Pramuka

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
barudak pramuka nuju PBB

Pramuka mangrupa singkatan tina Praja Muda Karana[1]Ari nu disebut kepramukaan nya éta prosés atikan diluar sakola jeung diluar lingkungan kulawarga dina wangun kagiatan anu ngirut ati,pikabungaheun, séhat, disiplin, puguh udaganana, praktis anu diayakeun di alam luyu jeung Prinsip Dasar kapramukaan jeung Métode Kapramukaan anu tujuan utamana ngawangun watak, ahlak, budi pekerti anu luhung[2].Kapramukaan mangrupa sistem atikan kepanduan anu disaluyukeun jeung kaayaan, kapentingan ogé kamekaran masarakat jeung bangsa Indonésia[2].

Sejarah Pramuka di Dunia[édit | sunting sumber]

Nu ngamimitian ngadegkeun Pramuka di dunya nya èta Lord Robert Baden Powell of Gilwell[3]. Anjeunna nu ngamimitian ngabina rumaja di nagara Inggris[3].Pembinaan rumaja ieu anu jadi cikal bakal mekarna gerakan Pramuka. Baden Powell gumelar ka alam dunya ping 22 Pebruari 1857 anu ngaranna Robert Stephenson Smyth[3]. Bapana ngaranna powell saurang Professor Geometry di Universitas Oxford, anu tilar dunya nalika Stephenson leutik kènèh[3].Rupa-rupa pangalaman Baden Powell ditulis dina buku Aids To Scouting anu mangrupa piunjuk jang para tangtara muda di Inggris supaya bisa ngalakonan pancènna penyelidik sacara hadè[3]. William Smyth saurang pingpinan Boys Brigade di Inggris mènta supaya Baden Powell ngalatih anggotana luyu jeung pangalamanana[3]. Tuluy disipakeun 21 pamuda ti Boys Brigade di unggal wilayah di Inggris, diajak kèmping jeung latihan di pulau Browns Sea nalika ping 25 Juli 1907 anu lilana 8 poè[3]. Nalika Taun 1910 Baden Powell pèngsiun tina tangtara anu pangkatna tèh Letnan Jenderal[3]. Nalika taun 1912 kawin jeung Ovale St. Clair Soames anu dipaparin tilu urang putra[3].Anjeunna meunang titel Lord ti Raja George,taun 1929 Baden Powell tilar dunya 8 Januari 1941 di Nyeri, Kenya, Afrika[3]. Awal taun 1908 Baden Powell nuliskeun pangalamanana pikeun kagiatan latihan kapramukaan anu dirintisna[3].Kumpulan tulisanana ieu dijadikeun buku anu judulna Scouting For Boys[3]. Buku ieu gancang sumebar di Inggris jeung nagara-nagara sèjènna anu satuluyna jadi organisasi kapramukaan nu samèmèhna ngan jang lalaki hungkul anu disebutna Boys Scout[3]. Taun 1912 dibantuan ku adina, Agnes nyieun organisasi kapramukaan jang awèwè anu ngaranna Girl Guides anu satuluyna diteruskeun ku pamajikanana[3]. Taun 1916 ngadeg kelompok pramuka usia siaga anu ngaranna CUB (anak serigala)anu bukuna The Jungle Book karangan Rudyard Kipling salaku cecekelan dina kagiatanana[3]. Buku ieu nyaritakeun ngeunaan Mowgli si anak rimba anu dipiara di reuma ku induk serigala[3]. Taun 1918 anjeunna nyieun Rover Scout jang anu umurna 17 tahun[3]. Taun 1922 anjeunna nerbitkeun buku Rovering To Success (Mengembara Menuju Bahagia)[3]'.

