Pasar Namdaémun
| Pasar Namdaémun | ||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Ngaran Koréa | ||||||||
|
Pasar Namdaémun nyaeta pasar gede di Seoul, Korea Kidul. Namdaemun hartina "gapura kidul nu gede", sabab pasar ieu deukeut jeung lawang gede di kota heubeul. Lawang gapurana sorangan katelah Namdaemun, atawa Sungnyemun.
Pasar Namdaemun mangrupakeun salasahiji pasar pangkolotna nu dipake keneh di Korea Kidul, sarta mangrupakeun pasar eceran panggedena di Seoul.[1] Pasa ieu nempatan sababaraha blok di kota Seoul, nu dihlangan keur kalolobaan lalu lintas kandaraan.
Di Namdaemun, kalolobaan nu dagang aya di beulah luar, tapi aya oge toko-toko di sapanjang jalan. Loba nu barangbeuli didieu, biasana pakena, kalayan harga nu murah di Namdaemun, keur dijual deui di tokon sorangan di kota sejen.
Namdaemun mangrupakeun salasahiji daya tarik keur turis, sok sanajan ari kalolobaan nu barangbeuli mah tetep wae urang Koreana.
Galeri [édit]
-
Pasar peuting Namdaemun, loba nu jual beuli, antara tengah peuting tepi ka jam 4 isuk am.[2]
Rujukan [édit]
- ↑ " Traditional Markets Lose Fight Against Time" empas news, Sep. 8th, 2005
- ↑ 1stopkorea.com
Tumbu [édit]
- Peta Pasar Namdaemun (Bsa Inggris/Korea)
- Introduction of Namdaemun market Korean Tourism Organization
|
|||||