Purba Sari Ayu Wangi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Purba Sari Ayu Wangi dina carita pantun Lutung Kasarung mangrupa palaku utama wanoja, putri bungsu Prabu Tapa Ageung jeung permaisurina Nitisuari ti karajaan Pasir Batang Anu Girang.[1] Sanajan carita ieu terkenalna ku ngaran Lutung Kasarung, tapi sosok Guru Minda anu saterusna ngajanggélék jadi lutung, lain palaku utamana.[1] Guru Minda anyar mecenghul dina carita sanggeus Purba Sari ngalaman kateuadilan ti kakana sorangan Purba Rarang.[1] Anu nalangsa ku teu adilna jeung ahli patapa lain satria siga Mundinglaya Dikusumah, tapi hiji putri nyaéta Purba Sari Ayu Wangi.[1]

Sifat-sifat Putri dina Carita Pantun[édit | édit sumber]

Purba Sari mangrupa tokoh anu idéal: putri anu sabar darana, tahan disangsara, tara bahula ka sakoloteun bari teu weléh percaya yén bebeneran bakal unggul, yén nu hak bakal ngadeg.[2] Tapi yén Purba Sari gé jalma, nu mibanda kangeunah jeung kateungeunah, nu boga rasa geuneuk maleukmeuk neundeun geuleuh jeung katugeunah.[2]

Dina ngalukiskeun sifat-sifat putri, sang juru pantun ngomong:

Semu ratu sorot ménak
bulu bitis muri-muril
tetenger jadian kuring;
tetenger jadian taun;
sangauang dina tarang
tetenger jadian kuras;
puterkurung dina irung
tetenger terah wong agung;
tapak jalak dina létah
tetenger bisa maréntah;
taktak taraju jawaeun
geulis ti nitis ngajadi;
jalma lenjang ti pangpangna
geulis datang kanu lahir
terus kalangit ping pitu
parat ka congkar buana
komarana mancur ka langit.
[1]

Dina lukisan éta kasampak yén kageulisan Purba Sari lain ngan ukur kageulisan lahir tapi rohani ogé.[1] Kitu deui Purba Sari lain ngan ukur rohani na waé anu geulis tapi nepika jasmanina ogé.[1] Kageulisan éta sérabna teu ngan nepika jalma-jalma di Buana Panca Tengah (dunia) wungkul, tapi tembus ogé nepika langit katujuh.[1] Anu menarik dina carita pantun, yén kageulisan Purba Sari disebutkeun sarua jeung Kageulisan Sunan Ambu[1] Jigana kageulisan Purba Sari jeung Sunan Ambu lain hiji hal nu teu dihaja.[1] Tapi Purba Sari geus di tetepkeun ku Prabu Tapa Ageung salaku pawaris tahta karajaan Pasir Batang anu Girang, lantaran baginda nempo nilai-nilai rohani anu di piboga ku putri bungsuna éta.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k (id) Rosidi, Ajip. Manusia Sunda, Kiblat Buku Utama, Bandung,2009.
  2. a b (id) Rosidi, Ajip. Ngalanglang Kasusastran Sunda, Kiblat Buku Utama, Bandung,2009.