Rumah Gadang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Rumah Gadang anu aya di Nagari Pandai Sikek kalawan dua Rangkiang dihareupna.

Rumah Gadang atawa Rumah Godang nya éta ngaran keur rumah adat Minangkabau anu mangrupa rumah tradisional nu loba kapanggih di provinsi Sumatera Barat, Indonesia. Imah ieu ogé disebut ku ngaran séjén ku masarakat didinya ku ngaran Rumah Bagonjong atawa aya ogé nu nyebut ngaran Rumah Baanjung.[1].

Imah model ieu ogé loba kapanggih di Negeri Sembilan, Malaysia. Namung teu sakabéh kawasan di Minangkabau (darek) anu diijinan ngadegkeun imah adat ieu, ngan di kawasan nu geus ngabogaan status salaku nagari hungkul Rumah Gadang ieu diijinan diadegkeun. Kitu ogé di kawasan nu disebut salaku rantau, imah adat ieu nu ulah diadegkeun di nagara rantau.

Fungsi[édit | sunting sumber]

Rumah Gadang salaku tempat dumuk babarengan, ngabogaan katangtuan-katangtuan sorangan. Jumlah kamar gumantung kana jumlah awéwé nu dumuk didinya. Unggal awéwé di kaum éta nu geus boga salaki meunang hiji kamar. Tatapi awéwé nu geus sepuh sarta barudak meunang tempat di kamar deukeut dapur. Wanoja nu masih ngora meunang kamar bareng di tungtung séjén.

Sakabé bagéan dina Rumah Gadang mangrupa rohangan leupas iwal kamar saré. Bagéan jero kabagi ku lanjar jeung rohang nu ditandaan ku tihang. Tihang éta ngabanjar ti hareup ka tukang nandaan lanjar, sedengkeun tihang ti kénca ka katuhu nandaan rohang. Jumlah lanjar gumantung kana badag imah,bisa dua, tilu jeung opat. Tohangna kawengku ti jumlah ganjil antara rilu jeung sabelas.

Rumah Gadang biasana diwangun diluhur sawidang taneuh boga kulawarga induk dina sélér/kaum éta sacara tungturunan [2] jeung ngan dipimilik jeung diwariskeunti jeung ka awéwé di kaum éta. [3]. Diburuan hareup Rumah Gadang biasana sok aya dua wangunan Rangkiang, digunankeun keur nyimpen paré. Rumah Gadang di sisi wangunan beulah katuhu jeung kéncana aya rohang anjung (basa Minang: Anjuang) salaku tempat pangantén atawa tempat ngistrénan pupuhu adat, sabab éta imah gadang dingaranan ogé imam Baanjuang. Anjung dina kalarasan Bodi-Chaniago teu ngagunakeun tongkat panyanggah di handapna, sedengkeun kalarasan Koto-Piliang maké tongkat keur nyanggah. Hal ieu saluyu jeung filosofi anu diagem dua golongan ieu nu beda, salasahiji golongan ngagem prinsip pamaréntahan nu hirarki ngagunakeun anjuang nu maké tongkat nyangga, di golongan séjénna anjuang sok ngapung di awang-awang. Teu jauh ti komplek Rumah Gadang éa biasana ogé diwangun ku hiji surau kaum nu fungsina keur tempat ibadah, tempat diajar jeung ogé sakaligus tempat dumuk lalaki nu dewasa kaum éta nu teu acan nikah.

Arsitektur[édit | sunting sumber]

Rumah adat ieu ngabogaan kaunikan wangun arsitektur kalawan wangun puncak hateupna runcing nu nyaruakeun saperti tanduk kebo jeung baheulana dijieun ti bahan ijuk nu bisa tahan nepi ka puluhan taun [3] namung ayeuna hateup imah ieu loba diganti ku hateup seng.

Rumah Gadang ieu dijieun ngawangun opat pasagi panjang jeung dibagi ka dua bagéan hareup jeung tukang. Ti bagéan hareup Rumah Gadang biasana pinuh ku ukiran ornamen jeung umumna aya motif akar, kembang, daun sarta widang opat pasagi panjang jeung genjang[1]. Sedengkeun bagéan luar tukang dilapis ku bilah awi. Imah tradisional ieu dijieun ti tihang-tihang panjang, wangunan imah dijieun gedé kaluhur, namung teu gampang runtag ku oyag. [1], jeung unggal elemen ti Rumah Gadang ngabogaan makna sorangan nu didasaran ku rambo nu aya dina adat jeung budaya masarakat.

Umumna Rumah Gadang ngabogaan hiji tangga nu ayana dihareup. Samentara dapur diwangun kapisah di tukang imah nu didempét di tembok.

Ukiran[édit | sunting sumber]

Di bagéan tembok Rumah Gadang dijieun ti bahan papan, sedengkeun bagéan tukangna ti awi. Papan tembok dipasang vertikal, tatapi sakabéh papan nu jadi tembok jeung jadi bingkai dibéré ukiran, nepi ka sakabéh tembok pinuh ku ukiran. Nempatkeun motif ukiran gumantung kana susunan jeung ayana papan di tembok Rumah Gadang.

Dasarna di Rumah Gadang mangrupa ragam hias pangeusi widang dina wangun garis nagbuleud atawa pasagi. Motifna umumna tatangkalan ngarambat, akar nu aya daunna, bungbuahan, jeung kekembangan. Pola akar biasana ngawangun buleudan, akar ngajajar, ngahimpit, ngajalin jeung nyambung. Cabang atawa ranting akar ka luar, ka jero, ka luhur jeung ka handap.

Disisi motif akar, motif lain nu kapendak nya éta motif geometri segi tilu, opat jeung genjang. Motif daun, kembang atawa buah bisa ogé diukir sorangan atawa sacara ngajajar.

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c Navis, A.A., Cerita Rakyat dari Sumatera Barat 3, Grasindo, ISBN 979-759-551-X.
  2. Graves, Elizabeth E., (2007), Asal-usul elite Minangkabau modern: respons terhadap kolonial Belanda abad XIX/XX, Jakarta:Yayasan Obor Indonesia, ISBN 978-979-461-661-1.
  3. a b Dawson, Barry; Gillow, John (1994), The Traditional Architecture of Indonesia, London: Thames and Hudson, ISBN 0-500-34132-X.
Nulis.jpg