Peusing

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Peusing
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Mammalia
Order: Pholidota
Weber, 1904
Family: Manidae
Gray, 1821
Genus: Manis
Linnaeus, 1758
Spésiés

Manis culionensis
Manis gigantea
Manis temmincki
Manis tricuspis
Manis tetradactyla
Manis crassicaudata
Manis pentadactyla
Manis javanica

Peusing téh mamalia dina ordo Pholidota, nu kabagi kana hiji kulawarga Manidae jeung hiji genus Manis, nu ngawengku dalapan spésiés. Awak peusing dibungkus ku sisit nu baradag dina kulitna, sumebar di wewengkon tropis buana Asia jeung Aprika.

Dina klasifikasi nu leuwih heubeul, peusing téh dihijikeun jeung sababaraha ordo lian, misalna Edentata. Bukti genetik nu leuwih anyar[1] nunjukkeun yén dulur peusing pangdeukeutna téh karnivora.

Paripolah jeung dedegan[édit | sunting sumber]

Ciri peusing anu utama nyaéta sisit badag jeung teuas, nu sabenerna mah bulu. Buluna ieu ngahiji sahingga jadi kawas sisit. Mun ngarasa kaancam, peusing bisa ngaringkel jadi buleud, sedengkeun sisitna rogok salaku pakarang atawa nutup rapet sahingga ngabungkus awakna. Sisit ieu téh tadina mah leuleus, tapi nuturkeun umurna, sisitna beuki lila beuki heuras. Kuku dina suku hareupna paranjang & heuras, biasa dipaké pikeun ngagali taneuh. Peusing bisa ngaluarkeun bau haseum nu seukeut tina kelenjar deukeut boolna, sarupa jeung bau segung.

Ukuran peusing rupa-rupa, gumantung kana spésiésna, antara 30-100 cm. Nu bikang sacara umum leuwih leutik batan nu jalu.

Dahar[édit | sunting sumber]

Gambar peusing

Kadaharan peusing anu utama nyaéta sireum jeung rinyuh. Cakarna nu teuas tur paranjang dipaké pikeun ngagali atawa ngabongkar sayang sireum/rinyuh, sedengkeun létahna nu panjang bisa dipaké nyasar sayang sireum. Peusing tangkal bisa migunakeun buntutna pikeun ngagantung dina dahan, sabari mapay liang mangsana.

Peusing mah euweuh huntuan sarta teu bisa ngagayem. Pikeun ngala mangsana, kelenjar ciduh dina dadana ngabaseuhan létahna ku ciduh nu rapet, sahingga sireum narapel kana létahna.

Baranahan[édit | sunting sumber]

Mangsa keureuneuh peusing lilana 120-150 poé. Sakali borojol ilaharna mah ukur hiji, tapi kadang bisa nepi ka tilu, beuratna antara 80-450 g.

Ancaman[édit | sunting sumber]

Peusing téh jadi salah sahiji kadaharan sabagian masarakat Aprika. Katambah ku leuweung nu beuki ngaheureutan, peusing raksasa geus jadi spésiés nu kaancam lastari. Di Cina, kapercayaan yén bagian-bagian awak peusing téh bisa dijadikeun bahan ubar ngajadikeun peusing ogé kaancam populasina.

Taksonomi[édit | sunting sumber]

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Pangolin, Wikipédia édisi basa Inggris (29 Agustus 2006)

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]