Rokét

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Roket dina mangsa awal Cina

Rokét nyaéta pakakas nu jadi jembatan antara rohang jomantara jeung bumi sarta banda-banda langit.[1] Rokét-rokét nu mimiti jenisna kawas kembang seuneu,bung-bung anu eusina bubuk hideung tina areng, dijieun abad ka-13 di Cina, sarta jadi ide anu sumebar ka lebah Kulon.[2] Pakakas ieu geus dipaké ku urang Cina dina perang saprak abad XIII.[1] Mimitina kawas bungbung awi nu dieusian ku sendawa, sulfur sarta areng anu dialungkeun kana seuneu dina upacara salila féstival kaagamaan nu diharepkeun sora ngabeledungna baris nyingsieunan roh jahat.[3]

Apollo 15

Panalungtikan Awal[édit | sunting sumber]

Jelema kahiji anu nyadar kamungkinan pamakéan rokét dina pangapungan rohang jomantara nyaéta saurang pamanggih bangsa Jérman, Herman Ganswindt, anu mimiti méré kuliah ngeunaan rokét sarta pangapungan rohang jomantara dina dékadeu pamungkas abas XIX.[1] Dina période anu sarua, saurang guru ti Rusia ngaranna Konstantin Eduardovitch Tsiolkovsky ogé mikiran kamungkinan rokét minangka pakakas anu bisa nembus atmosfer sarta datang ka rohang jomantara.[1] Boh Ganswindt boh Tsikolkovsky teu bisa ngabalukarkeun perhatian anu rongkah.[1] Mimitina alatan rokét anu aya dina waktu éta téh jenis rokét anu ngagunakeun jenis bubuk hideung.[1] Bubuk hideung nyaéta bubuk mesiu hideung anu dijieun tina areng, salpeter (kalium nitrat) sarta walirang nyaéta bahan bakar panglemahna anu bisa dipaké pikeun ngusikkeun roket.[1] Di gigireun hal éta, kalolobaan jelema mikir yén rokét saukur pakakas anu dipaké minangka kembang seuneu.[1] Ku alatan éta, ideu ngeunaan rokét anu nembus rohang jomantara ngan saukur carita.[1] Ganswindt sarta Tsikolkovsky nyaéta ahli téori, maranéhanana nteu kungsi ngayakeun ékspérimen pikeun nyampurnakeun kamampuan rokét.[1] Jelema kahiji anu ngayakeun panalungtikan anu serius ngeunaan kamekaran roket nyaéta saurang ahli Amérika, Profesor Robert H. Goddard ti Universitas Clark di Worcester, Massachusetts.[1] Manéhna nalungtik sacara sistematis sagala rupa jenis bubuk mesiu pikeun manggihan bubuk mesiu anu miboga kecepatan dorong pangbadagna lamun dipaké di rokét. Manéhna ogé ngayakeun analisis sacara sistematik kana pergerakan rokét.[1] Pamanggihan Goddaer ditepikeun dina taun 1919 dina hiji laporan Smithsonian anu dijudulan A Method of Reaching Extreme Altitudes. Opat taun saterusna hiji buku anu dijudulan The Rocket to Interplanetory Space, ku Profesor Hermann Oberth, dipedar di Jerman.[1] Buku kasebut pohara ngarojong pamakéan bahan beuleum éncér, ngadiskusikan kontruksi pikeun rokét jeung bahan beuleum éncér sarta nimbang-nimbang masalah-masalah anu disanghareupan dina ngalingkung bumi sarta orbit kalayan ngagunakeun pesawat anu dirarancang kasebut.[1] Buku Oberth ngabalukarkeun kabentukna perkumpulan anu dingaranan the Society foe Space Travel dina taun 1927, jeung tujuan pikeun ngarealisasi nyieun rokét kawas anu diomongkeun ku Oberth.[1] Sanggeus Hitler ngawasa, Nazi Jerman ngalarang kabéh eksperimen roket atawa rokét sawala di luar militer Jerman.[4] Para nu penggemar roket anu geus dicicingan Raketenflugplatz kudu ninggalkeun pakasaban maranéhanana atawa terus di militer.[4] Hauptmann Dornberger sanggeus eta ngarekrut urut anggota Vfr, loba ti maranéhanana ngagabung kalayan organisasi Angkatan Darat di Kummersdoef.[4] Dina waktu anu babarengan, Profesor Goddard ogé kabita dina rokét jeung bahan beuleum éncér sarta manéhna nyieun sawatara rokét kalayan sistem ieu.[1] Dina tanggal 16 Maret 1926, hiji ti roket-roket éta dicobaan dina hiji peluncuran anu pondok ti hiji kebon di deukeut Aurbun, Massachussets.[1] Ieu téh peluncuran kahiji ti rokét jeung bahan beuleum éncér dina sajarah.[1]

