Polio

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Poliovirus

Klasifikasi virus
Golongan: Golongan IV ((+)ssRNA)
Kulawarga: Picornaviridae
Marga: Enterovirus
Spésiés: Poliovirus

Polio (Poliomyelitis), atawa paralisis orok, nyaéta hiji kasakit viral paralitik. Nu jadi sabab, hiji virus nu disebut poliovirus (PV), nu asup kana awak sacara oral tuluy ngainféksi peujit. Sanggeus kitu, ieu virus bisa nyebar asup kana saluran getih sarta sistim saraf pusat nu ngabalukarkeun lumpuhna otot malah bisa nepi ka paralisis.

Sajarah[édit | édit sumber]

Balukar inféksi polio geus dipikawanoh ti jaman prasajarah. Lukisan jeung ukiran titinggal Mesir némbongkeun ayana budak lumpuh nu leumpang maké alat bantu. Kaisar Romawi Claudius sukuna lumpuh ti bubudak nepi ka ahir hirupna. Présidén AS Franklin D. Roosevelt kaserang polio taun 1921 nepi ka diparalisis. Laporan kasus poliomyelitis munggaran ditepikeun ku Jakob Heine taun 1840. Karl Oskar Medin mangrupa panalungtik munggaran anu ngayakeun studi émpiris épidemi poliomyelitis taun 1890, antukna dua ngaran ieu dipaké pikeun ngaran kasakitna, kasakit Heine-Medin.

Franklin D. Roosevelt kudu maké korsi roda sanggeus kaserang Polio taun 1921

Harti[édit | édit sumber]

Polio (paralisis orok, infantile paralysis) nyaéta kasakit nu tépa nu digolongkeun kana salah hiji panyakit peradaban (disease of civilization). Polio sumebar ku cara kontak manusa jeung manusa, biasana asup kana awak ngaliwatan baham tina cai atawa kadaharan nu kakontaminasi. Poliovirus nyaéta salah sahiji virus RNA (asam ribonukléat) leutik nu boga tilu galur nu gampang pisan ngainféksi. Virus ieu nyerang sistim saraf, ari awal paralisis bisa lumangsung dina jangka waktu sababaraha jam. najan polio bisa nyerang ka saha waé dina sagala umur, leuwih ti 50% kasusna nyerang ka barudak antara umur tilu nepi ka lima taun. Mangsa inkubasi polio, ti munggaran inféksi nepi ka gejala kahiji, lumangsung antara tilu nepi ka 35 poé.

Polio bisa sumebar gancang saméméh ahli médis ngadetéksi tanda awal wabah polio. Nu ahéng, lolobana nu kainféksi polio virus téh teu némbongkeun gejala nanaon antukna taya nu nyangka yén awakna geus kainféksi. Sanggeus kainféksi, virusna nyebar deui ngaliwatan tai sababaraha minggu nepi ka antukna kanyahoan aya wabah di masarakat. Tilu galur polio virus ngabalukarkeun polio nonparalitik, polio paralitik, jeung polio bulbar. Sakabéh wangun panyakit polio némbongkeun gejala awal nu sarua nyaéta laleuleus, muriang, utah uger, nyeri sirah, jeung nyeri beuheung.

Tipe-tipe polio[édit | édit sumber]

Polio non-paralitik[édit | édit sumber]

Polio nonparalitik ngabalukarkeun muriang, utah, nyeri beuteung, létoy, jeung sénsitip, ogé kadang keram dina otot beuheung jeung tonggong, nu mun dicabak karasa hipu.

Polio paralitik tulang tonggong[édit | édit sumber]

