. Prosés beulahna inti atom uranium nu terus pisah jadi inti atom lain di réaktor disebut réaksi inti. Nu jadi cukang lantaran prosés réaksi inti euweuh lian ku ayana hiji partikel nu disebut neutron. Neutron téh salah sahiji sumber radiasi saperti sinar gamma, sinar beta jeung sinar alpha nu di kaluarkeun ku atom nu heunteu stabil. Atom nu heunteu stabil disebutna radioisotop atawa radioaktif atawa sumber radiasi nu mangfaatna dipedar di luhur.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Seri Informasi Keselamatan Nuklir, Penyulhan Peraturan Perundangan Keselamatan Nuklir, Badan Pengawas Tenaga Nuklir, 2003
  2. US-Nucléar Regulatory Commission, www.us-nrc.org