Séismométer
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Séismométer (Basa Yunani: seismos: lini jeung metero: ngukur) nyaeta alat atawa sensor geteran, nu biasana dipake keur ngadeteksi lini atawa geteran dina pabeungeutan taneuh. Hasil rekaman tina alat ieu disebut séismogram.
Prototip alat ieu diwanohkeun munggaran taun 132 SM ku matematikawan ti Dinasti Han nu ngaranna Chang Heng. Make alat ieu jalma-jalma jaman harita bisa nangtukeun ti mana arahna lini.
Ku kamekaran tehnologi mangsa kiwari, kamampuhan seismometer bisa ditingkatkeun, sahingga bisa ngarekam geteran dina jangkauan frekuensi nu cukup rubak. Alat kawas kieu disebut seismometer pita rubak.
| Artikel ngeunaan géologi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |