Sénégal

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
République du Sénégal
Républik Sénégal
Bandéra Sénégal Lambang Sénégal
Motto
"Un Peuple, Un But, Une Foi"
Lagu
Pincez Tous vos Koras, Frappez les Balafons
Location of Sénégal
Lokasi Sénégal dina Uni Afrika
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Dakar
14°40′N 17°25′W
Basa resmi
(Basa nasional)
Perancis
(Wolof, Soninke, Seereer-Siin, Fula, Maninka, Diola[1])
Grup étnis  Wolof 43,3%
Pular 23,8%
Serer 14,7%
Jola 3,7%
Mandinka 3%
Soninke 1,1%
Éropa/Libanon 1%
nu lian 9,4%
Démonim Senegalese
Pamaréntah Républik semi-présidénsial
 -  Présidén Abdoulaye Wade
 -  Perdana Mentri Souleymane Ndéné Ndiaye
Kamerdikaan
 -  ti Perancis bareng Sudan Perancis salaku Féderasi Mali 20 Juni 1960 
 -  ti Féderasi Mali 20 Agustus 1960 
Aréa
 -  Total 196.723 km² (ka-87)
76.000 mil² 
 -  Cai (%) 2,1
Populasi
 -  Perkiraan  2009 13.711.597[2] (ka-67)
 -  Sénsus 2002 9.967.215 
 -  Kapadetan 69,7 /km² (ka-134)
180,4 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2010
 -  Total $23,274 milyar[3] 
 -  Per kapita $1.772[3] 
GDP (nominal) Perkiraan 2010
 -  Total $13,472 milyar[3] 
 -  Per kapita $1.026[3] 
Gini? (1995) 41,3 (sedeng
HDI (2010) Green Arrow Up Darker.svg0,411 (handap) (ka-144)
Mata uang Franc CFA (XOF)
Zona wanci UTC
TLD Internét .sn
Kode telepon +221

Sénégal (Basa Prancis: le Sénégal), resmina Républik Sénégal (République du Sénégal, IPA: [ʁepyblik dy seneɡal]), nyaéta hiji nagara di Afrika kulon. Ngaran nagara ieu dumasar kana Walungan Sénégal nu aya ka wétan jeung kalér. Sénégal wawatesan jeung Samudra Atlantik di kulon, Mauritania di kalér, Mali di wétan, jeung Guinéa sareng Guinéa-Bissau di kidul; di jero nagara ieu aya nagara Gambia, nu ngan wawatesan jeung Sénégal sarta Samudra Atlantik. Sénégal miboga aréa méh 197,000 square kilometres (76,000 sq mi), jeung miboga hiji populasi kira-kira 14 yuta. Iklimna tropis kalawan 2 usum: halodo jeung panghujan.

Dakar, ibu kota Sénégal, aya di beulah kulon nagara ieu, di Samenanjung Cap-Vert. Kira-kira 500 kilométer (300 mil) tina, aya Kapuloan Tanjung Verde. Dina abad ka-17 jeung ka-18, raloba pos dagang, piboga rupa-rupa pihak, diwangun sapanjang basisir. Kota St. Louis jadi ibu kota ti Afrika Kulon Perancis (Afrique occidentale française, atawa AOF) saméméh dipindahkeun ka Dakar dina 1902. Dakar teras jadi ibu kota nagara ieu dina 1960 basa jaman kamerdikaan ti Perancis.

Étimologi[édit | sunting sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé: Walungan Sénégal.

Nagara ieu dingaranan dumasar kana Walungan Sénégal, nu asal ngaranna diparebutkeun. Hiji téori populér (diajukeun ku David Boilat dina 1853) nyaéta asalna ti prase Wolof, suñu gaal, nu hartina "kano urang" (atawa pirogue), dihasilkeun ti miskomunikasi antara palaut Portugis abad ka-15 jeung nelayan Wolof. Sajarawan modérn percaya yén ngaranna meureunan asalna ti Urang Zenaga Berber nu ngadumukan sisi kalér walungan. Téori lianna nyaéa ngaran ieu diturunkeun ti kota jaman patengahan, "Sanghana" (atawa Isenghan, Asengan, Singhanah), dicaritakeun ku ahli géografi Arab, al-Bakri dina 1068, nu aya di muara walungan. Sanajan kitu, téori "kano urang" geus populér didukung di Sénégal modérn Senegal.

Sababaraha urang Sérér ti pakidulan percaya yén ngaran walungan éta aslina diturunkeun ti saruntuyan kecap basa Sérér, "Sene" (ti Roge Sene, Déwa Ageung dina ageman Sérér) jeung "O Gal" (hartina "daérah cai").

Géografi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Géografi Sénégal.
Lanskap Casamance

Sénégal aya di bagian kulon ti buana Afrika. Nagara ieu aya di antara 12° jeung 17° lintang kalér, jeung 11° jeung 18° imbit kulon.