Kamekaran[édit | sunting sumber]

Kiwari, rokét geus ngahontal tahap kamekaran anu pohara fantastis.[1] Ti sagi téknologi, kaberhasilan anu pohara nonjol nyaéta kamekaran ti perokétan pikeun éksplorasi di rohang jomantara.[1] Saban pangapungan ka rohang jomantara sok di mimitian kalayan peluncuran roket.[1] Loba satelit jieunan anu geus diteundeun di orbit anu pohara kapaké pikeun komunikasai sarta pikeun tujuan-tujuan météorlogi sarta panalungtikan bumi.[1] Sawatara satelit rohang jomantara tampa nu ngamudikeun geus dikirimkeun ka Mérkurius, Vénus, Mars, sarta Juviter kalayan manuver-manuver anu pas pikeun ngalakonan observasi anu alus kalayan ngagunakeun daya dorong semburan rokét-rokét leutik.[1] Saterusna, di jero pamakéan rokét anu meureun pang hadéna misi pangiriman pesawat rohang jomantara tampa awak geus dikirimkeun ka bulan sarta pikeun nempatkeun jeung deui pergantian awak ka statsiun rohang jomantara anu ngaorbit.[1] Pikeun sawatara nagara rokét ogé mangrupa bagian anu penting dina sistem persenjataan.[1] Rokét-rokét éta bisa dilengkepan jeung pakarang nu mematikan sarta ditembakkeun kalayan ketepatan anu rongkah ka sasaran dina jarak deukeut, tengah, atawa jarak jauh.[1]

Dua Jenis Utama Roket[édit | sunting sumber]

Rokét bisa dikelompokkeun dina dua jenis nyaéta ngagunakeun bahan beuleum éncér sarta anu ngagunakeun bahan beuleum mundel.[1] Nepi ka ayeuna, jenis anu loba di paké nyaéta rokét kalayan bahan beuleum éncér.[1] Rokét jeung bahan beuleum mundel biasana pikeun kaperluan persenjataan militér.[1] Tapi, rokét jenis ieu ogé dipaké dina éksplorasi rohang jomantara, sanajan saeutik.[1] Di mangsa datang meureun waé roket jenis ieu baris leuwih mindeng dipaké.[1] Jenis rokét anu keur dina mangsa kamekaran, kaasup roket gabungan, rokét atom, sarta rokét anu ngagunakeun dorongan ion.[1]

Jenis Bahan Bakar Encer
  • Roket Bahan Bakar Éncér

Umumna rokét anu ngagunakeun bahan beuleum éncér pikeun pangapungan ka rohang jomantara diwangun ti bagian-bagian katut (ti luhur ka handap, dina posisi rokét nangtung di tempat ngajalankeunna): irung rokét, bagian parabot, bagian tanki bahan beuleum, sarta mesin rokét.[1] Sabenerna kawas anu baris urang tempo, sok aya dua leuwih roket dina hiji misi pangapungan rohang jomantara, unggal rokét miboga bagian parabot, bagian tanki bahan bakar, sarta mesin roket sorangan-sorangan.[1] Tapi ngan aya hiji irung rokét dina roket kawas ieu.[1] Irung roket ngasupkeun muatan nu diwangun tina parabot-parabot ilmiah (dina panalungtikan) sarta meureun ogé muatan kasebut mangrupa kapsul rohang jomantara berawak anu baris ditempatkeun di orbit sakuriling bumi sarta bulan.[1] Dina pélor balistik, muatan éta ngawangun sirah nuklir.[1] Bagian parabot ogé disebut bagian kadali diwangun tina parabot anu ngadalikeun sarta ngatur pangapungan rokét sarta ogé ngirimkeun informasi ngeunaan pangapungan roket ka bumi.[1] Bagian tanki bahan beuleum nyaéta bagian anu paling badag.[1] Hiji tanki di bagian ieu ngeusi bahan beuleum.[1] Hiji tanki anu séjén ngeusi bahan pangoksidasi anu ngabalukarkeun pameuleuman lamun ngaréaksi sacara kimia jeung bahan beuleum.[1] Dina kalolobaan rokét jeung bahan beuleum éncér, bahan beuleum anu dipaké nyaéta alkohol atawa minyak taneuh anu dilemeskeun.[1] Dina rokét jenis ieu, kudu aya pameuleuman sangkan bisa lumangsung meuleum.[1]

