Prasasti Kawali

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Prasasti Astana Gede Kawali, Ciamis.
Prasasti Kawali taun 1863-1864

Prasasti Kawali nujul sakumpulan prasasti (sahanteuna aya genep) nu kapanggih di Kabuyutan Astana Gedé di Kawali, Ciamis, Jawa Kulon. Prasasti ieu migunakeun basa jeung aksara Sunda Kuna (Kaganga). Najan teu mibanda candrasangkala, tina prasasti Kawali I bisa dikira-kira asalna dumasar ngaran raja nu disebut dina éta prasasti.

Dumasar babandingan jeung titinggal sajarah lianna, kayaning Carita Parahyangan jeung Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara, bisa cindekkeun yén prasasti Kawali I mangrupakeun sakakala atawa pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastu Kancana (Prabu Raja Wastu), nu ngadaton karajaan Sunda ti Kawali, putra Linggabuana nu gugur nalika perang Bubat.

Prasasti Kawali I[édit | sunting sumber]

Gambar séjénna.

Prasasti Kawali I mibanda tulisan di dua sisi, nyaéta di bagian beungeut jeung bagian sisi nu kandel.

Tulisan di bagian beungeut prasasti (per baris):

  1. nihan tapa kawa-
  2. li nu sang hyang mulia tapa bha-
  3. gya parëbu raja wastu
  4. mangadeg di kuta kawa-
  5. li nu mahayuna kadatuan
  6. sura wisesa nu marigi sa-
  7. kuliling dayeuh. nu najur sakala
  8. désa aja manu pandeuri pakéna
  9. gawé ring hayu pakeun heubeul ja-
  10. ya dina buana

Tulisan di bagian sisi nu kandel (per baris):

  1. hayua diponah-ponah
  2. hayua dicawuh-cawuh
  3. inya neker inya angger
  4. inya ninycak inya rempag


"Ieu tapak di Kawali ti tapa Sang Hyang Mulia Prabu Raja Wastu anu maréntah di Kawali, nu geus mapaésan kadatuan Surawisésa, nu marigi sakuriling dayeuh, nu ngamakmurkeun sakabéh wilayah. Pikeun nu rék datang, geura paké gawé nu rahayu sangkan lila jaya dunya."
"Ulah diruksak!
Ulah samena-mena!
Mun dipiara bakal angger
Mun ditincak bakal rempag"

Prasasti Kawali II[édit | sunting sumber]

Prasasti Kawali III[édit | sunting sumber]

Prasasti Kawali IV[édit | sunting sumber]

Prasasti Kawali V[édit | sunting sumber]

Prasasti Kawali VI[édit | sunting sumber]

Transkripsi Darsa, 1998 Ini Preting galna nu atis ti rasa aya ma nu ngeusi dayeuh baweu ulah botoh bisi kokoro " Inilah amanat dari mendiang yang telah sempurna, bagi siapapun yang tinggal di negeri ini, jangan serakah karena akan menimbulkan kesengsaraan/penderitaan/kemiskinan."

Bacaan Salajengna[édit | sunting sumber]

  • J. G. de Casparis. 1975. Indonesian Paleography.
  • Yoséph Iskandar. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.
  • Richadiana Kartakusuma. 2005. Situs Kawali: ajaran Sunda dalam tradisi mégalitik? dina Sundalana 4: 41-64. Pusat Studi Sunda, Bandung.

Baca ogé[édit | sunting sumber]


Arjuna Wayang.jpg