Lanskap Sénégal diwangun ti utamina dataran sagara ti Sahel kulon nepi ka pasir di kidul-wétan. Titik pangluhurna di Sénégal, deukeut Nepen Diakha, nyaéta dina 584 m (1,916 ft). Wates kalérna dibentuk ku Walungan Sénégal, walungan lianna kaasup Walungan Gambia jeung Casamance. Ibu kotana, Dakar aya di samenanjung Cap-Vert, titik pangkulonna di buana Afrika.

Babagian administratif[édit | sunting sumber]

Sénégal dibagi kana 14 région,[4] masing-masingna diadministrasi ku hiji Conseil Régional (Déwan Régional) dipilih ku rahayat dina tingkat Arrondissement. Nagara ieu salajengna dibagi kana (total) 45 Départements, 103 Arrondissements (duanana teu boga fungsi administratif) jeung ku Collectivités Locales, nu milih pajabat administratif.[5]

Ibu kota région miboga ngaran nu sarua jeung régionna:

Région di Sénégal

Kota utama[édit | sunting sumber]

Peta Sénégal
Searchtool.svg
 Tingali ogé: Daptar kota di Sénégal.

Ibu kota Sénégal, Dakar, mangrupakeun kota panggedéna di Sénégal, kalawan populasi leuwih ti 2 yuta.[6] Kota nu populasina panglobana kadua nyaéta Touba, hiji communaute rurale de jure (komunitas désa), kalawan saparo yuta jiwa.[6][7]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. « La langue officielle de la République du Sénégal est le Français. Les langues nationales sont le Diola, le Malinké, le Pulaar, le Sérère, le Soninké, le Wolof et toute autre langue nationale qui sera codifiée. » − Extrait du site officiel du Example gouvernement sénégalais
  2. Central Intelligence Agency (2009). "Senegal". The World Factbook. Diakses pada 10 Januari 2010. 
  3. a b c d "Senegal". International Monetary Fund. Diakses pada 21 April 2010. 
  4. Statoids page on Senegal (noting that three new regions were split off on 10 September 2008).
  5. List of current local elected officials from Union des Associations d’ Elus Locaux (UAEL) du Sénégal. See also the law creating current local government structures: (Basa Perancis)Code des collectivités locales, Loi n° 96-06 du 22 mars 1996.
  6. a b Agence Nationale de la Statistique et de la Démographie (2005). "Situation économique et sociale du Sénégal" (dalam bahasa French) (PDF). Government of Senegal. Diarsipkan dari yang asli pada 25 Juni 2008. Diakses pada 18 Nopémber 2008. 
  7. Forsberg, Jan. "Cities in Senegal". Diakses pada 18 Nopémber 2008. 

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Babou, Cheikh Anta, Fighting the Greater Jihad: Amadu Bamba and the Founding of the Muridiyya of Senegal, 1853-1913, (Ohio University Press, 2007)
  • Behrman, Lucy C, Muslim Brotherhood and Politics in Senegal, (iUniverse.com, 1999)
  • Buggenhage, Beth A, Muslim Families in Global Senegal: Money Takes Care of Shame, (Indiana University Press, 2012)
  • Bugul, Ken, The Abandoned Baobab: The Autobiography of a Senegalese Woman, (University of Virginia Press, 2008)
  • Foley, Ellen E, Your Pocket is What Cures You: The Politics of Health in Senegal, (Rutgers University Press, 2010)
  • Gellar, Sheldon, Democracy in Senegal: Tocquevillian Analytics in Africa, (Palgrave Macmillan, 2005)
  • Glover, John, Sufism and Jihad in Modern Senegal: The Murid Order, (University of Rochester Press, 2007)
  • Kane, Katharina, Lonely Planet Guide: The Gambia and Senegal, (Lonely Planet Publications, 2009)
  • Kueniza, Michelle, Education and Democracy in Senegal, (Palgrave Macmillan, 2011)
  • Mbacké, Khadim, Sufism and Religious Brotherhoods in Senegal, (Markus Wiener Publishing Inc., 2005)
  • Ross, Eric S, Culture and Customs of Senegal, (Greenwood, 2008)
  • Streissguth, Thomas, Senegal in Pictures, (Twentyfirst Century Books, 2009)
  • Various, Insight Guide: Gambia and Senegal, (APA Publications Pte Ltd., 2009)
  • Various, New Perspectives on Islam in Senegal: Conversion, Migration, Wealth, Power, and Femininity, (Palgrave Macmillan, 2009)
  • Various, Senegal: Essays in Statecraft, (Codesria, 2003)
  • Various, Street Children in Senegal, (GYAN France, 2006)

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Sénégal ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity
Pamaréntah
Informasi umum
Warta
Pelesir

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Sénégal di Wikivoyage

Nu lian

Citakan:Senegal topics


Countries.png