Protozoa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
protozoa

Protozoa mangrupa jumplukan séjén tina protista eukariotik, manéhna ngan diwangun ku hiji sél tunggal. Kabéh protozoa hirup di cai atawa tempat anu baseuh.[1] Manéhna bisa moro, néangan kadaharan, saterusna nyerepan kadaharan éta.[1] Manéhna bisa nyerep kadaharan éta sarta ngokolakeunana jadi zat anu hirup. [1] Manéhna bisa nafas sarta ngalaksanakeun prosés pameuleuman kana kadaharan anu didahar, tuluy miceun kokotorna sorangan.[1] Protozoa ogé bisa nuluykeun turunan jenisna.[1] Protozoa ngalobaan dirina ku cara meulah diri jadi dua sarta unggal beulahan éta ngajanggélék jadi sato anyar anu kapisah sarta pepek ogé.[1] Tapi bisa ogé ku cara ngabalukarkeun bareuh-bareuh leutik anu disebut kuncup, anu lamun peupeus baris nyieun sato anu anyar sarta kapisah.[1] Aya leuwih ti 15.000 macem protozoa ku kituna para ahli élmu pangaweruh geus ngabagi-bagina dina sagala rupa golongan sarta jumplukan.[1] Dua golongan utama protozoa éta téh “rhizopoda” sarta anu séjénna deui “infusoria”.[1] Jenis Rhizopoda miboga “suku semu” anu bisa ngayun ka sagala rupa jurusan sarta bisa ogé dikenyang balik surut ka dina awakna.[1] Salah sahiji kulawarga golongan ieu anu metot perhatian nyaéta “Foraminifera” atawa si penggurdi liang.[1] Maranéhanana maké kulit kerang leutik-leutik dijieun ti zat kapur, di mana aya liang-liang leutik didinyana.[1] Sato ieu hirup di sagara anu suhuna panas sarta sedeng.[1] Lamun maot, kulit kerangna éta murag ka dasar sagara sarta salila perédaran jaman anu mangabad-abad lilana sésana téh bakal ngahasilkeun bahan tambang kapur.[1] Infusoria kaasup jenis protozoa anu leuwih hésé susunanana.[1] Manéhna miboga bulu-bulu lemes anu nonjol ka luar ti sélna, anu dipakéna minangka dayung pikeun usik di jero cai.[1] Wangun protozoa anu leuwih maju geus ngabogaan bulu-bulu buuk anu nonjol sarta disebut “silia”.[1] Protozoa nu tangtu hirup minangka parasit di jero diri manusa atawa sato.[1] Dina tingkat kahirupan maranéhanana anu nu tangtu, maranéhanana nyieun spora.[1] Sawatara ti protozoa ieu ngabalukarkeun panyakit kawas malari sarta panyakit saré dina manusa.[1]

Sistem Transportasi Protozoa[édit | sunting sumber]

Protozoa teu kaasup jumplukan sato tapi kaasup protista jiga sato.[2] Protozoa henteu miboga pakakas transportasi husus.[2] Ku alatan awakna ngan kasusun kana hiji sél, sakumna aktivitas hirupna dilaksanakeun ku sél éta sorangan, kaasup prosés transportasina conto protozoa antara séjén Amoeba sarta Paramecium.[2] Protozoa nyerepan oksigen sarta cai ngaliwatan sakumna permukaan awakna.[2] Zat éta asup ka dina plasma sél.[2] Saterusna zat-zat kasebut medar di jero sitoplasma ngaliwatan prosés difusi.[2] Difusi nyaéta perpindahan zat ti konsentrasi luhur ka konsentrasi pendék. Zat-zat anu dihasilkeun dikunjal ku plasma sél ka membran sél pikeun dikaluarkeun.[2] Jadi, membran sél boga fungsi minangka tempat patukerna zat. Zat-zat asup sarta kaluar sél ngaliwatan mémbran plasma.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 144
  2. a b c d e f g h (id) Syamsuri, Istamar. Biologi Jilid II Untuk SMA Kelas XI Semester 1. Jakarta: Erlangga.
Nulis.jpg