Prasasti Pajangjian Sunda-Portugis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Pajangjian internasional karajaan SundaPortugis dituliskeun dina hiji prasasti anu disebut Luso-Sundanese Treaty of Sunda Kalapa.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Lantaran tumuwuhna kakuatan Demak jeung Cirebon (palabuan karajaan Sunda) raja Sunda, Sri Baduga Prabu Siliwangi, ménta bantuan ti Portugis nu aya di Malaka. Ku kituna, dina taun 1512 sarta 1521, Sri Baduga ngutus putra makuta Prabu Surawisésa, anu katelah ogé Ratu Sanghyang, ka Malaka pikeun ngajak Portugis nandatanganan pajangjian damé sarta pikeun ngawangun bénténg di palabuan utama karajaan Sunda nyaéta Sunda Kalapa).[1]

Dina taun 1522, Portugis siap nyieun koalisi jeung raja Sunda. Mangsa harita ngarupakeun mangsa réngséna palayaran ngurilingan dunya anu dilakukeun ku Magellan.

Komandan bénténg Malaka dina waktu éta téh Jorge de Albuquerque. Dina taun 1522, manéhna ngirim hiji kapal, Sao Sebastiao, anu dikadalian ku Kaptén Henrique Leme, ka Sunda Kalapa sarta mawa barang-barang berharga pikeun dijadikeun hadiah ka raja Sunda. Aya dua sumber tinulis anu ngawincik ahir tina pajangjian. Anu kahiji nyaéta dokumén asli Portugis anu asalna tina taun 1522 anu mangrupa naskah pajangjian anu ditandatanganan para saksi, sarta anu kadua nyaéta laporan kajadian anu ditepikeun ku J. de Barros dina bukuna Da Asia, anu dicitak henteu lila saméméh taun 1777/78.

Nurutkeun sumber-sumper sajarah ieu, raja Sunda ngabagéakeun kalayan soméah kadatangan urang Portugis. Waktu éta (1512 sarta 1521), Putra Makuta (Ratu Sanghyang atawa Prabu Surawisésa) geus naék tahta ngagantikeun ramana jadi raja Sunda sarta Barros nyebut sarta ngucapkeunna ngaran anjeunna teh "raja Samio". Raja Sunda satuju pikeun nyieun pajangjian jeung raja Portugal sarta mutuskeun pikeun masrahkeun sawidang tanah di muhara walungan Ciliwung minangka tempat balabuh kapal-kapal Portugis. Sajaba ti éta, raja Sunda jangji lamun pangwangunan bénténg geus dimimitian mangka anjeunna baris nyumbang sarébu karung pedes ka Portugis (leuwih ti 20 ton). Dokumén kontrak kasebut dijieun rangkep dua, hiji salinan pikeun raja Sunda sarta hiji deui pikeun raja Portugal; duanana ditandatanganan dina tanggal 21 Agustus 1522.

Dina poé panandatangan pajangjian kasebut, sawatara santana karajaan Sunda babarengan jeung Henrique Leme sarta rombonganna indit ka lahan anu baris jadi bénténg pertahanan di muhara walungan Ciliwung. Henrique Leme ngadegkeun prasasti, anu disebut padrao, di wewengkon anu ayeuna jadi Kalurahan Tugu di Jakarta Kalér. Kabiasaan bangsa Portugis pikeun ngadegkeun padrao waktu maranéhanana manggihan tanah anyar. Padrao kasebut ayeuna ditunda di Musieum Nasional Jakarta.

'Padrao' Pajangjian Sunda-Portugis dina taun 1522 disimpen di Musieum Nasional Jakarta

Portugis gagal pikeun nyumponan jangjina balik deui ka Sunda Kalapa pikeun ngawangun bénténg lantaran ayana pasualan di Goa, India.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Zahorka, Herwig. 2007. The Sunda Kingdoms of West Java, From Tarumanagara to Pakuan Pajajaran with Royal Center of Bogor, Over 1000 Years of Propsperity and Glory. Yayasan Cipta Loka Caraka, Jakarta.

Tumbu luar[édit | sunting sumber]