Logo Pramuka Internasional

Taun 1920 diayakeun Jambore Dunya anu mimitina di Olympia Hall, London[3]. Anjeunna ngondang pramuka ti 27 Nagara jeung harita ogè Baden Powell diistrènan jadi Bapa Pandu Sadunya (Chief Scout of The World)[3].
Taun 1924 Jambore II di Ermelunden, Copenhagen, Denmark[3]
Taun 1929 Jambore III di Arrow Park, Birkenhead, Inggris[3]
Taun 1933 Jambore IV di Godollo, Budapest, Hongaria[3]
Taun 1937 Jambore V di Vogelenzang, Blomendaal, Walanda[3]
Taun 1947 Jambore VI di Moisson, Perancis[3]
Taun 1951 Jambore VII di Salz Kamergut, Austria[3]
Taun 1955 Jambore VIII di sutton Park, Sutton Coldfild, Inggris[3]
Taun 1959 Jambore IX di Makiling, Philipina[3]
Taun 1963 Jambore X di Marathon, Yunani[3]
Taun 1967 Jambore XI di Idaho, Amerika Serikat[3]
Taun 1971 Jambore XII di Asagiri, Jepang[3]
Taun 1975 Jambore XIII di Lillehammer, Norwegia[3]
Taun 1979 Jambore XIV di Neishaboor, Iran tapi dibatalkeun[3]
Taun 1983 Jambore XV di Kananaskis, Alberta, Kanada[3]
Taun 1987 Jambore XVI di Cataract Scout Park, Australia[3]
Taun 1991 Jambore XVII di Korea Selatan[3]
Taun 1995 Jambore XVIII di Walanda[3]
Taun 1999 Jambore XIX di Chili, Amerika Selatan[3]
Taun 2003 Jambore XX di Thailand[3]

Taun 1914 anjeunna tulis piunjuk jang kursus Pembina Pramuka anu bisa kalaksanakeun nalika taun 1919[3].Ti sobatna W.F. de Bois Maclarren, meunang tanah sapètak di Chingford anu satuluyna dijadikeun tempat atikan pembina pramuka anu dingaranan Gilwell Park[3]. Taun 1920 dijieun Dewan Internasional anu 9 orang anggota jeung Biro Sekretariatnya di London, Inggris[3]. Nalika taun 1958 Biro Kapramukaan sadunya dipindahkeun ti London ka Ottawa Kanada[3]. Tanggal 1 Mei 1968 Biro kapramukaan Sadunya dipindahkeun deui ka Geneva, Swiss[3]. Ti mimiti taun 1920 Pupuhu Biro Kapramukaan Sadunya nya èta Hebert Martin (Inggris),Kolonel J.S. Nilson (Inggris), Mayjen D.C. Spry (Kanada) anu nalika taun 1965 diganti ku R.T. Lund 1 Mei 1968 diganti deui ku DR. Laszio Nagy salaku Sèkjèn[3]. Biro Kapramukaan sadunya Lalaki miboga 5 kantor kawasan nya èta Costa Rica, Mesir, Philipina, Swiss jeung Nigeria[3]. Ari Biro kapramukaan Sadunya Awèwè markasna di London anu jadi 5 kantor kawasan di Eropa, Asia Pasifik, Arab, Afrika jeung Amerika Latin[3].

Lambang[édit | sunting sumber]

