Prabu Surawisésa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Prabu Surawisésa nyaéta raja Sunda (1521-1535) nu ngaganti Ratu Jayadéwata atawa nu katelah Sri Baduga Maharaja. Dina naskah Carita Parahiyangan dicaritakeun yén mangsa kakawasaan Surawisésa téh pinuh ku perang (15 kali dina 14 taun).

Sumber sajarah[édit | sunting sumber]

Prabu Surawisésa dicaritakeun dina sababaraha sumber sajarah, di antarana baé naskah Carita Parahiyangan, naskah Wangsakerta, jeung catetan lalampahan bangsa Portugis.

Carita Parahiyangan[édit | sunting sumber]

Dina Carita Parahiyangan, ngeunaan Prabu Surawisésa téh dicaritakeun kieu:

Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prangrang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. Hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

Numutkeun Danasasmita, Surawisésa téh sarua jeung Samiam, raja Sunda anu disebut dina catetan Portugis nepungan Alfonso d'Albuquerque di Malaka (1512). Disebut Samiam kusabab taun 1512 mah Surawisésa téh masih salaku Tohaan nu ngawasa Sanghiyang (ngawengku Jatinagara di beulah kidul nepi ka Marunda di beulah kalér).

Sakakala (kiwari katelah Prasasti Batutulis) nu dijieun ku Prabu Surawisésa pikeun pangéling-ngéling ka ramana nu geus mawa karajaan Sunda kana kajayaan.

Dina tradisi lisan, Prabu Surawisésa téh digambarkeun dina carita Mundinglaya Dikusumah.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Aca (1968). Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
  • Saléh Danasasmita (2003). Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Kiblat Buku Utama, Bandung.


Nulis.jpg