Picung
| Picung | |
|---|---|
| Tumpukan buah kapayang siap diolah | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Malpighiales |
| Family: | Acariaceae |
| Genus: | Pangium |
| Species: | P. edule |
| Ngaran binomial | |
| Pangium edule Reinw. ex Blume |
|
Picung atawa pucung, atawa Kemayang (dina basa Indonesia) (Pangium edule Reinw. ex Blume; sélér (suku) Acariaceae, tiheula diasupkeun kana Flacourtiaceae) nyaéta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa satengah liar.
Siki picung, anu disebut oge kelewek, dipaké jadi samara asakan Indonésia anu ngahasilkeun warna hideung dina rawon jeung sop konro. Sikina, anu ngabogaan palapis siki anu bisa didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam sianida dina konséntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki kapayang baris ngabalukarkeun lieur (mabok).
Racun dina siki ieu bisa dipaké pikeun racun dina mata panah. Siki picung aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum leuwih tiheula.
Kai pepelakan ieu ogé boga ajén ékonomi, kalawan beurat jenis 450-1000kg.m-3.
Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonesia dipaké pikeun ngagambarkeun kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih sahingga henteu sanggup mikir sacara logis.
[édit] Ngaran patempatan
Di Tatar Sunda, loba pisan patempatan anu dingaranan ku ngaran tutuwuhan. Patempatan anu maké kecap 'picung' di antarana:
- Kacamatan Picung, Kabupatén Pandéglang
- Kacamatan Cipicung, Kuningan
- Désa Cipicung, Banyuresmi, Garut
- Désa Cipicung, Jatigedé, Sumedang
- Désa Cipicung, Cijeruk, Kabupatén Bogor
- Désa Cipicung, Culaméga, Kabupatén Tasikmalaya
- Désa Cipicung, Maja, Kabupatén Majalengka
- Désa Cipicung, Sukatani, Kabupatén Purwakarta
[édit] Tumbu ka luar
- (en) hear.org
- (en) ecoport.org
- (en) waynesword.palomar.edu
- (en) uni-graz.at
- (en) idrinfo.idrc.ca