Sajarah Cianjur

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diamond-caution.png Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan katingali siga Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Sajarah Cianjur mangrupakeun carita sajarah nu bisa dijujut dumasar kana sababaraha sumber, sabagean diantarana mangrupakeun carita nu mangrupakeun hasil tina panalungtikan sajarah, sabagean deui mangrupakeun carita rahayat nu sumebar di wewengkon Cianjur jeung wewengkon lianna di Tatar Sunda, ngeunaan asal muasal jeung kamekaran Cianjur baheula, nepikeun ka kiwari.

Jujutan sajarah[édit | sunting sumber]

Taun 1529[édit | sunting sumber]

Talaga direbut ku Cirebon ti nagara Pajajaran, dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ti harita rahayat Talaga loba nu ngagem agama Islam, tapi raja-rajana mah ngagem kénéh agama karuhunna, nya éta agama Hindu. Anapon raja-rajana téh nya éta:

Sunan Ciburang kagungan putra Aria Wangsa Goparana. Aria Wangsa Goparana téh nunagawitan lebet islam diantara kulawargana. Ku sabab teu disatujuan ku nu jadi kolot, kapaksa Aria Wangsa Goparana ninggalkeun karaton Talaga tuluy angkat ka Sagarahérang. Di dieu Aria Wangsa Goparana ngadegkeun nagari (sansk = Desa, Bld = negorij).

Ku sabab Talaga direbut ku Cirebon ti taun 1529, rahayat Talaga disebut ogé rahayat Cirebon. Ku kituna, daérah Sagarahérang rahayatna disebut rahayat Cirebon. Aria Wangsa Goparana tilar dunya dina tungtung abad ka ka-17, dimakamkeun di kampung Nangkabeurit, kacamatan Sagarahérang, kabupatén Purwakarta. Turunanana nya éta:

  1. Djayasasana,
  2. Wiradwangsa,
  3. Candramanggala,
  4. Santaan Kumbang,
  5. Yudanagara,
  6. Nawig Candradirana,
  7. Santaan Yudanagara, jeung
  8. Nyi Murti.

Aria Wangsa Goparana satuluyna nurunkeun katurunan nu mibanda gelar Wira Tanu jeung Wira Tanu Datar sarta rundayanana. Anakna nu ka-hiji, Djayasasana, sanggeusna sawawa ninggalkeun Sagarahérang ka Cijagang. Taya katerangan nu leuwih écés perkara pindahna Djayasasana. Tapi aya sababaraha data nu bisa dipaké pikeun ngira-ngira waktu pindahna Djayasasana, diantarana:

“Suatu cerita rakyat, yang diolah oleh Walbeehm, mengatakan bahwa atas perintah seorang raja dari Mataram batas sebelah barat harus dijaga terhadap banten (demikian juga Van Rees), yang menempatkannya pada masa Tegalwangi. Cerita lain dari Holle, mengatakan bahwa ketika sensus oleh Puspawangsa ternyata ada 1100 cacah dibawah pimpinan Wira Tanu, 200 diantaranya diperintahkan oleh Mataram pergi ke Cianjur untuk menjaga batas, dibawah pimpinan dari Cirebon.”

Katerangan di luhur dipairan ku de Haan kalayan alesan yén Cianjur harita mah can aya, aya dina sajarah sotéh taun 1678, nya éta dina surat bupati sumedang ka VOC (D.20 Januari 1678)[3]. Pamanggih de Haan kurang leuwih jiga kieu:

“Pemberian tahu yang pertama kali tentang Cianjur adalah D.20 Januari 1678 dalam surat bupati Sumedang: Mereka dari Cirebon telah menduduki pegunungan Cimapag dan pegunungan Cianjur…….”

Satuluyna de Haan nétélakeun:

“(………..adalah tidak mungkin bahwa disini yang dimaksud adalah didirikannya Cianjur, dimana tidak perlu dipikirkan sebagai kolonialisasi dari Ibu Kotanya, Cirebon.)”

Atra di dieu yén pamanggih de Haan museur kana dipakéna ngaran Cianjur. Ceuk pamanggih de Haan mah dipakéna ngaran Cianjur téh gurunggusuh teuing harita mah. Cianjur can aya dina sajarah. Tapi sok sanajan ngaran Cianjur can dipaké, lain hartina yén dina kanyataan Cianjur téh acan ngadeg. Bisa waé cianjur téh geus aya, ngan nu kacatet data sajarah beunang Walanda mah dina D.20 Januari 1678.

