Rumaja

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Mangsa rumaja dianggap minangka période antara umur 13 sarta 19 taun.[1] Pangalaman rumaja henteu tumuwuhna fisik sarta parobahan, tapi ogé émosional, parobahan psikologis, sosial, méntal sarta pertumbuhan.[2] Rumaja téh dimana budak keur diuk di bangku SMP.[1] Dina waktu ieu, budak némbongkeun sipat-sipat kadéwasaan, leuwih stabil, leuwih gedé tanggung jawabna, leuwih aya minat kana pagawéan sarta cita-cita nu mantep (adolescence) nyaéta hiji waktu mangsa pindahna ti mimiti budak nepi ka mangsa mimiti déwasa, anu asup dina umur 10 nepi ka 12 taun sarta ngandeg dina umur 18 taun nepi ka 22 taun.[3] Mangsa rumaja dimimitian dina parobahan fisik anu gancang, tambah beurat, jangkung awak anu gancang, parobahan wangun awak, sarta kamekaran karakteristik séksual kawas ngagedéanna susu awewe, cangkéng ngagedean, tumuwuhna kumis, sarta jerona sora.[3] Dina kamekaran ieu, budak ngalaman kamandirian sarta idéntitas nu pohara nonjol (pamikiran beuki logis, abstrak, sarta idealistis) sarta beuki loba méakkeun waktu di luar kulawarga.[3] Dina mangsa kamekaran moralna ieu, budak geus mikawanoh ajén-ajén rohani, saperti ajén bebeneran, kaadilan, kahadéan, kaéndahan, sarta leuwih mikawanoh ka Pangéran nu Maha Agung.[1] Budak néangan jati dirina sorangan, hayang nyaho kumaha batur ngajen ka dirina, merhatikeun soal-soal kamasarakatan, pulitik, sarta kabudayaanna.[1] Lamun budak ngalaman kagagalan dina umur sakieu (di sakola atawa dina bobogohan) lamun euweuh konpénsasi dina sagala widang (saperti kasenian, olahraga, atawa organisasi) budak bakal lumpat kana hal-hal anu teu hadé (narkoba, ngaroko, judi, maok, merkosa, komo bisa kakeunaan panyakit "syaraf" atawa "neurosis").[1] Dina umumna, sanggeus umur 18 taun, budak mimiti boga babaturan anu deukeut ti lawan jenis.[1] Préstasi nu hadé bakal mawa stabilitas kapribadian budak jadi leuwih alus, sabalikna kagagalan di sakola bakal ngablukarkeun masalah nu teu luyu jeung tingkah laku.[1]

Pubertas[édit | sunting sumber]

Umur anu pas saurang budak nu asup mangsa begér teh béda-béda, kawas gén, nutrisi, sarta kalungguhan.[2] Salila begér, kelenjar éndokrin mroduksi hormon anu ngabalukarkeun parobahan awak sarta kamekaran karakteristik séks sekunder.[2] Dina ovarium parawan biasana dimimitian ngaronjatna produksi éstrogen sarta hormon séjénna. Dina budak lalaki, téstis ngaronjatkeun produksi téstostéron.[2] Kelenjar adrénal mroduksi hormon anu ngabalukarkeun kélék beuki kesangan, bau awak, jarawat, sarta tumuwuhna bulu-bulu dina tempat-tempat nu tangtu.[2] Prosés ieu disebut adrénarke.

  • Pubertas Budak Awéwé

Tumuwuhnasusu awéwé nyaéta ciri utama saurang parawan ngasupan mangsa begér.[2] waktu hed kahiji (menarche) biasana nuturkeun dina waktu kira-kira 2 taun.[2] Saméméh waktu héd kahiji, saurang parawan biasana baris ngabogaan ukuran bujur nu ngagedean, keputihan, tumuwuhna bulu-bulu, sarta siklus héd lumangsung salila kira-kira sabulan (28 nepi ka 32 poé).[2]

  • Begér Budak Lalaki

Ciri kahiji ti begérna budak lalaki nyaéta ngagedéan kadua téstisna.[2] Sanggeus éta, budak lalaki biasana baris ngalaman pertumbuhan nu gancang, utamana ngajangkungan awak.[2] tumuwuhna buuk di handapeun leungeun, beungeut, sarta di daerah bobogaanna, taktak anu ngagedéan, tumuwuhna sirit, skrotum, téstis, sarta ngimpi baseuh jeung deui parobahan sora.[2]

perkembangan remaja

Kamekaran Hirup Rumaja[édit | sunting sumber]