Kalangkang Tunas Kelapa

Lambang Gerakan Pramuka nya èta Tunas Kalapa[4].Lambang gerakan pramuka nya éta tanda pengenal tetap anu ngswengku cita-cita unggal anggota Pramuka[4].Lambang éta dijieun ku Bapak Soemardjo Asmodipuro, saurang pembina Pramuka anu aktif digawé di lingkungan Departemen Pertanian] anu satuluyna dipaké ti mimiti 16 Agustus 1961[4]. Lambang éta ditetepkeun ku Surat Keputusan Kwartir Nasional Gerakan Pramuka No. 06/KN/72 taun 1972[4]. Harti lambang gerakan pramuka:
1. kalapa dina kaayaan jadi disebut Cikal, jeung istilah cikal bakal di Indonesia hartina penduduk asli anu ngamimitian ngawariskeun generasi anyar[4]. Jadi kalapa anu keur tumuwuh tèh ngandung harti konotatif yèn unggal pramuka mangrupa inti jang kalumangsungan hirup Bangsa Indonesia[4].
2.kalapa téh awét dina kaayaan kumaha waé,Jadi lambang éta miboga harti yén unggal anggota pramuka nya éta jalma anu jasmani jeung rohanina séhat, kuat jeung rajin sarta miboga tékad nu gedé dina nyanghareupan rupa-rupa tantangan dina hirup jeung dina ngambah sagala ujian jeung kasusah pikeun babakti ka lemah cai jeung bangsa Indonesia[4].
3.kalapa bisa jadi dimana waé, anu ngabuktikeun gedéna upaya dina nyaluyukeun diri jeung masarakat dimana manéhna hirup jeung dina kaayaan naon waé[4].
4.kalapa tumuwuhna lempeng ka luhur jeung mangrupa salasahiji tatangkalan anu pangluhurna di Indonesia[4].Jadi lambang éta ngandung harti yén unggal pramuka miboga cita-cita anu luhur jeung lurus, nya éta mulya jeung jujur ogé tetep panceg dina galur[4].
5.Akar kalapa mah kuat jeung pageuh dina jero taneuh[4]. Jadi lambang éta ngandung harti tékad jeung kayakinan unggal pramuka anu nyekel pageuh kana dadasar jeung landasan-landasan anu hadé, bener, kuat jeung nyata nya éta tékad jeung kayakinan anu dipaké ku manéhna jang nguatkeun diri pikeun ngahontal cita-citana[4].
6.Kalapa nya éta tangkal anu serba guna ti mimiti akar nepi ka pucukna[4]. Jadi lambang éta miboga harti unggal pramuka nya éta manusa anu boga guna, jeung babakti pikeun kapentingan lemah cai, bangsa jeung nagara Indonesia sarta umat manusa[4].

Pamakèan Lambang[édit | sunting sumber]

Lambang gerakan pramuka bisa dipakè dina panji, bandèra, papan ngaran kwartir jeung satuan, tanda pengenal administrasi gerakan pramuka[4].Pamakèan èta maksudna salaku alat atikan jang nalingakeun jeung ngaronjatkeun kagiatan gerakan pramuka luyu jeung kiasan anu aya dina lambang pramuka èta[4].

Tingkatan Pramuka[édit | sunting sumber]

Pramuka Siaga[édit | sunting sumber]

Pramuka Siaga nya éta Golongan Pramuka anu umurna 7 nepi ka 10 taun[5]. Ari kelompok gedé dina siaga disebut Perindukan[5]. Perindukan téh eusina 24 urang Pramuka Siaga[5].Perindukan dibagi jadi satuan leutik anu disebut Barung[5]. Dina sabarung aya 6 urang Pramuka Siaga[5]. Ngawangun Barung anu dilaksanakeun ku para Pramuka Siaga nu dibantuan ku Pembina jeung Pembantu Pembina Pramuka Siaga[5]. Di unggal Barung maké ngaran warna, contona: Barung Beureum, Barung Bodas, Barung Héjo, jeung réa-réa deui[5]. Satuluyna jang unggal Barung dibéré tanda ku bandéra luyu jeung ngaran Barungna[5].Kapamingpinan dina Barung Siaga luyu jeung Kaputusan Kwartir Nasional gerakan Pramuka Nomor 231 TAHUN 2007 ngeunaan penyelenggaraan gugus depan Pramuka dipingpin ku saurang Pembina Siaga anu yuswana minimal 21 taun, dibantuan ku tilu urang Pembantu pembina Siaga anu yuswana minimal 16 taun[5].

