Rinyuh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Rinyuh
Rinyuh jero taneuh Formosa
Klasifikasi ilmiah
Domain: Eukariota
Kingdom: Animalia
Subkingdom: Metazoa
Phylum: Artropoda
Class: Serangga
Order: Isoptera
Brullé, 1832
Famili

Mastotermitidae
Kalotermitidae
Termopsidae
Hodotermitidae
Rhinotermitidae
Serritermitidae
Termitidae

Rinyuh (ordo Isoptera) mangrupakeun serangga sosial nu kahakananana kai jeung bahan/zat nu ngandung selulosa. Spésiés rinyuh lolobana aya di wewengkon tropis atawa subtropis, tapi aya ogé nu hirup di wewengkon sedeng. Rinyuh mibanda ajén biologis jeung ékonomis nu penting.

Morfologi[édit | sunting sumber]

Tina bentukna mah rinyuh téh sarupa jeung sireum, sahingga kadang sok disebut 'sireum bodas'.

Sungut rinyuh aya cacapitan, awakna hipu, panjangna ukur kira 10 mm. Hirupna dina liang-liang nu poék, ukur kaluar mun keur ngawangun sayang, ngala hakaneun, atawa mun geus jadi siraru (warnana robah jadi coklat). Jangjang siraru ieu bakal murudul mun siraruna geus hiber, manggih tempat pikeun sayang anyar.

Struktur sosial jeung paripolah[édit | sunting sumber]

Salaku serangga sosial, rinyuh hirup dina koloni nu pangeusina ratusan nepi ka jutaan rinyuh sawawa. Rinyuh téh mangrupakeun conto sistim deséntralisasi otonom migunakeun kacerdasan gorombol (swarm intelligence) pikeun ngokolakeun hakaneun jeung lingkungan nu teu mungkin dipigawé ku sorangan. Koloni ieu diwangun ku kasta pagawé, perjurit, jeung jalu-bikang nu baranahan, sarta kadang ditambah ku sababaraha ratu tukang ngendog.

Kahakanan[édit | sunting sumber]

Sacara umum, rinyuh digolongkeun dumasar paripolah daharna: Subterranean (rinyuh jero taneuh), Soil-feeding, Kigaring, Kibaseuh, jeung rinyuh jukut (Grass eating). Nu sok ngaruksak wangunan téh nyaéta nu kahiji jeung nu katilu.

Sakabéh rinyuh ngahakan selulosa jeung serat tutuwuhan. Selulosa mangrupakeun sumber hakaneun nu beunghar énergi (tingal we kahuruan leuweung), tapi hésé dicerna. pikeun nyerna selulosa, rinyuh gumantung pisan ka protozoa simbiotik (métamonad) jeung mikroba lianna dina burihna. Protozoa na burih rinyuh gumantung ka baktéri simbiotik nu napel na awakna nu ngahasilkeun sababaraha énzim panyerna nu diperlukeun. Hubungan ieu mangrupakeun conto panghadéna hubungan mutualisme di antara sasatoan. Najan aya bangsa rinyuh dina famili Termitidae nu bisa ngahasilkeun énzim selulase sorangan, tetep baé burihna mah pinuh ku baktéri nu sarupa tadi.

Sayang[édit | sunting sumber]

Munara sayang rinyuh di Somalia

Di sababaraha wewengkon, utamana di sabana tropis nu gersang, rinyuh sok ngawangun sayang mangrupa gugunungan nu bentukna rupa-rupa pikeun kolonina. Misalna Amitermes meridionalis jeung A. laurensis nu ngawangun sayang jangkung kawas tihang nu aksisna manjang ngalér-ngidul. Oriéntasi ieu, numutkeun hasil percobaan, pikeun mantuan térmorégulasi gawé rinyuh. Sayang ieu jangkungna bisa nepi ka 6 m, tapi lolobana mah tara leuwih ti 2 m. Struktur sayang ieu bisa pajeulit pisan, mangrupa rohangan-rohangan nu nyadiakeun panas, nyerep cahya panonpoé, panyalindungan, pangaturan atmosfir, gudang hakaneun, jeung 'kebon' suung (dina sababaraha spésiés).

Sayang magnétik (aksisna ampir ngalér-ngidul)

Hubungan jeung manusa[édit | sunting sumber]

Kusabab beuki kai, mun hirupna di lingkungan pakotaan/paimahan mah rinyuh téh bisa ngaruksak wangunan-wangunan tina kai. Lian ti kai, bahan séjénna ogé sok diarah, kayaning keretas, pakéan, karpét, sarta bahan lianna nu ngandung selulosa.

Merangan rinyuh[édit | sunting sumber]

  • Kai ulah nepi ka antel kana taneuh, maké tatapakan nu teu dipikaresep ku rinyuh (tapi mun geus kalacak mah, tetep baé bisa diakalan ku rinyuh téh).
  • Kai diolah heula (dikeueum atawa diolés/dilapis ku bahan anti serangga)
  • Paké kai nu sacara alami tahan/teu dipikaresep ku rinyuh.

Mun rinyuhna geus nepi ka wangunan, jalan-jalan tembusna kudu dipeungpeuk, sarta sayang/kolonina diancurkeun make inséktisida. Di Australia mah, geus dipaké ti taun 1930-an, ngusir rinyuh téh maké tipung arsenik trioksida. Nu leuwih teu bahya pikeun mamalia, di antarana triflumuron, fipronil, jeung imidacloprid.

Ékologi[édit | sunting sumber]

Sacara ékologis, rinyuh téh penting pikeun daur ulang hara, ngabentuk habitat, formasi jeung kualitas taneuh, sarta--siraruna--mangrupakeun hakaneun pikeun pirang-pirang prédator. Sacara global, rinyuh sumebar antara koordinat 50&deg Bujur Kalér jeung Bujur Kidul, tapi biomassa panglobana mah aya di wewengkon tropis. Rinyuh ogé dianggap salaku sumber utama métana atmosfir, salah sahiji gas rumah kaca utama.

Sajarah évolusionér jeung hubunganana[édit | sunting sumber]

Salila ieu mah rinyuh téh dianggap deukeut jeung cucunguk sarta congcorang, tapi panalungtikan anyar justru nunjukkeun yén rinyuh téh golongan cucunguk nu sacara évolusionér ngalaman modifikasi, boh paripolahna (jadi sato sosial) atawa kahakananana (jadi beuki kai). Ayana baktéri éndosimbiotik dina rinyuh jeung cucunguk Cryptocercus nunjukkeun yén ieu dua spésiés téh sacara filogenetik leuwih padeukeut batan ka cucunguk lianna. Fitur sosial jeung morfologis dua serangga ieu ogé mirip.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. ^  Evidence for Cocladogenesis Between Diverse Dictyopteran Lineages and Their Intracellular Endosymbionts

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]