Galur poliovirus ieu nyerang kolom tulang tonggong antukna ngancurkeun sél (biologi) tanduk anterior nu ngatur gerak anggota awak. Najan galur poliovirus ieu bisa ngabalukarkeun paralisis permanén, kasusna kurang ti satengah persén nu nepi ka paralisis. Paralisis pangilaharna nyerang kana suku. Sakali poliovirus nyerang peujit, bakal kaserep ku kapilér na dinding peujit nu salajengna nyebar ka sakuliah awak ngaliwatan saluran getih. Poliovirus nyerang kolom tulang tonggong jeung neuron motor—nu ngatur gerak fisik. Nya dina mangsa ieu némbonganana gejala kawas flu; pikeun jalma nu teu mibanda kawedukan atawa can divaksinasi, virusna biasana terus ngainféksi sakujur kolom tulang tonggong jeung bobot uteuk. Inféksi ieu mangaruhan sistim saraf puseur (SSP) -- nyebar sapanjang serat saraf. Nalika virusna ngalobaan na SSP, neuron motor jadi ancur; neuron motor teu baranahan antukna otot nu kapangaruhan moal bisa némbalan paréntah SSP. Paralisis nu pangilaharna lumangsung dina otot suku, nu balukarna sendi jadi ngagantung jeung teu hirup—hiji kaayaan nu katelah paralisis lumpuh akut (acute flaccid paralysis, AFP). Inféksi SSP nu parah ngabalukarkeun paralisis tulang jeung otot toraks jeung abdomen (quadriplegia).

Polio bulbar[édit | édit sumber]

Polio bulbar disangka mangrupa balukar tina jalma nu teu mibanda daya tahan alami kana virus polio, antukna bibit uteuk (brain stem) bisa kaserang. Bibit uteuk ngandung neuron motorik nu ngatur engapan jeung saraf kranial, nu méré sinyal ka rupa-rupa otot nu ngatur gerak panon; saraf trigeminal jeung saraf raray nu ngarangsang kongkolak panon, cipanon, jeung otot-otot raray, jsb.; saraf pangrungu; saraf glossopharyngeal nu sabagian ngatur neureuy jeung fungsi-fungsi na tikoro; gerak létah jeung rasa; sarta saraf nu ngirimkeun sinyal ka jantung, usus, engapan (bayah), jeung saraf asésori nu ngatur gerak beuheung-luhur. Polio bulbar bisa mangaruhan fungsi-fungsi nu kasebut di luhur.

Tanpa pangrojong engapan, polio bulbar biasana ngabalukarkeun pati. Ti antara nu kainféksi, 5-10% maot nalika otot engapanana jadi teu bisa gerak. Ieu biasana lumangsung sanggeus ruksakna saraf kranial nu tugasna ngirim sinyal engapan ka bayah. Korban bulbar bisa ogé nemahan pati alatan ruksakna fungsi neureuy; korbanna bisa "ngerelep" dina sékrésina sorangan, kecuali mun dikaluarkeun atawa dibéré trakéostomi pikeun ngaluarkeun sékrési méméh cairanana asup kana bayah. Hésé pisan mun hayang trakéostomi bari maké bayah beusi. Virusna ogé bisa nyerang kana bagian uteuk nu ngabalukarkeun koma jeung pati.

Laju mortalitas polio bulbar antara 25-75%, gumantung umur pasénna. Nepi ka kiwari aya nu bisa salamet ku jalan terus-terusan cicing na bayah beusi (iron lung) atawa napel na mesin pangrojong engapan sangkan bisa tetep hirup. Polio bulbar jeung spinal mindeng narajang sakaligus. Duanana kaasup polio paralitik, nu sabenerna teu permanén. Aya nu bisa cageur ti polio paralitik antukna bisa hirup kalawan normal deui.

Polio jeung barudak[édit | édit sumber]

Barudak nu keuna ku panyakit polio némbongkeun ukur gejala nu hampang, antukna teu kaperhartikeun jeung matak leuwih parna. Ku kituna, warga nu hirup di wewengkon nu leuwih berséka (sanitasina leuwih alus) sabenerna jadi leuwih rentan kaserang polio sabab jarang nu keuna ku polio nalika keur leutik. Jalma nu geus cageur tina polio kadang némbongkeun sindrom tambahan, utamana lemah otot. sababaraha dekade ka hareup gejala ieu disebut sindrom paskapolio.

Vaksin[édit | édit sumber]

Vaksin polio munggaran nu hasil téh dimekarkeun ku Jonas Salk, najan ieu vaksin ogé sarua anu dimekarkeun ku Albert Sabin nu geus dipaké pikeun inokulasi masal. Inokulasi barudak pikeun ngalawan polio dimimitian di Pittsburgh, Pennsylvania, 23 Pébruari 1954. Ku cara imunisasi masal, ieu panyakit musnah di Amérika, najan kiwari aya deui di Haiti, nu alatan masalah pulitik jeung kamiskinan ngahambat tarékah keur ngalakukeun vaksinasi. [1]

Tarékah éradikasi[édit | édit sumber]