Kode Kehormatan Pramuka Siaga[édit | sunting sumber]

Pramuka Siaga Puteri

Kode kehormatan di tingkat Pramuka Siaga nya éta Dwi Satya dina wangun jangji jeung wangun moralna dina Dwi Dharma[5]

Demi kehormatanku aku berjanji akan bersungguh-sungguh[5]

(1)Menjalankan kewajibanku terhadap Tuhan dan Negara Republik Indonesia.[5]
(2)Setiap hari berbuat kebaikan[5]
  • Dwi Dharma
(1)Siaga itu menurut ayah dan ibunda[5]
(2)Siaga itu berani dan tidak putus asa[5]

Rupa-Rupa Tanda Kecakapan Pramuka Siaga[édit | sunting sumber]

Aya tilu rupa tingkatan Pramuka Siaga nya éta Siaga Mula, Siaga Bantu, jeung Siaga Tata[5].Jang Pramuka Siaga aya tilu rupa Upacara nya éta Upacara pembukaan Latihan, upacara penutupan Latihan jeung Upacara Pelantikan[5].

Kalengkepan Pramuka Siaga[édit | sunting sumber]

Pramuka siaga Putera

Anapon kalengkepan Pramuka Siaga nya éta topi barét warna coklat, tanda topi anu mangrupa tunas kelapa warna konéng ari dadasarna warna héjo daun wangunna jang awéwé mah buleud tapi ari jang lalaki mah wangunna segi panjang[5].Tanda pelantikanana nya éta tunas kelapa anu warnana konéng emas anu warna dasarna coklat kolot anu dipasangkeun di dada beulah kénca[5]. Setangan Leher jang lalaki nya éta segitilu anu warnana beureum bodas, bahanna tina kaén anu ngabutuhkeun cingcin supaya leuwih rapih dipasangkeun dihandapeun kerah baju biasa disebut kacu, Ari jang awéwé maké pita anu legana 3,5 cm panjangna 40cm pamakéanana pita disimpul matikeun[5].Baju, Calana jeung erokna warnana sarua coklat ngora kaluhuranana jeung coklat kolot jang kahandapanana[5].Sapatu jeung kaos kaki warnana coklat atawa hideung[5].Tanda Barung dipasangkeun dileungeun baju beulah kénca, ari lokasi dipasangkeun dina leungeun baju beulah katuhu[5]. Tanda pangkat Siaga Bantu nya éta gambar mancung hulu anu warnana bodas tapi dasarna héjo, Lamun tanda pangakat Siaga Tata nya éta dua tanda anu sarua jeung tanda siaga bantu anu dipasangkeun di leungeun beulah kénca[5].

Pramuka Penggalang[édit | sunting sumber]

Pramuka Penggalang nya éta Golongan Pramuka nu yuswana 12-15 taun. Satuluyna kelompok gedé dina Penggalang disebut pasukan Penggalang. Dina pasukan Penggalang aya kelompok-kelompok leutik anu disebut regu Penggalang nu diwangun ku 6 - 8 urang. Ngaran-ngaran regu dicokot tina ngaran sato jeung kekembangan. Ngaran sato jang regu putra, ari ngaran kekembangan jang ngaran regu putri.

Kode Kehormatan Pramuka Penggalang[édit | sunting sumber]

Wangun kode kehormatan Pramuka Penggalang nya éta janji anu ngabungkeuleuk dina Tri Satya jeung Dasa Dharma.

  • Tri Satya

Demi Kehormatanku aku berjanji akan bersungguh-sungguh:

1. Menjalankan Kewajibanku terhadap Tuhan Yang Maha Esa, Negara Kesatuan republik Indonesia dan mengamalkan Pancasila[5]
2. Menolong sesama hidup dan mempersiapkan diri membangun masyarakat[5]
3. Menepati Dasa Dharma[5].
  • Dasa Dharma

Pramuka itu:

1. Takwa kepada Tuhan Yang Maha Esa[5]
2. Cinta alam dan kasih sayang sesama manusia[5]
3. Patriot yang sopan dan ksatria[5]
4. Patuh dan suka bermusyawarah[5]
5. Rela menolong dan tabah[5]
6. Rajin, terampil dan gembira[5]
7. Hemat, cermat dan bersahaja[5]
8. Disiplin, berani dan setia[5]
9. Bertanggungjawab dan dapat dipercaya[5]
10. Suci dalam pikiran, perkataan dan perbuatan[5]

Lawungan Pramuka Penggalang[édit | sunting sumber]

Kémah
Jambore[édit | sunting sumber]

Lawungan Pramuka Penggalang anu dibéré ngaran Jambore dilaksanakeun di tingkat nasional[5]. Tapi bisa ogé diayakeun di tingkat Daerah, Cabang atawa Ranting[5]. Saméméh ngayakeun kagiatan Jambore, perlu ayana rarancang atawa tatahar, pengorganisasian jeung pelaksanaan sacara kompréhénsif[5].

