Paray

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Paray
Paray, Rasbora argyrotaenia, ti Prembun, Tambak, Banyumas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
R. argyrotaenia
Ngaran binomial
Rasbora argyrotaenia
(Bleeker, 1850)
Sinonim
  • Leuciscus argyrotaenia Bleeker 1850[1] (basionym)
  • Leuciscus cyanotaenia Bleeker 1850
  • Leuciscus Schwenki Bleeker 1858
  • Rasbora everetti Boulenger 1895
  • Rasbora Vaillantii Popta 1905
  • Rasbora Buchanani Duncker 1904

Paray (Rasbora argyrotaenia) nyaéta lauk leutik tina kulawarga ''Cyprinidae'' runtuyan tina Rasborinae. Paray loba kapanggih disusukan, kamalir sawah, jeung tempat séjén anu mibanda cai ngalir tapi teu nyéot. Paray mibanda ngaran atawa sesebutan anu béda di unggal daérah, saperti di Jawa paray téh katelahna wader pari, lunjar pari, lunjar andong, urang Batawi nyebutna cecereh, lauk cere, di Sumatra disebutna pantau, seluang .[2] disabudeureun situ/ Danau Maninjau ieu lauk disarebut bada (badar)[3]

Paray katiténan loba ogé kapanggih di pulo Sunda Gedé (Sumatra, Jawa, Kalimantan), Semenanjung Malaya, jeung Filipina[4]. Kitu ogé dina susukan-susukan anu aya di wewengkon Mekong, Chao Phraya jeung Mae Khlong[5]. Paray jadi salah sahiji lauk anu dipikaresep pikeun didahar[6].

Pedaran[édit | édit sumber]

Paray anakna kénéh, 19mm SL

Paray kasebut lauk leutik ku lantaran panjang awakna ngan nepika kurang leuwih 170 mm[2]. lamun ditempo ti luhur sisit anu aya dina tonggong lauk paray semu coklat jeung ming-miang ka héjo beulah pundukna (dorsal) sedengkeun sisit anu aya dina beuteungna mah bodas kawas pérak kitu ogé palebah beuteung beulah handapna (ventral), Palebah beuteung kénca jeung katuhuna aya polét hideung ngagurat ti mimiti asang nepika buntutna, Kongkolak panonna ogé kelina pérak; cécépét-cécépét kelirna hérang, Kajaba palebah buntutna semu konéng.[7]

Wangun cécépét/susuri palebah tonggongna (dorsal) II.7, tayalian ayana dua ramo cucuk anu heuras dituluykeun ku tujuh ramo anu laleuleus. Susuri/cécépét palebah bujurna III.5; palebah harigu/dada(pectoral) I.12-13; palebah beuteungna (ventral) II.7; sisit palebah guratan (linea lateralis) kurang leuwih aya kana 29-30 siki.[2] Batang ekor (peduncle) dikelilingi 14 sisik; antara gurat sisi dengan awal cécépét perut di antarai oleh 1-1½ sisik.[4]

Tempat hirup jeung mangpaatna[édit | édit sumber]

Paray didagangkeun di pasar

Paray utamana loba kapanggih dina situ, Susukan anu caina henteu nyéot teuing. Kapanggihan ogé dina kamalir sawah, aya ogé disusukan anu loba batu tur caina henteu pati tarik. Sakapeung paray sok saru jeung spesies (Rasbora) atawa paray (Puntius) ku alatan mibanda wangun jeung kabiasaan dina hirup anu sarua. Kahakanan paray di susukan sarupaning lauk leutik, anak laron (hurang leutik), serangga, jeung sajabana sabangsaning sato leutik[6].

Paray jeung sabangsana mangrupa lauk anu ilahar didahar, malahan disababraha lestoran di jawa kulon, goréng lauk paray téh mangrupaken susuguh anu kacida istiméwana.

Ngala lauk paray kawilang gampang saperti : ku jalan diuseup, disair, dikecrik, diparak, jeung sajabana, dinamangsa beubeunang loba lauk paray dijual ngan ukur ka pasar anu deukeut disabudeureunna. Paray bisa dijual dina kaayaan seger atawa meunag ngasakan. Mangsa usum hujan, spesies lauk paray gancang pisan ngarekahana. Lauk paray sagigireun gampang diala ogé gampang diingu/dipiara dalah tikitu nepika kiwari tacan kadenge aya anu ngabudidayakeun ieu lauk paray komo dina ukuran anu loba.[6] Lunjar padi dapat dipelihara di kolam tanah.[8]

Paray jaluna leuwih gancang déwasa tur begér (allometrik positif jeung gonad) ti batan lauk paray anu bikang [3]. kawasna lauk paray mijah sapanjang taun.[9]

Catetan taksonomis[édit | édit sumber]

Mimitina ieu lauk ku Pieter Bleeker dingaranan Leuciscus argyrotaenia dina taun 1850. Dalapan taun tiharita ku inyana kénéh dipindahkeun deui kana kulawarga lauk anu séjén nyaéta Opsarius. Panungtunganna taun 1860 dipindahkeun deui ku Bleeker deui kana kulawarga anu anyar nyaéta Rasbora.[2]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Bleeker, P. 1852. "Bijdrage tot de kennis der Ichthyologische fauna van Midden- en Oost-Java. Met beschrijving van eenige nieuwe species": 21. Verhandelingen van het Bataviaasch Genootschap der Kunsten en Wetenschappen. Batavia :Egbert Heemen, 1779-1922.
  2. a b c d Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III:61-63. E.J. Brill. Leiden.
  3. a b Dina, R. 2008. Rencana Pengelolaan Sumberdaya Ikan Bada (Rasbora argyrotaenia) Berdasarkan Analisis Frekuensi Panjang di Danau Maninjau, Sumatera Barat. Skripsi pada Fakultas Perikanan dan Kelautan, Institut Pertanian Bogor. Bogor (tidak diterbitkan).
  4. a b Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, dan S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonesia bagian Barat dan Sulawesi. Periplus dan Proyek EMDI KMNKLH. Jakarta. ISBN 0-945971-60-5. p.60.
  5. FishBase: Rasbora argyrotaenia (Bleeker, 1849)
  6. a b c Sastrapradja, S.; S. Adisoemarto; A. Suyanto; B. Mussadarini; F. Sabar; W. Anggraitoningsih; Y. Rahayuningsih. 1981. Sumber Protein Hewani. hal.124 – 5. Jakarta:LBN-LIPI bekerjasama dengan Balai Pustaka.
  7. Bleeker, P. 1860. Ichthyologiae Archipelagi Indici Prodromus vol II Cyprini: 472. Bataviae: Typis Langei &soc. (terj. Ingg. Archived 2016-03-04 di Wayback Machine)
  8. Ahmad, M. & Nofrizal. 2011. "Pemijahan dan penjinakan ikan pantau (Rasbora latestriata). Jurnal Perikanan dan Kelautan 16(1): 71-78 (2011). Archived 2015-04-02 di Wayback Machine
  9. Diana, E. 2006. Tingkat Kematangan Gonad Ikan Wader (Rasbora argyrotaenia) di Sekitar Mata Air Ponggok, Klaten, Jawa Tengah. Archived 2015-04-02 di Wayback Machine Skripsi pada Jurusan Biologi, Fakultas Matematika dan Ilmu Pengetahuan Alam, Universitas Sebelas Maret, Surakarta. (tidak diterbitkan)

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]