R.A.A. Wiranatakusumah V

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
R.A.A Wiranatakusumah

Raden Adipati Aria Muharam Wiranatakusumah (lahir di Bandung, 28 Nopémber 1888, pupus 22 Januari 1965). Bupati Bandung, Menteri Dalam Negeri nu munggaran di Républik Indonésia, Ketua Déwan Pertimbangan Agung nu munggaran. [1] Leuwih dipikawanoh ku sebutan Dalem Haji.

Babad Salira[édit | sunting sumber]

Anjeunna téh putra Adipati Kusumahdilaga, bupati Bandung ka-9 (1874-1893) jeung Radén Ayu Sukarsih. [2] Ngaran leutikna mah Aom Muharam. Nalika umur lima taun, ramana ngantunkeun. [2] Anjeunna tuluy dirorok ku ibuna nepi ka umur salapan taun. [2] Nalika dikantun ramana, ditunjuk tiluan pikeun jadi walina, nyaéta R. Martanagara (Bupati Bandung), R. Ardinagara (Jaksa Bandung), dan Suriadiningrat (Camat Cilokotot/Cimahi).[2]

Nalika yuswana salapan taun, Muharam dititipkeun ka kulawarga Adams turta meunang atikan Barat. Sakola formal nu kungsi disuprih nyaéta ELS (1901), laju neruskeun ka OSVIA nepi ka kelas III, saterusna ku pangjurung Dr. Snouck Hurgronje, dina taun 1904 anjeunna pindah ka HBS atawa Gymnasium Willem III di Batavia turta meunang gelar diploma dina taun 1910. Riwayat atikanana sakabéhna di Bandung.[2]

Nasionalismeu Wiranatakusumah[édit | sunting sumber]

Wiranatakusumah dina acara Kongres Praijaji-Bond taun 1929 di Solo

Wiranatakusumah kungsi jadi wali nagara Pasundan.[3] Ieu hal ngabalukarkeun dirina teu meunang pangaku minangka nasionalis.[3] Padahal, déklarasi nagara pasundan téh saéstuna aya dua. Nu Kahiji, nagara Pasundan nu diproklamasikeun ku Partai Rakyat Pasundan (PRP) tanggal 4 Méi 1947, di Alun-alun Bandung.[3] Harita, Radén Mohammad Soeria Kartalegawa jadi presiden, jeung dr. Radén Koestomo jadi kabinetsformateur.[3] Nya ieu nagara pasundan anu ngadéklarasikeun dirina misahkeun ti nagara Républik Indonésia.[3] Sanajan meunang pangrojong Walanda, tétéla umurna henteu panjang.[3]

Kadua, nagara Pasundan nu dibentuk dumasar tilu kali Konférénsi Jawa Barat nyaeta Dina tanggal 12-19 Oktober 1947, 16-20 Désémber 1947, jeung 23 Pébruari-5 Maret 1948.[3] Numutkeun sajarawan Agus Mulyana, dina éta konférénsi téh aya tilu kubu, nyaéta Féderalis nu hayang ngadegkeun nagara di Jawa Barat sarta papisah ti RI, Républiken nu teu mikahayang ngadegkeun nagara di Jawa Barat nu misah ti RI, jeung anu nétral nu nungguan naha mihak Féderalis atawa Républiken.[3]

Sanggeus dua kali deadlock, konférénsi katilu antukna milih Wiranatakusumah nu diusulkeu ku faksi Republiken jadi wali nagara.[3] Anjeunna ngéléhkeun Hilman Djajadiningrat nu diusulkeun ku faksi Féderalis.[3]

Kana nagara Pasundan nu kahiji, Wiranatakusumah katut kulawargana nolak pisan. Samalah ka wartawan Antara yang nu satuluyna dimuat dina Soeloeh Ra`jat, 8 Mei 1947, Wiranatakusumah nétélakeun, “Aksi Pasundan itu tidak berdasar atas riwayat sebagai perjuangan untuk kemerdekaan Indonesia…. Rakyat Pasundan di daerah-daerah yang diduduki oleh orang-orang Belanda dipaksa supaya menjadi anggota Partai Rakyat Pasundan. Aksi itu bertentangan dengan demokrasi dan peraturan-peraturan pokok persetujuan Linggarjati. Dipandang dari sudut ekonomi, adalah tak mungkin untuk mendirikan suatu negara Pasundan yang berdiri sendiri.”[3]

Wiranatakusumah jeung Islam[édit | sunting sumber]

Wiranatakusumah nganggo raksukan Arab

Kaislaman Wiranatakusumah katangén pisan nalika anjeunna mulih ti Mekkah satutas ibadah haji.[4] Sanggeus mulang ti tanah suci, anjeunna teu weléh maké pakéan saperti urang Arab nalika rék solat Juma'ah. [4] Di lingkungan kadaleman Bandung ogé anjeunna nyieun hiji rohangan anu niru-niru wangunan di Arab.[4] Saban waktu buka puasa atawa saur dina bulan Romadon, Dalem Haji ngagedurkeun meriem kawas di Arab deuih.[4] Sajaba ti éta, anjeunna ogé naratas ide pikeun ngadegkeun masjid raya di Bandung nu dingaranan Quwwatul Islam, samalah kungsi mesen rarancang gambarna ka Sukarno, hanjakal rarancangna téh teu tinekanan.[5]