Lomba Tingkat[édit | sunting sumber]

Lomba tingkat (LT) nya éta gelanggang Penggalang Putera jeung Penggalang Puteri boh sacara beregu atawa perorangan [5]. Nomor lomba ngeunaan kasingeran jeung kaparigelan[5]. Tujuan perlombaan éta nya éta nguji kamampuh penggalang[5]. Anapon rupa-rupa LT nya éta LT1 anu diayakeun ku gugus depan, LTII anu diayakeun ku Kortan/kwartir ranting, LTIII diayakeun ku Kwartir cabang, LT IV diayakeun ku kwartir Daerah jeung anu pamungkas nya éta LT V anu diayakeun ku Kwartir Nasional[5].Conto kagiatan LT dumasar kana aspék kamampuh nya éta kaparigelan jeung kasingeran[5]. Kaparigelan anu dilombakeun nya éta lomba Peta pita, Peta perjalanan, Semaphore, Morse, kémah, pioneering dasar, Panorama, Sandi, jeung Lomba Masak[5].Ari dina aspék kasingeran nya éta lomba mendaki tangga,mendaki jeung turun tebing,Sambung tali, meniti kayu bulat.Lian ti dua aspék anu geus disebutkeun tadi aya ogé aspék perlombaan séjén kayaning aspék kasenian atawa olahraga, kaagamaan, jeung kamasarakatan[5].

Tanda Kecakapan Umum[édit | sunting sumber]

Aya tilu tingkatan Tanda Kecakapan Umum jang Penggalang teh nyaeta Ramu, Rakit jeung Terap

Tanda Kecakapan Khusus[édit | sunting sumber]

Tanda Kecakapan Khusus jang Penggalang aya tilu tingkatan nyaeta Purwa, Madya jeung Utama

Pramuka Penegak[édit | sunting sumber]

Pembina Pramuka

Ambalan nya éta kelompok gedé dina pramuka penegak[5]. Ngaran Ambalan biasanya nyokot tina ngaran sababaraha pahlawan, contona:Ambalan Bung Karno, Ambalan Diponegoro, jrrd[5].Dina Ambalan aya organisasi anu ngawadahan aspirasi penegak anu dingaranan DA(Dewan Ambalan)[5]. Cara kerja dewan ieu nya éta nyieun kaputusan sacara musyawarah mufakat[5].Dina Ambalan penegak aya pembina[5]. Pembina mangrupa dulur kolot Ambalan Penegak anu kudu dihargaan jeung diajénan[5].Golongan usia pramuka anu kagolong kana Penegak nya éta 16-20 taun[5].Dina hiji Ambalan aya sababaraha kelompok leutik anu disebut Sangga[5]. Sangga dipingpin ku saurang pamingpin anu dibantuan ku wawakilna[5]. Ngaran-ngaran Sangga dina Pramuka Penegak biasana nyokot tina tahapan kamerdikaan Indonesia, nya éta:

1. Sangga perintis[5]
2. Sangga Penegas[5]
3. Sangga Pendobrak[5]
4. Sangga Pencoba[5]
5. Sangga Pelaksana[5]

Tapi salian ti eta, ngaran sangga bisa oge nyokot tina ngaran sato, kembang, tokoh wayang atawa nu paling sederhana ngaeta ku nomer, jiga Sangga 1 Sangga 2 jrrd. Kode kehormatan Pramuka Penegak sarua jeung kode kehormatan penegak Penggalang nya éta Tri satya jeung Dasa Dharma[5].