  • Proses Kamekaran Basa

Dina awal rumaja, maranéhna resep maké basa sandi, atawa basa nu rusiah nu lumaku dina jumplukanna loba nimbulkeun kapanasaran (curiousity) pihak luar maranéhna nu usaha bisa surti kana diajarna basa nu keur berkembang.[4]

  • Proses Kamekaran Kaagamaan

Kamekaran rumaja awal ngabogaan sawangan dina hal ka Pangéran nu Agung jadi kacau lantaran manéhna loba maca, ngadéngé sagala konsép sarta pamikiran atawa aliran paham nu béda-béda.[4] Sikep négatif (sanajan teu sacara jelas) lantaran alam pikiranna nu kritis ningali kanyataan jalma-jalma ngagem agama sacara hypocrit (pura-pura) nu omonganna teu sarua jeung laku lampahna.[4] Dina kamekaran para rumaja ahir biasana ditandaan ku sikep nu balik deui ka arah positif ku cara kahontalna kadéwasaan inteléktualna komo agama bisa jadi cecekelan hirup nyaghareupan déwasa.[4] Rasa rohanina leuwih tenang sanggeus ngaliwatan prosés idéntifikasi, manéhna bisa ngabédakeun mana agama salaku doktrin atawa ajaran sarta manusa nu ngagemna, nu bageur (soléh) tina nu teu bageur.[4] Manéhna ogé nyaho yén aya sagala rupa aliran paham sarta jenis kaagamaan nu pinuh ku toléransi nu ditarima salaku kanyataan hirup di dunya ieu.[4]

Dina rumaja awal kamekaran sosial sarta moralitasna dimimitian ku cara ayana kahayang nyorangan sarta kahayang gaul jeung babaturan nu loba tapi sipatna ngan samentara.[4] Rumaja awal ogé sikepna leuwih kritis, sarta masih kénéh néangan cecekelan hirupna.[4] Lamun dina rumaja ahir mah jenis sarta cabang kaaulinan leuwih pilihan sarta kawatesanan dina kaparigelan nu ngarojong kana kasadiaan pikeun digawéna eungké.[4] Dina kamekaran ieu ogé rumaja leuwih boga sipat rasionalisme idealis.[4] Geus bisa misahkeun antara sistem ajén-ajén atawa kaidah-kaidah normatif nu sacara umumna tina nu ngadukungna anu bisa ogé nyieun kasalahan.[4] Rumaja awal ogé mangrupa mangsa kritis, dina raraga nyanghareupan mangsa kritis idéntitasna nu dipangaruhan pisan ku kaayaan psikososialna, nu bakalan ngawangun kapribadianna.[4]

Masalah-Masalah Rumaja[édit | sunting sumber]

Kamekaran ukuran awak nu kurang sampurna, ogé bisa mawa ékses psikologis nu tangtu, upamana ayana ngaran-ngaran sesebutan saperti si congcorang, sigendut, jsb.[4] Sakapeung lumangsung teu cocogna antara minat hiji jalma sarta bakat husus, mindeng mawa kasulitan dina milih program, jurusan atawa jenis sakola anu baris diasupanana.[4] Masalah anu patalina jeung moralitas, sosial, sarta kaagamaan biasana ayana konflik jeung kolot, anu akibatna teu resep di imah, ahirna kabur ti imah.[4] Masalah rumaja ogé sok gampang digerakkeun pikeun ngalakonan gerakan atawa kagiatan déstruktif nu spontan pikeun ngalampiaskeun karengkengan instuitif émosiaonalna sanajan manéhna teu nyaho naon maksud anu dilakukeunna.[4]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g Rasyidin,Wainidkk.dkk. Landasan Pendidikan. Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung 2010.Kaca 107
  2. a b c d e f g h i j k (en)pubertas (Dicutat tanggal 20 Oktober 2011)
  3. a b c [1] (Dicutat tanggal 17 Oktober 2011)
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p Abin, S.M 2000. Psikologi Kependidikan.Bandung:Rosda.Kaca 108
Nulis.jpg