Prabu Siliwangi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Prabu Siliwangi mangrupakeun hiji tokoh anu kamashur dina kasusastran Sunda, nujul ka tokoh sajarah anu gelarna Sri Baduga Maharaja (sakumaha dina prasasti Batutulis) atawa Jayadéwata (dina Carita Parahyangan), ti karaton Pakuan Pajajaran, puseur pamaréntahan karajaan Sunda.

Sumber sajarah pangbuhunna nu nyabit-nyabit kecap "Siliwangi" nyaéta naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian (1518 M) nu maksudnya nyebutkeun hiji lalakon pantun, éta ogé lalakonna mah teu dicaritakeun. Nu kadua nyaéta Carita Purwaka Caruban Nagari (1720) nu ditulis ku Pangéran Arya Cirebon, nu ngadadarkeun yén Prabu Siliwangi téh putra Prabu Anggalarang ti Galuh, nu kungsi matuh di karaton Surawisésa, Parahyangan Wétan. Prabu Siliwangi ngadeg naléndra di Pakuan Pajajaran nganggo jenengan Prabu Déwatawisésa, linggih di kadaton Pakuan nu ngaranna "Sri Bhima". Prabu Siliwangi jeneng ratu di Pakuan teu lila satutasna nikah ka Subanglarang di Singapura (1422), dina jaman Prabu Niskala Wastu Kancana mingpin kénéh karajaan Sunda ti Kawali (1371-1475). Lian ti Subanglarang, Prabu Siliwangi ogé nikah ka Ambetkasih. Numutkeun naskah ieu kénéh, nalika Prabu Siliwangi ngalih ka Pakuan téh, agama Islam geus sumebar di masarakat.

Dina naskah Carita Ratu Pakuan (Kr. 410, ditulis kira ahir abad ka-17 atawa awal abad ka-18), Prabu Siliwangi téh nujul ka Ratu Pakuan, nu gaduh istri Ambetkasih jeung Subanglarang. Katrangan ieu cocog jeung eusi naskah Cirebon nu kasebut tadi, sahingga écés yén Ratu Pakuan téh Prabu Siliwangi alias Sri Baduga Maharaja.

Dina prasasti Batutulis disebutkeun yén Jayadéwata téh diistrénan dua kali: "Prabu Guru Déwataprana" (kira taun 1420-an ahir atawa awal 1430-an) jeung "Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Déwata" (1482). Anu munggaran, diistrénan kalawan jenengan "Prabu Guru Déwataprana" téh sigana ku Prabu Susuktunggal raja Sunda, ramana, nu ngadegkeun kadaton Sri Bhima Punta Narayana Madura Suradipati. Sedengkeun anu kadua, nyaéta nalika ngaganti Ningrat Kancana (nu gelarna "Prabu Déwa Niskala" di Galuh) sakaligus ngahijikeun (deui) kakawasaan Sunda-Galuh.

Catetan ti Portugis (Summa Oriental karya Tome Pires) nyebutkeun yén (1513) Karajaan Sunda téh diparéntah kalawan adil, jalmana jalujur. Kagiatan dagang Sunda jeung Malaka téh nepi ka Maladéwa. Produksi pedesna (cenah kualitasna leuwih hadé batan produksi India) nepi ka 1000 bahar (1 bahar = 3 karung) per taun, malah asemna mah bisa minuhan 1000 kapal, nu dimuat di palabuan Banten, Kalapa, Cimanuk, Tangerang, Pomdam (?), jeung Cigedé. Komoditas lianna di antarana emas murni, kaén, daging (bagong, domba, embé, sapi), sayuran, jeung bubuahan. Ogé ngeunaan kaayaan Pakuan, nu disebutkeun pangeusina aya 50 rébu urang, sedengkeun angkatan nu siap perangna aya 100 rébu urang, nu dirojong ku 4000 kuda ti Pariaman jeung 40 gajah.

Prabu Siliwangi mingpin karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran salila 39 taun (1482-1521), dikurebkeun di Rancamaya (wewengkon nu kiwari mangrupa padumukan méwah Rancamaya, deukeut Ciawi, Bogor), sedengkeun pamaréntahan Sunda salajengna diteruskeun ku Surawisésa.

Pangéling-éling[édit | sunting sumber]

Nepi ka kiwari, ngaran Siliwangi masih dalit jeung masarakat Sunda, sahingga dipaké jadi ngaran rupa-rupa lembaga:

Niskala wastu kancana, Pamanahrasa, Sri Baduga (ramana Niskalawastu kancana) atawa Surawisesa nu nyakrawati di karaton Sri Bhima teh? Tug tepi ka kiwari can kateguh ku para ahli sajarah. Piraku nya Banten ngarurug Pajajaran mun enya teh nu ngabahudenda di dinya teh Pamanahrasa (carogena Subanglarang ti pasantren Quro) Sok geura jujut bakal pabaliut bih dina sarsilah pon kitu deui dina memeres taun kajadianana.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]


Arjuna Wayang.jpg