Pawindan, Ciamis, Ciamis
| Propinsi | Jawa Barat |
| Kabupatén | Ciamis |
| Kacamatan | Ciamis |
| Nami Kuwu | {{{nami lurah}}} |
| Lega | |
| Jumlah pangeusi | |
| - Kapadetan | |
Pawindan nyaéta salasahiji désa di kacamatan Ciamis, Kabupatén Ciamis, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Oleh: Sonny Rohimat al-Baregbegi ---- Pawindan (Ki Pawindan) teh ngaran hiji patani nu jeneng dina jaman puseur Karajaan Galuh nu aya di Imbanagara. Ki Pawindan sareng garwana linggih di sisieun walungan Citanduy. Dina mangsa Karajaan Mataram ngarurug ka Galuh, nya Ki Pawindan pisan anu nyalametkeun Raden Bongsar, salah sawios putera Raja Imbanagara. Pikeun ngahurmat kana jasa anjeunna, atuh Pawindan dijadikan ngaran hiji lembur nu aya di Desa Panyingkiran (dingaranan Panyingkiran teh kusabab eta tempat pisan anu dijadikeun panyumputan/panyingkiran Ki Pawindan jeung Raden Bongsar). Anu saterusna mah Pawindan dimekarkeun
[édit] Profil Pamaréntahan
[édit] Profil Daérah
Desa Pawindan dibagi jadi tilu dusun nyaeta
- Dusun Rancautama (di beh kidul), di dieu aya wewengkon anu katelah Blok Tangkolo (dicokot tina ngaran tangkal nu geus teu aya dikieuna), Cirilitan (baheulana mangrupakeun tempat pangiprian/muja oray, ayana tonggoheun walungan Citanduy)
- Dusun Bunirasa (tengah),
- Dusun Pasir Peuteuy (kaler).
[édit] Wates Wilayah
- Kidul : Walungan Citanduy, Kec. Manonjaya (Kab. Tasikmalaya)
- Wetan : Kalurahan Linggasari
- Kulon : Desa Panyingkiran
- Kaler : Kelurahan Sindangrasa
[édit] Géografis
Di Pawindan aya walungan Citanduy anu ngamuara di Sagara Anakan (Cilacap, Jawa Tengah). Ieu walungan teh huluna aya di Gunung Cakrabuana. Citanduy oge jadi muara sababaraha walungan leutik kayaning Cipalih, Cileueur, jenung sajabana. Di sabudeureun Citanduy mangrupakeun kebon anu lolobana mah geus dipimilik ku masarakat. Tapi ku sabab eta kebon teh ngahiji tur kawilang lega, masarakat nyebutna leuweung.
[édit] Démografi
[édit] Atikan
Di Pawindan aya sababaraha TK/RA anu sumebar di tiap dusun. Salian ti eta, di masjid-masjid cukup rame ku barudak nu dialajar ngaji utamana sabada Ashar jeung sabada Maghrib. Sedengkeun sakola dasar, di Pawindan aya tilu nyaeta:
- SDN 1 Pawindan (awalna SDN Panyingkiran I)
- SDN 2 Pawindan (awalna SDN Panyingkiran II)
- SDN 3 Pawindan (awalna SDN Galuh XVIII)
[édit] Poténsi
[édit] Pertanian
- Sawah, biasana dipelakan pare atawa palawija. Sawah aya di sababaraha wewengkon di antarana tonggoheun walungan Citanduy jeung Sawah Kaler nu aya di wates antara Bunirasa jeung Pasirpeuteuy. Salian ti eta di sisi walungan Citanduy ge aya sawah nu digarap ku masarakat.
[édit] Patalimarga
Patalimarga di Pawindan di antarana aya jalan Otto Iskandardinata nu mangrupakeun jalan alternatif nu ngahubungkeun Imbanagara (arah Tasikmalaya) ka Bojong (arah Banjar). Di tungtung kulon aya jalan nu puhuna ti Jalan Jendral Sudirman, Nagrak, deukeut SMPN 2 Ciamis. Eta jalan teh dingaranan Jalan Cirahong sabab eta jalan teh ngaliwatan Jambatan Cirahong (aya luhureun Citanduy) nu brasna ka Manonjaya. Ka beh tengah aya deui jalan Tangkolo nu ngurilingan Dusun Rancautama tur nyambung ka Desa jeung sawah kaler. Salian ti eta di Desa Pawindan ge aya jalan kareta api jalur kidul titinggal Walanda. Eta jalan kareta teh ngaliwatan jambatan Cirahong. Jambatan Cirahong mangrupakeun jambatan nu kawilang aheng sabab jalan kareta jeung jalan mobilna sajalur, henteu nyilang.
(Sonny Rohimat al-Baregbegi)
[édit] Pakebonan
[édit] Tumbu Luar
|
|||||
| Artikel ngeunaan kalurahan jeung désa di Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |