Réstorasi Méiji

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Réstorasi Méiji (明治維新 Meiji-ishin?), disebut ogé Meiji Ishin, Revolusi, atawa Renewal, nyaéta runtuyan kajadian nu mangaruhan kana robahna stuktur politik jeung sosial di Jepang. Kajadian ieu ti taun 1866 nepi ka 1869, periodena salila tilu taun ti mimiti ahir Edo (ilahar disebut Ahir Kashogunan Tokugawa) sarta awal Era Meiji. Kajadian nu leuwih penting antara taun 1862-69 dumasar urang asing dina A Diplomat in Japan ku Sir Ernest Satow. Restorasi mere respon langsung ku dibukana Jepang ku datangna Kapal Hideung Laksamana Matthew Perry.

Formasi dina taun 1866 nyaeta Sat-cho Alliance antara Saigo Takamori, pamingpin wewengkon Satsuma jeung Kido Takayoshi, pamingpin wewengkon Choshu, nandaan awal restorasi Meiji. Dua pamingpin ieu ngadukung kaisar sarta dibawa ku Sakamoto Ryoma keur ngalawan Tokugawa Shogunate (bakufu) sarta mulangkeun kakawasaan kaisar.

Panungtungan ka-shogun-an Tokugawa sacara resmi dina November 9, 1867, basa Shogun Tokugawa ka-15, Tokugawa Yoshinobu "nyerenkeun hak istimewa ka kaisar" sarta mundur tina jabatanna 10 poe saanggeusna. Poe eta dianggap efektifna "restoration" (Taisei Hōkan) dumasar kana aturan kaisar, sanajan Yoshinobu masih keneh usaha keur nyekel kakawasaan.

Teu lila ti harita dina Januari 1868, Perang Boshin (Perang Taun Naga) dimimitian ku Perang Toba Fushimi nu mana kakuatan tentara dipimpin ku Choshu jeung Satsuma ngelehkeun tentara urut shogun tur ngabuktikeun kakuatan Kaisar keur ngelehkeun Yoshinobu. Sababaraha kakuatan shogun lumpat ka Hokkaido, nu saterusna misahkeun maneh ku nyieun Republik Ezo, tapi ahirna ngahiji dina ahir Mei 1869 ku dikepungna Hakodate, Hokkaido. Elehna tentara urut shogun (pingpinan Hijikata Toshizo) ngajadi tanda Restorasi Meiji; sakabeh nu nolak ka kaisar tur tamatna aturan shogun.

Para pamingpin Restorasi Meiji, saperti dina revolusi saterusna dipikawanoh dina ngaran aturan restorasi aturan kaisar. Kakuatn pulitk sacara sederhana pindah ti Shogun Tokugawa Shogun kana oligarki, nu kawentar ti Propinsi Satsuma (Okubo Toshimichi jeung Saigo Takamori), sarta di Propinsi Choshu (Ito Hirobumi, Yamagata Aritomo, jeung Kido Koin.) Kawentarna ku sabab idena dina aturan kaisar baheula yen kaisar ngarupakeun nu nyekel kakawasaan pangluhurna, sedengkeun perdana menti ngatur nagara dumasa kana parentahna.

Para pamingpin[édit | sunting sumber]

Ieu para pamingpin dina Restorasi Meiji mangsa Kaisar Jepang mulangkeun kakawasaan ti Tokugawa shoguns. Sababaraha diantara jadi Perdana Menteri Jepang.

Efekna[édit | sunting sumber]

Restorasi Meiji ngarupakeun katalis ka arah industrialisasi di Jepang nu ngajadikeun ieu nagara kapuloan salah sahiji kakuatan militer dina taun 1905, sloganna nyaeta "Kama'muran Nasional tur Kakuatan Militer" (fukoku kyohei, 富国強兵).

Oligarki Meiji nyieun pamarentahan dina aturan kaisar mimiti ngawanohkeun konsolidasi kakuatan keur ngalawan sesa-sesa pamarentahan periode Edo, nyaeta shogun, daimyo jeung samurai. Dina taun 1868, Kaisar nyokot sakabeh taneuh ti Tokugawa sarta dijadikeun dina kakawasaanna. Dina taun 1869, para daimyo Tosa han, Hizen han, Satsuma han jeung Choshu han, nu kacida ngalawanna ka shogun, dirayu sangkan mulangkeun kakawasaanna ka kaisar, oge ka daimyo-daimyo sejenna. Ahirna, dina taun 1871, daimyo, nu tiheula jeung ayeuna, digero ka kaisar, tur dijelaskeun yen sakabeh kakawasaan nu aya dipulangkeun ka kaisar. Leuwih 300 domain (han) diasupkeun kana prefektur, nu dipingpin ku gubernur. Nepi ka taun 1888, sababaraha perfektur ngahiji ngaliwatan sababaraha kali proses tur jumlahna ngurangan jadi 75. Daimiyo dijanjikeun bakal narima 1/10 tina pangasilan pribadina. Saterusna, sesana tur gajih samurai bakal dicokot ku nagara.