Jenis Bahan Bakar Padet
  • Rokét Bahan Bakar Padet

Kawas halna dina rokét bahan beuleum éncér, muatan dina rokét jeung bahan beuleum mundel ogé aya diluhur, dituturkeun ku bagian parabot sarta bagian bahan beuleum.[1] Ngan aya hiji tanki bahan beuleum anu dipaké, anu dijieun ti bahan waja anu kuat.[1] Tanki ieu ngeusi karét sintétis anu geus dicampur bahan beuleum kimia anu loba ngandung oksigén.[1] Bahan beuleum ieu katempona sarua kawas ban mobil.[1] Bahan beuleum ieu ngawangun bungbung kalayan pipinding anu pohara kandel sarta liang leutik di tengahna anu manjang ti penclut nepi ka ka dasar bungbung.[1] Bahan beuleum ieu mimiti kabeuleum ti palebah ka arah luar.[1] Ku kituna rohang di tengah kasebut baris mangpaat minangka rohang pameuleuman.[1] Pakakas pangseuneuan piroteknik dipaké pikeun ngahasilkeun pameuleuman.[1] Pakakas pangseuneuan ieu diwangun kana kawat listrik anu dikurilingan kalayan bubuk mesiu baris hurung.[1] Dina rokét bahan bakar padet, “tanki bahan beuleum” sakaligus boga fungsi minangka “rohang pameuleuman.” Bungbung waja anu eusina bahan beuleum sakaligus ogé boga fungsi minangka motor.[1] Pipah pancar nu kahubung (biasana dilas) di palebah handap.[1] Rokét bisa dikamudikeun kalayan masangkeun kamudi dina pipah pancar kawas halna dina motor jeung bahan beuleum éncér.[1] Cara anu séjén nyaéta kalayan nyemprotkeun gas lembam nu tekenanna kacida luhur dina pipah pancar ku kituna ngabalikkeun dorongan gas buangan.[1]

Kandaraan Paraméter[édit | sunting sumber]

Gawena rokét lolobana ditangtukeun ku kombinasi propelan rokét sarta total jumlah propellants nu bisa dipaké gawéna nu ditandaan ku impuls spésifik, ukuran jumlah pon dorong diproduksi pér pon propelan anu dikonsumsi pér detik.[5] Kagancangan anu bisa ngahontal tutumpakan ieu ngabanding lempeng kalayan dorongan propelan nu tangtu, kabéh hal séjén dianggap sarua.[5] Contona, lamun hiji rokét anu dibikeun ngahontal gancangna 10.000 suku pér detik kalayan propelan méré impuls spesifik ti 250 detik, ngaronjat 10 persén dina impuls spesifik pikeun 275 detik baris ngaronjatkeun kagancangan nu dihontal pikeun 11.000 suku pér detik.[5] Kagancangan maksimum ngaronjat pesat minangka fraksi propelan ieu dijieun leuwih badag.[5]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd Achelis, Elisabeth. dkk. 1986. Ilmu Pengetahuan Populer Jilid I Astronomi dan Pengetahuan Ruang Angkasa. Jakarta: PT Intermasa. Kaca 246-253
  2. (en) [1] (Dicutst tanggal 03 Oktober 2011)
  3. (en) [2] (Dicutst tanggal 03 Oktober 2011)
  4. a b c (en) [3] (Dicutat tanggal 03 Desember 2011)
  5. a b c d (en) [4] (Dicutat tanggal 03 Oktober 2011)