Nu perlu diperhatikeun ogé, yén de Haan teu méré pairan ngeunaan sensus nu dilaksanakeun ku Puspawangsa. Kunaon ieu sénsus téh dianggap penting? Ku sabab ku ayana sénsus Puspawangsa ka masarakat nu dipingpin ku Djayasasana, ngabuktikeun yén rahayat Djayasasana geus aya jeung matuh di; sebut waé daérah “X”, nalika dilaksanakeun sénsus. Jeung ieu sénsus téh diayakeun kurang leuwih taun 1655 di daérah “X”. Sakumaha de Haan nétélakeun:

“Ini mengingatkan perhitungan Puspawangsa tadi telah berlangsung setelah ada periode tenteram yang cukup di bawah Sunan Tegal Wangi:…………….terjadi pada masa Wiradadaha I.”

Dina katerangan di luhur, dé Haan ogé ngahaminan ayana kolonisasi rahayat Djayasasana, samalah numutkeun de Haan, meureun kolonisasi nu dimaksud téh lain ti Cirebon. Sunan Tegal Wangi nyepeng kakawasaan ti 1645-1677 jeung Wiradadaha I taun 1614 – 1674. Atuh saupama kitu mah sénsus Puspawangsa téh mémang lumangsung di daérah “X” dina taun + 1655.

Bisa dicindekkeun yén Djayasasana geus matuh di daérah “X” ti saméméh taun dilaksanakeunna sénsus taun 1655. hasil sénsus Puspawangsa nuduhkeun aya 1100 urang atawa + 300 umpi, mangrupa hiji kumpulan masarakat anu dina basa walanda disebutna volkgemeenschap kalayan Djayasasana minangka pingpinanana. Saréngséna diitung ku Puspawangsa, 200 rahayat Djayasasana diparéntah ku Mataram ngajagaan wates kulon. Senapatina Djayasasana. Ti harita Djayasasana disebut Wira Tanu, nu mibanda harti senapati. Rahayat (cacah)-na disebut ogé cacah Wira Tanu.

“Daérah “X” aya di antara Cisadané jeung Citarum, nu ku Jan Pieterszoon Coen mah asup yurisdiksi Batavia, sok sanajan anggapanna ngan sapihak. Ku kituna, daérah “X” jadi bagian pikeun nahan serangan ka Batavia. Daérah “X” téh asup kénéh kana wengkuan kakawasaan Mataram, ngan kusabab tempatna pangjauhna ti Puseur Dayeuh Mataram, kakawasaan Mataram téh ngan karasa hawar-hawar. Katurug-turug nalika daérah “X” dina taun 1652 dipasrahkeun hak pakaina ka VOC, antukna kakawasaan Mataram beuki nyirorot baé. Préténsi Mataram ka daérah “X” nyirorot pisan nepika level 0 nalika taun 1677, ku sabab dumasar kana kontrak Mataram jeung VOC tanggal 25 Februari 1677.

Terus kumaha atuh jeung rahayat Wira Tanu anu tadi kasabit-sabit salila kurang leuwih 30 taun nya éta antara taun 1655 - 1584? Ku lantaran kakawasaan Mataram nyirorot, Pasualan-pasualan sosial saperti bencana alam, wabah kasakit, jeung utamana perang téh teu karandapan nepika rahayat Wira Tanu bisa mekar. Jumlah rahayatna nambahan + jadi 2000 urang. Wira Tanu disebut ogé Dalem (wld = regent) dumasar kana jumlah masarakat nu dipingpinna. Éta hal ditétélakeun dina D. 24 Januari 1680, jadi saméméhna ogé Wira Tanu téh geus mingpin “regentschap” (satuan wilayah satingkat pedaleman atawa kabupatén).

Eusi D. 24 Januari 1680 nya éta saperti kieu:

“………medebrengende een brieffje of javaanse lontor door gemelte javanen te lande van den regent Aria Wira Tanoe uyt de negorye Tsitanjor,……..” anu pihartieunana kira-kira saperti kieu:

(……….mawa surat lontar Jawa ku urang Jawa ti regent Aria Wira Tanu ti negorij Cianjur).

Aya sababaraha catetan penting tina katerangan di luhur:

1. Nu dimaksud negorij téh nya éta tempat mukim, ku kituna regenschap téh salasahiji negorij. Jadi regentschap téh mangrupa negorij, sedeng negorij téh can tangtu regentschap. Begorij bisa mangrupa babakan atawa kampung. Ku kituna saupama aya negorij di jero negorij urang sebut waé sub-negorij atawa “onder negorij.”

