Pita Rubak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Pitarubak (Basa Indonésia: pita lebar atawa jalurlebar, Basa Inggris: broadband, Basa Walanda: breedband) nyaéta istilah dina Internet pikeun sambungan internét kalayan pangiriman data dina laju nu gancang. Aya dua wanda pitarubak anu ilahar, nyaéta DSL jeung kabel modem, anu sanggup ngirimkeun data dina laju 512 kbps atawa leuwih, nyaéta kira-kira 9 kali leuwih gancang batan modem anu ngagunakeun kabel telepon standar.

Aksés internet pita rubak jadi pasar jasa telekomunikasi anu tumuwuh kalayan gancang dina awal taun 2000-an; hiji panalungtikan nyebutkeun yén pamakéan internét pitarubak di Amérika Sarikat tumuwuh ti 6% dina bulan Juni 2000 nepi ka ampir 30% dina taun 2003. [1]

Sawatara pamakéan pitarubak geus ngahontal laju 20 Mbit/detik, nyaéta sababaraha ratus kali leuwih gancang batan nu aya dina mangsa internét mitembeyan sarta beayana ogé leuwih murah. Sanajan kitu, waragad sarta unjuk gawéna béda-béda di tiap nagara.

Nagara nu penetrasi pamakéan pitarubakna pangluhurna di dunya nyaéta Koréa Kidul, di mana 23,17% (nurutkeun data bulan Désémber 2003) ti padumukna ngamangpaatkeun sambungan internét pitarubak.

Sakolébat[édit | sunting sumber]

Laju pangiriman data dina pitarubak
Sambungan Laju pangiriman
DS-1 (Tier 1) 1.544 Mbit/s
E-1 2.048 Mbit/s
DS-3 (Tier 3) 44.736 Mbit/s
OC-3 155.52 Mbit/s
OC-12 622.08 Mbit/s
OC-48 2.488 Gbit/s
OC-192 9.953 Gbit/s
OC-768 39.813 Gbit/s
OC-1536 79.6 Gbit/s
OC-3072 159.2 Gbit/s


Piatarubak mindeng disebut internet laju-gancang, alatan biasana ngabogaan laju aliran data anu gancang. Ilaharna, sambungan internét nu lajuna 256 kbit/d (0,256Mbit/d) atawa leuwih dianggap salaku internét pitarubak. Rékomendasi International Telecommunication Union Séktor Standardisasi (ITU-T) nomer I.113 netepkeun pitarubak sabagé kamampuh (kapasitas) pengiriman data anu leuwih gancang ti laju utama ISDN nu 1,5 nepi ka 2 Mbit/d. Définisi FCC pikeun pitarubak kira-kira 200 kbit/d dina hiji arah, sarta pitarubak canggih sahenteuna boga laju 200 kbit/d dina dua arah. OECD netepkeun pitarubak sabagé 256 kbit/d dina saeutikna hiji arah sarta laju ieu anu pangditarimana di sakuliah dunya.

Alatan pita rubak anu dijual ka langganan terus ngaronjat, bisa ditorah yén layanan vidéo on demand nu dikirimkeun ngaliwatan internet baris jadi beuki populer. Sanajan kitu kiwari layanan kasebut masih merlukeun jaringan anu husus. Laju data dina kalolobaan layanan pita rubak masih henteu nyukupan pikeun nyadiakeun layanan vidéo nu boga kualitas alus alatan MPEG-2 masih merlukeun laju 6 Mbit/d pikeun hasil anu alus. Format MPEG-4 ngirimkeun vidéo kualitas-alus dina laju 2 Mbit/d ngaliwatan modém kabel sarta ADSL pangmutahirna. Format Ogg Tarkin diharepkeun bisa nganterukeun layanan kalayan unjuk gawé anu sabanding.

Téknologi[édit | sunting sumber]

Téknologi standar nu panglobana dipake nyaéta DSL, dituturkeun ku modem kabel. Téknologi anu leuwih anyar pikeun sambungan telepon twisted pair kawas VDSL jeung sambungan serat optik. Pikeun wewengkon anu henteu kawengku ku layanan kabel, réa komunitas nu geus mitembeyan masangkeun jaringan Wi-fi.


Internet satelit[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Internet satelit.

Sambungan Internet satelit ngagunakeun hiji satelit dina orbit geostationary pikeun nganteurkeun data ti pausahaan satelit ka saban langganan. Internet satelit mangrupa salah sahiji cara pangmahalna pikeun meunangkeun aksés internet pita rubak, tapi di wewengkon pilemburan cara ieu mungkin hiji-hijina cara nu sadia. Tapi, untungna, kadieunakeun waragad terus turun sarta bisa bersaing jeung pilihan pita rubak séjénna.


ISP tanpa kabel[édit | sunting sumber]

ISP tanpa kabel biasana ngagunakeun sistem radio Wi-fi IEEE 802.11 pikeun nyambungkeun titik anu pajauh, tapi ogé bisa ngagunakeun sistem komunikasi radio daya tinggi séjénna.


T-1/DS-1[édit | sunting sumber]

T-1/DS-1 nyaéta hiji wanda sambungan anu ngamungkinkeun langganan di pilemburan nyambung ka layanan internét pita rubak, tapi biayana pohara mahal gumantung kana jarak langganan ka ISP.


Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]