Oligarki oge usaha keur ngaleungitkeun opat kelas masarakat.

Dina waktu harita di Jepang, jumlah samurai 1.9 juta, (mun dibandingkeun jeung Perancis leuwih ti 10 kalina samemeh Revolusi Peranci taun 1789; sanajan samurai di Jepang lain abdi raja, tapi kaasup masarakat kelas luhur tur ngarupakeun pagawe). Unggal samurai perlu dibayar, sarta jumlahna nu loba ngajadikeun beban ka oligarki nu nyababkeun kudu ayana tindakan. Naon anu sabenerna gawe para samurai, oligarki laun-laun ngurangan tur ngaleungitkeun kelas samurai. Mimitina, dina taun 1873, diumumkeun yen para samurai kudu mayar pajeg. Ahirna, dina taun 1874, samurai dibere pilihan keur ngobah pangasilanna kana surat berharga pamarentah. Ahirna, dina taun 1876, aturan ieu diwajibkeun.

Reformasi di widang militer, pamarentah ngaluarkeun aturan wajib militer dina taun 1873, nu ngawajibkeun sakabeh lalaki milu wajib militer salila 3 taun dina umur dua puluh hiji taun. Salah sahiji beda utama antara samurai jeung patani nyaeta dina ijin mawa pakarang, beda ti nu baheula sabab sakabeh lalaki meunang mawa pakarang dina ieu aturan.

Hal ieu nyababkeun protes kateusugemaan ti para samurai. Salah sahiji protes nu pangkuatna dipingpin ku Saigo Takamori, pemberontakan Satsuma, nu nyababkeun ayana perang sodara. Pangabarontakan ieu kalayan gancang bisa dipareuman ku tentata nu anyar dijiun ku kaisar, dilatik make taktik jeung pakarang Kulon, salah sahiji kakuratan ieu tentara nyaeta pulisi Tokuo, nu sabagean gede asalna para samurai. Ieu ngabuktikeun yen samurai mimiti nurut kana parentah kaisar. Ayana samurai nu ngabaruntak tur nu jadi tentara kaisar, kabehanna ngahiji dina kahirupan sosial nu anyar. Kahirupan samurai nu romastis dina sumanget hirupna dijadikeun bahan propaganda dina awal perang Abad ka-20.

Sanajan kitu, hal ieu sarua jeung kasataraan nu utama sanajan status samurai dileungitkeun. Loba samurai nu digawe di birokrasi pamarentahan, nu ampir sarua ngabogaan kelas luhur. Para samurai nu sacara pendidikan leuwih alus tinimbang nu sejenna, aya nu jadi guru, pagawe pamarentah atau militer. Sanajan sacara formal gelar samurai dileungitkeun, sumanget elitna dicirikeun ku kelas samurai aya nepi ka taun 1870-an.

Oligarki oge ngayakeun reformasi lahan. Dina sabagean, maranehna dilegalkeun ku sistim "tenan" nu geus dipake salila periode Tokugawa. Sanajan bakufu ngarupakeun usaha nu hade keur ngurangan kelas masarakat, salila patani mimiti nyewakeun lahan ka patani sejen, jadi beunghar dina proses ieu. Ieu kacida ngagangguna dina sistim kelas nu dijieun ku bafuku, sabagean diantarana jadi bangkrut.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan jeung bacaan saterusna[édit | sunting sumber]

Beasley, W. G. The Rise of Modern Japan: Political, Economic and Social Change Since 1850. St. Martin's Press, New York 1995.

Murphey, Rhoads. East Asia: A New History. Addison Wesley Longman, New York 1997. The names of the Meiji Oligarchists were drawn this work.

Further reading: A Diplomat in Japan by Sir Ernest Satow ISBN 4925080288

Akamatsu, Paul. Meiji 1868: Revolution and Counter-Revolution in Japan. Trans. Miriam Kochan. New York: Harper & Row, 1972.

Beasley, W. G. The Meiji Restoration. Stanford: Stanford University Press, 1972.

Craig, Albert M. Chōshū in the Meiji Restoration. Cambridge: Harvard University Press, 1961.

Jansen, Marius B. and Gilbert Rozman, eds. Japan in Transition: From Tokugawa to Meiji. Princeton: Princeton University Press, 1986.

Jansen, Marius B. The Making of Modern Japan. Cambridge: The Belknap Press of Harvard University Press, 2000.

Wall, Rachel F. Japan's Century: An Interpretation of Japanese History since the Eighteen-fifties. London: The Historical Association, 1971.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]