Lawungan Pramuka penegak[édit | sunting sumber]

1.PW (Perkémahan Wirakarya)[5]

PW nya éta lawungan Pramuka anu diayakeun ku penegak jeung pandéga ti rupa-rupa satuan (Ambalan dan satuan Karya)[5]. Kagiatan ieu ngahijikeun diri sarta ngawangun masarakat anu luyu jeung jangji Tri Satya[5].

2.Raimuna [5]

Raimuna nya éta perkémahan pikeun ngabina jiwa Pramuka Penegak/ Pandéga anu miboga sifat kréatif jeung produktif anu ngawengku unsur edukatif (atikan) ngaliwatan sababaraha kagiatan kawas ieu dihandap:

1. Lomba karya di widang téhnologi tepat guna[5]
2. Lomba Karya tulis[5]
3. Lomba kaparigelan[5]
3.Musppanitra[5]

Musppanitra nya éta dialog musawarah penegak/pandéga putera jeung puteri anu ngabahas masalah-masalah organisasi, kagiatan, program gawé, anggaran jeung sajabana[5]. Aya sababaraha tingkatan ngayakeun Musppanitra nya éta Musppanitra Nasional, Musppanitra Daérah, jeung Musppanitra Cabang[5].

4. Pesta Karya

Pesta Karya nya éta lawungan spésifik(husus) anu dihadiran ku Penegak/ pandéga anggota Saka (Satuan Karya)[5].Anapon rupa-rupa Pésta Karya nya éta Pésta Karya Taruna Bumi, Pésta Karya Bhayangkara, Pésta Karya Bahari jeung Pésta Karya Dirgantara[5].

Tingkatan Pramuka Penegak[édit | sunting sumber]

Pramuka Penegak Putri
a.Penegak Bantara[5]

Syarat asup jadi Penegak Bantara, nya éta:

-Nyumponan SKU Penegak Bantara[5]
-Dilantik ku pembinana[5]
b.Penegak Laksana[5]

syarat asup jadi Penegak Laksana, nya éta:

-Nyumponan SKU Penegak Laksana[5]
-Dilantik ku pembinana[5]

Lagu Hymne Pramuka[édit | sunting sumber]

Kami pramuka Indonesia[6]
manusia Pancasila[6]
Satyaku ku Dharmakan[6]
Dharmaku ku Baktikan[6]
Agar Jaya Indonesia[6]
Indonesia Tanah Airku[6]
Kami jadi Pandumu[6]

Sandi Rusiah di Pramuka[édit | sunting sumber]

Nalika taun 1823 di Amerika kapanggih Morse[5]. Nu manggihan Morse téh nya éta Samuel F.B Morse[5]. Hurup ieu dipaké salaku alat komunikasi anu sifatna rusiah[5].

Semaphore nya éta alat komunikasi dua arah anu wangunna dua bandéra, unggal bandérana aya gagangan[5].Warna anu sering dipaké jadi warna bandéra nya éta warna beureum atawa konéng[5].

  • Rupa-Rupa Sandi

Sandi mangrupa kode rusiah[5]. Kode ieu bisa dipikanyaho ku jalma anu wanoh kana ieu sandi[5].Dina pramuka aya sababaraha rupa sandi diantarana nya éta:Sandi Angka, Sandi A-N, Sandi A-Z,Sandi Rumput, jeung Sandi Udang[5].

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. Pramuka(diakses 2 Desember 2011)
  2. a b Pramuka (diakses 2 Desember 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au Sejarah Awal Mula Pramuka di Dunia(Diakses 9 November 2011)
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p Lambang Gerakan Pramuka(diakses 9 november 2011)
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo bp bq br bs bt bu bv bw bx by bz ca cb cc cd ce cf cg ch ci cj ck [Riyanto, lukys.dkk.[s.a] PEGANGAN LENGKAP GERAKAN PRAMUKA. Surabaya: Terbit Terang]
  6. a b c d e f g Lagu Hymne Pramuka ](diakses 2 Desember 2011)