Paririmbon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Naskah Paririmbon ti Saméméh Taun 1905


Paririmbon atawa perimbon asalna tina kecap imbu hartina simpen.[1] Jadi hartina hiji tempat pikeun sumpan-simpen.[1] Éta tempat téh mangrupa buku anu di jeréona disimpen sagala catetan penting jeung hésé pikeun diapalkeun, wujudiahna buku kumpulan atawa tulisan[1] Naskah paririmbon loba kapanggih di daérah Jawa Barat, magrupa bagian tina Mujarobat.[1] Umumna masarakat ngagunakeun paririmbon pikeun padoman praktis dina kagiatan hirup kumbuh sapopoé, dina mangsa ayeuna ogé masih kénéh digunakeun ku sawatara masarakat anu masih kénéh palercayaeun.[1]

Dina raraga ngubaran, masarakat tradisional Sunda jeung Jawa kacida merhatikeun kana waktu jeung kajadian anu dihubungkeun jeung sikleus kahirupan manusa.[2] Masing-masing sikleus aya cara ngubaranana, anu béda-béda.[2] Ngaran sikleus jeung cara ngubaran éta téh ditulis dina paririmbon (Sunda) atawa Primbon (Jawa).[2]

Masarakat Sunda mikawanoh kana kapercayaan anu geus jadi sakulit sadaging, nyaéta kapercayaan ngeunaan itung-itungan dina nyanghareupan rupa-rupa pagawéan.[1] Utamana anu aya hubunganana jeung hadé goréng nasib, upamana dina tatanén, kuriak, kawin, samalah ngaranan orok ogé kudu diitung heula.[1] Ngeunaan bener henteuna hasil itung-itungan tumali jeung kayakinan hiji jalma atawa kelompok dina ngalarapkeunana, nepi ka naon anu dipiharep tina niat atawa garapan téh henteu méncog tina harepan.[1]

Dina prak-prakanana, itung-itungan ieu téh ngagunakeun taun, bulan, poé, jeung pasaranana anu masing-masing miboga ajén anu disebut naktu atawa neptu.[1] Itung-itungan téh upamana saperti ieu: Ahad ajénna 5, Senén 4, Salasa 3, Rebo 7, Kemis 8, Jumaah 6, Saptu 9.[1] Dipatalikeun jueng itungan atawa ramalan, paririmbon leuwih nekenkeun kana hal-hal kadunyaan.[1]



Nulis.jpg

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k Suryaatmana, Emon, Spk. 1993. Paririmbon Sunda. Jakarta: Depdikbud.
  2. a b c http://health.kompas.com/read/2011/10/08/08532789/Pengobatan.dalam.Naskah-naskah.Kuno, diakses 27 Oktober 2011

gal