Radio satelit
Radio satelit atawa radio langganan nyaéta radio digital anu nampa sinyal nu disiarkeun ku satelit telekomunikasi, anu ngawengku wilayah géografis anu leuwih lega ti sinyal radio umumna.
Radio satelit bisa mangfaat di patempatan nu boga line of sight (garis lempeng) antara anteneu jeung satelit, sarta teu aya hahalang badag, kawas torowongan atawa gedong.
Alatan téknologi ieu merlukeun aksés ka satelit komérsial pikeun sumebarna sinyal, jasa radio satelit mangrupa bisnis komérsial (anu nawarkeun pakét saluran salaku bagian tina jasa nu ditawarkeun ku maranéhanana) nyaratkeun yen urang kudu langganan lamun hayang narima jasa siaranana.
Kiwari, nu jadi panyadia radio satelit nu utama nyaéta Worldspace (Intl.), XM Radio & Sirius (A.S.). Maranéhanana nawarkeun saluran warta, cuaca, olah raga, sarta musik. Alatan sinyalna ngabogaan hak cipta sarta henteu bisa sambarangan ditarima ku urang, mangka langganan merlukeun pakakas husus pikeun decoding.
Daptar eusi |
Asia, Afrika sarta sabagian gedé Éropah[édit]
Worldspace ngabogaan satelit sorangan nu ngawengku Éropah, Asia, sarta Afrika. Sinyal ieu bisa ditarima ngaliwatan pakakas panarima Worldspace. Program-programna ngan sadia pikeun langganan.
Tumbu kaluar[édit]
- (en) Orbitcast.com A blog about all things Satellite Radio
- (en) Satellite Radio Reviews A resource for Satellite Radio Reviews and news. Follow developments in the Satellite Radio Industry
- (en) Digital Insurrection Satellite Radio Info
- (en) Livesatelliteradio.com Blog on Satellite Radio news and events
- (en) Getting Satellite Radio One subscribers easy how-to guide
Amérika Sarikat sarta Kanada[édit]
- (en) XM Satellite Radio XM Satellite Radio Company
- (en) Sirius Satellite Radio Sirius Satellite Radio Company
Asia, Afrika sarta Éropa[édit]
- (en) Worldspace Satellite Radio Worldspace Satellite Radio Company