Pandan
| Pandan (Pandanus) | |
|---|---|
| Pandanus utilis dengan buahnya. | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Liliopsida |
| Order: | Pandanales |
| Family: | Pandanaceae |
| Genus: | Pandanus Parkinson |
Pandan nya éta rupa tangkal monokotil tina genus Pandanus.[1] Tangkalna jangkung aya nu nepi ka 11 m.[1] Watangna lempeng, buleud, régangna monopodial.[1] Daunna nunggal, lansét, sisina régé-régé, tungtungna seukeut, tulangna sajajar, panjangna 75 nepi ka 90 senti, lebarna 3-5 senti, warnana héjo.[1] Pandan nya éta jenis tutuwuhan anu geus lila dimangpaatkeun ku masarakat Indonesia pikeun rupa-rupa kaperluan, ti mimiti pikeun bungbu dapur, bahan ubar, nepi ka kaperluan acara agama.[2]
Jenis pandan anu mindeng dipaké pikeun bahan baku nyieun samak nya éta Pandanus tectorius, P. odoratissimus, P. dubius sarta P.furcatus.[2] Cacak sapanjang sisi daunna cucukan, tapi jenis ieu mah liat sarta teu babari pites alatan serat trakeidna panjang.[2] Pandan seungit (P.amaryllifolius) mangrupa hiji-hijina pandan anu miboga daun anu seungit sarta miboga hasiat pikeun dijadikeun ubar.[2] Pandanin nya éta senyawa anu diékstrak tina pandan seungit ieu miboga hasiat minangka antivirus ka virus anu narajang manusa, contona virus herpés sarta virus influenza.[2] Aya sawatara jenis pandan anu geus dipaké minangka pepelakan hiasan alatan miboga wangun unik atawa ahéng, diantarana P. dubius, P.tectorius cv sanderi, P. spurius cv putat, sarta P. utilis.[2]