Saéstuna saméméh munggah haji ogé anjeunna téh geus deukeut jeung para tokoh ulama ti Cianjur nalika anjeunna nyekel kalungguhan minangka Bupati Cianjur, saperti jeung K.H. R. Muhammad Isa Al-Kholidi.[5] Nalika Wiranatakusumah nyekel kalungguhan Bupati Bandung kitu deuih, anjeunna dalit jeung panghulu Bandung nu kawentar, Haji Hasan Mustapa (1852-1930).[5]

Tapi di antara nu disebut di luhur, bukti nu paling nembrak mah ngaliwatan buku-bukuna nu dihasilkeun satutas anjeunna munggah haji, diantarana:

  1. (nl) Mijn Reis naar Mekka; naar het dagboek van den regent van Bandoeng Raden Adipati Aria Wiranatakoesoema (1924),
  2. (nl) De beteekenis der mohammedaansche feestdagen (1931),
  3. (nl) Het leven van Muhammad, de profeet van Allah (1940),
  4. Riwajat kangdjeng Nabi Moehammad s.a.w. (1941),
  5. Khotbah Lebaran (1937),
  6. (nl) Moreele en Geetelijke Herbewapening uit Islamietisch Oogpunt (1939),
  7. Miraj Kangjeng Nabi Muhammad SAW,
  8. Khalwat (1948),
  9. (nl) Islamiestische Democratie in Theorie en Praktijk (1948), jeung
  10. Soerat Al-Baqarah: tafsir Soenda damelan Al-Hadji R.A.A. Wiranatakoesoema[5]

Wiranatakusumah jeung Tembang Sunda Cianjuran[édit | sunting sumber]

Wiranatakusumah V ogé kacida micintana kana seni Sunda, utamana seni mamaos Cianjuran. Nalika jeneng jadi Bupati Cianjur (1912-1920) Wiranatakusumah V kaasup bupati nu kacida ngaaprésiasina kana seni. [6]. Di Pendopo Cianjur, anjeunna teu weléh magelarkeun pintonan seni degung. Dina mangsa pamaréntahanana, di Cianjur geus nyampak pakakas degung nu dingaranan Pamagersari. [6]

Anjeunna ogé nu nyumebarkeun seni mamaos ka luar padaleman. Padahal saméméhna mah seni mamaos ukur jadi kalangenan di lingkungan padaleman baé. Nu kapapancénan nyumebarkeunna téh nyaéta R. Écé Majid, ahli tembang kahot ti Cianjur. [6] Nya Wiranatakusumah anu mekarkeun seni mamaos cianjuran nepi ka wewengkon Bandung jeung Priangan. [6]

Copélna aya dua kajadian anu nuduhkeun yén anjeunna téh mangrupa bupati anu aprésiasina luhung kana seni. Kahiji, nalika taun 1920 anjeunna ngaboyong waditra degung Pamagersari ka Bandung katut para nayagana. [6] Para gegedén jeung masarakat di lingkungan pendopo réa nu kataji tur hayang bisa maénkeun gamelan degung. Ku kituna, Wiranatakusumah V maréntahkeun nyieun waditra degung anu anyar, nu dingaranan Purbasasaka. Nya degung Purbasasaka éta nu digunakeun jadi musik pangiring dina Film munggaran di Indonésia, Loetoeng Kasaroeng téh. [6]

Sajaba ti ngaboyong gamelan sapuratina téh, anjeunna ogé ngaboyong R. Écé Majid deuih. Ieu téh mangrupa strategi anjeunna dina raraga mekarkeun seni mamaos di Wilayah Bandung jeung wewengkon Priangan séjénna. [6]

Pangaruhna ogé nepi ka luareun Bandung deuih. Nya anjeunna nu jadi pokal dina mintonkeun seni mamaos ka para bupati séjénna di Indonesia nalika lumangsung acara Regenten Konperentie taun 1930 di Jakarta. Sajaba ti éta, anjeunna ogé jadi sponsor rékaman seni mamaos, seni degung, seni wayang golék, jeung orkes degung dina piringan hitam Odeon taun 1920-an. [6]

Tutup yuswa[édit | sunting sumber]

Saacan anjeunna ngantunkeun, anjeunna kungsi ngajabat jadi dosén di Universitas Merdeka. Saméméhna aktif ogé di pulitik ngaliwatan PSII (Partai Syarikat Islam Indonesia) sarta kungsu kapilih jadi anggota Konstituanteu.[7] Anjeunna tutup yuswa kaping 22 Januari taun 1965 dina yuswa 77 taun.[1]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b (id) Ajip Rosidi, dkk (2000). Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk budaya Betawi dan Cirebon), Jakarta. Pustaka Jaya. ISBN 978-0-471-66376-8.
  2. a b c d e (id) Iip. D. Yahya, Siapakah R.A.A Wiranatakusumah? dina rubrik selisik Pikiran Rakyat tanggal 1 Maret taun 2010
  3. a b c d e f g h i j k Iip. D. Yahya, (id) Pelurusan Sejarah R.A.A. Wiranatakusumah dina Pikiran Rakyat, 25 Januari 2011
  4. a b c d Syarif Amin (Skétsa), 1983, Keur Kuring di Bandung.
  5. a b c d Atep Kurnia, Dari Memoar Dalem Haji dina http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=130073 disalin tanggal 17 Agustus 2011
  6. a b c d e f g h (id) Dian Hendrayana, Wiranatakusumah, Degung, dan Cianjuran dina http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=130076. diaksés ping 8 Agustus 2011}}
  7. "Ayah Kami Sosok yang Moderat”: wawancara Iip D. Yahya jeung R. Otong T. Wiranatakusumah dina http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=130075 disalin tanggal 17 Agustus 2011