Taun 1988, WHO ngaluluskeun hiji résolusi pikeun ngaleungitkeun polio taun 2000, hiji tarékah nu diideuan ku usaha Rotary International taun 1985 nu ngumpulkeun dana $120 juta pikeun imunisasi sakabéh budak saalam dunya pikeun ngalawan ieu panyakit. Rarancang kiwari nyaéta meungpeuk nyebarna ieu virus nepi ka taun 2005. Inféksi polio nu kiwari aya kénéh nyaéta di subbenua India jeung Nigeria. Tarékah ngaleungitkeun di subbenua India nuduhkeun loba kamajuan, utamana nya ku program imunisasi. Hanjakalna, sababaraah pihak Muslim nolak diimunisasi alatan aya isu bohong yén vaksinna ngabalukarkeun peluh jeung gabug.

Di propinsi Kano, Nigeria Kalér, nu ngajalankeun syari'ah (hukum Islam), kampanye imunisasi kungsi eureun dina bulan Séptémber 2003, nalika pamingpin Muslim ngémbarkeun kacurigaan yén vaksin nu dipasok ku donor-donor Kulon bisa ngurangan kasuburan jeung nyebarkeun HIV salaku salah sahiji jalan AS pikeun meruhkeun Islam [2]. 30 Juni 2004, WHO ngémbarkeun yén Kano kudu ngulang kampanye dina awal Juli, sanggeus salila sapuluh bulan ieu sasalad sumebar ka sakuliah Nigeria jeung sapuluh nagara Afrika séjénna nu saméméhna geus bébas tina panyakit polio.

Di sagigireun ayana béja gabug jeung pameungpeuk ku pamaréntah propinsi Kano, perang sipil jeung pacéngkadan internal di Sudan jeung Basisir Gading beuki sumanget kana tarékah WHO dina matotoskeun sual panyakit polio.

WHO miharep geus bisa ngabasmi kasakit ieu taun 2004, tapi kasusna kalah nambahan nepi ka 1185 di 17 nagara ti 784 di 15 nagara (taun 2003). Di Asia ngurangan, di Afrika éléh ngalipet jadi 1,037. Di Nigeria, nagara pangpadetna di Afrika, aya 763 kasus, dituturkeun ku India (129 kasus) jeung Sudan (112 kasus).

Tanggal 5 Méi 2005, warta ngalaporkeun ayana kasus anyar di Jawa, Indonésia, nu galur virusna dipahing datang ti Nigeria. [3] [4]

Pangaruh sosial[édit | édit sumber]

Di Bénin, sababaraha kulawarga nolak vaksinasi kalawan alesan agama, korban polio sacara informal diwenangkeun nyelendepkeun minyak ti tatanggana, Nigeria. Maranéhna tumpak motor tilu roda nepi ka wates, dibaturan ku montir nu ngurus mesin katut nu numpakna. Di nagara Nigeria, maranéhna minuhan sagala wadah nu dibawana ti Bénin pikeun di bawa balik deui.

Najan ngalanggar hukum, jaba bahya mamawa minyak kana botol, maranéhna ditolelir ku aparat jeung masarakat Bénin. Korban polio ngarasa leuwih hadé batan baramaén, sarta bisa campur gaul jeung masarakat saperti dina kaayaan biasa waé.

Nirca[édit | édit sumber]

Aya sababaraha vaksin méméh nu ti Jonas Salk taun 1953. Taun 1935, Maurice Brody, asistén panalungtikan di Universitas New York, ngaku geus manggihan hiji vaksin nu dihasilkeun tina budidaya saraf tulang tonggong monyét. Anjeunna nguji vaksinna ka dirina sorangan jeung sababaraha urang asisténna, sarta ngabagikeun ka tilu réwu budak nu lolobana némbongkeun réaksi alérgi, tapi tanpa ngahasilkeun kawedelan kana panyakit polio. Panalungtik séjén teu bisa ngulang percobaan anu geus dilakukeun ku anjeunna.

John Kolmer ogé kungsi ngaku geus nmekarkeun vaksin, ngan hanjakal kalah mawa balukar goréng ka barudak nu divaksinna.

Virus Simian nu katelah SV40 kungsi kapanggih dina vaksin polio ti taun 1954 nepi ka taun 1962. SV40 mangrupa karsinogén nu ngabalukarkeun panyakitkangker.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]