Prasasti Ciaruteun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Prasasti Ciaruteun atawa prasasti Ciampéa nyaéta prasasti nu kapanggih di sisi walungan Ciaruteun, deukeut muara walungan Cisadané Bogor. Prasasti kasebut mangrupakeun titilar karajaan Tarumanagara.

Perenah[édit | sunting sumber]

Prasasti Ciaruteun perenahna di désa Ciaruteun Hilir, kacamatan Cibungbulang, Kabupatén Bogor persisna dina koordinat 0°7’2,76” BB (ti Jakarta) sarta 6°38’09”.

Tempat kapanggihna ieu prasasti mangrupa pasir datar nu kacapit ku tilu walungan: Cisadané, Cianten jeung Ciaruteun. Nepi ka abad ka-19, tempat ieu masih dilaporkeun salaku Pasir Muara, nu kaasup tanah swasta Ciampéa ( kiwari kaasup wilayah Kacamatan Cibungbulang).

Numutkeun Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara parwa 2, sarga 3, kaca 161 kasebutkeun yén Tarumanagara téh boga rajamandala (bawahan) nu ngaranna "Pasir Muhara".

Panimuan[édit | sunting sumber]

Prasasti Ciaruteun dilaporkeun ku pupuhu Bataaviasch Genootschap van Kunsten en Weten-schappen (ayeuna Musieum Nasional) dina taun 1863. Alatan caah gedé dina taun 1893, prasasti ieu pindah tempat sawatara méter ka hilirkeun sarta bagian batu anu aya tulisan jadi tibalik ka handap. Saterusna dina taun 1903 prasasti ieu dipindahkeun ka tempat asalna. Dina taun 1981 Direktorat Perlindungan dan Pembinaan Peninggalan Sejarah dan Purbakala Departemen Pendidikan dan Kebudayaan ngangkat sarta mindahkeun prasasti ieu ambéh henteu keséréd deui ku caah.

Rupa Bahan[édit | sunting sumber]

Prasasti Ciaruteun dijieun tina batu alam.

Eusi[édit | sunting sumber]

Prasasti Ciaruteun ditulis maké aksara Pallawa anu disusun dina wangun siloka basa Sansakerta kalawan métrum Anustubh anu ngawengku tilu jajar sarta dina bagian handap tulisanana aya pahatan gambar beuti sarta sulur-suluran (pilin), sapasang tapak suku sarta lancah.

Teks:

"vikkranta syavani pateh shrimatah purnavarmanah tarumanagarendrasya vishnoriva padadvayam"

Hartina numutkeun Vogel:

"Dua tapak suku nu siga tapak suku Wisnu ieu kagungan raja dunya nu gagah perkosa nu kawentar Purnawarman nu ngawasa Tarumanagara."

Prasasti Ciaruteun mibanda gambar "pandatala" (tapak suku) nu nunjukkeun tanda kakawasaan (Purnawarman, 395-434 M) nu mingpin Tarumanagara.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Barat Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajengkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkeologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonesia.
  2. Saléh Danasasmita. 1983. Sejarah Bogor (Bagian I). PEMDA DT II Bogor, Bogor.
  3. H.P.Hoepermans “Hindoe-Oudheden va Java (1864)” ROD 1913:75
  4. J.F.G.Brumund “Bijdragen tot de kennis va het Hindoeisme op Java” VBG.XXXIII 1868:64
  5. A.B.Cohen Stuart “Heilige Voetsporen op Java” BKI 3(X) ogé dina basa Inggris nu judulna: “Sacred Footprints in Java” Indian AntiQuary IV. 1875:355-dst
  6. D.van Hinloopen Labberton “Ueber di Bedeutung der Spinne in der Indischen Literatuur” Zeitschrift der Deutschen Morgenlandischen Geselschaft. 66. 1912:601
  7. H. Kern “Over de sanskrit-Opschrifte n van Jambu (Batavia) (± 450 A.D), Verspreide Geschriften VII. 1917:4-5.
  8. J.Ph.Vogel “the Earliest Sanskrit Inscription of Java” POD. I. l925:21-24. Plate 28-29
  9. N.J.Krom “Inventaris der Hindoe-oudheden” ROD. 1914, l915:30 (dina jero katerangan atawa cutatan nomer 61)
  10. R.M.Ng.Poerbatjaraka, Riwayat indonesia I l952:12
  11. L.Ch.Damais “Les Ecritures d’Origine Indienne en Indonesie et dans le Sud-Est AsiatiQue Continental” BSEI. XXX(4). L955:365-382. Hususna prasasti Ciaruteun.
  12. Bambang Soemadio (et.al. editor) Sejarah Nasional Indonesia II, Jaman Kuna. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan l975:39-40; l984:40