2. Tina poin nu ka-hiji bisa dicindekkeun yén “negorye Tsitsanjor” mibanda harti “regentschap” Cianjur. Teu mungkin sub negorij Cianjur kusabab:

3. Wira Tanu nganjrekna di Cikundul (sub-negorij), lain di Cianjur.

4. Sub negorij mah Cianjur mah dipingpinna ku “Kingwey” (Ki ngabehi) Santaparana anu gugur dina perang ngalawan Banten (D.24 Januari 1980)

Perlu ditandeskeun, yén mangsa harita kakawasaan wira Tanu diangkat sacara sosial ku masarakatna, jadi moal aya bungkeuleukan surat kaputusana, upamana ti piha VOC atawa Mataram. Kakawasaan Wira Tanu harita ngawengku +14 Negorij nu biasa disebut umbul atawa cutak. Ku kituna, turunan Wira Tanu nu ka hiji (Wira Tanu II) satuluyna jadi ahli waris dalem anu ka-dua, tapi anu mimiti dina mangsa kakawasaan VOC sacara de facto jeung de jure Walanda taun 1691 – 1707.

Rundayan Aria Wira Tanu[édit | sunting sumber]

Dalem Aria Wira Tanu tilar dunya antara taun 1681 – 1706, boga turunan 10 urang, nya éta:

Nurutkeun carita rahayat Cianjur mah, aya kénéh turunan Wira Tanu (I) ti garwa nu lain manusa tapi “Jin Islam”, nya éta:

Aria Wira Tanu II mindahkeun Puseur Dayeuh Cianjur ti Cikalong ka Pamoyanan

Taun 1691[édit | sunting sumber]

Aria Wira Tanu II ninggalkeun Cikalong. Pindahna téh ka daérah saparat susukan Cianjur, néangan jeung muka lahan pikeun rahayatna. Ieu tempat téh dingaranan kampung Pamoyanan, anu kaasup kana sub-negorij Cianjur. Ku Wira Tanu II kampung Pamoyanan téh dijieun Puseur Dayeuh Cianjur. Kunaon bet dipindahkeun? Aya sababaraha kamungkinan,

Ayana patemon jeung Adolf Winckler anu dina éta patemon Aria Wira Tanu II ngusulkeun sangkan 2 urang lurah jeung 43 cacah dipulangkeun deui ka Wira Tanu II nu dicokot ku Angga Laksana, Umbul Cilaku. Angga Laksana ngawidian. Ku sabab kitu, Aria Wira Tanu hayang ngandeg mandiri, kusabab di Cikalong ayawali pamaréntahanti Cirebon (Aria Sacakusumah), Aria Wira Tanu II ngarasa kurang bébas; Kadatangan Bartel van der Valck, juru ukur VOC anu geus ngukur-ngukur wates wilayah padaleman, atawa; Ayana wangsit saperti diterangkeun tina naskah Kusumaningrat (Dalem Pancaniti) anu kacindekkan eusina kurang leuwih saperti kieu:

Nalika Wira Tanu (II) tatanén di bukit (anu nepika ayeuna dingaranan Pasir Wira Tanu), kadatangan Jin Puteri anu geus rémpo unjukan ka Wira Tanu (II) “Béjakeun ka lanceuk Andika, Dalem Natamanggala (Dalem Anom) , lamun hayang karaharjaan jeung kadigjayaan, sakuduna manéhna ngadegkeun karajaan di belah kidul-kulon ti Cibalagung, deukeut walungan Cianjur, éta mangrupa tempat nu hadé pikeun ngadegkeun karajaan. Di dinya aya pangupakan Badak Putih jeung hadé pisan, saupama éta pangupakan téh diperenahkeun di tengah-tengah Padaleman (Imah)”. Saréngséna kitu, tuluy jin téh ngaleungit. Teu lila torojol lanceukna datang, laju dicaritakeun ku Aria Wira Tanu II ka Dalem Anom naon anu cikénéh karandapan. Satuluyna Dalem Anom nyarita “ Kuring taya niat pikeun indit ti dieu: di dieu kuring ngarasa bagja. “ satuluyna Wira Tanu II ménta widi ka lanceukna pikeun néangan tempat di deukeut susukan Cianjur, geusan ngadegkeun karajaan. Lanceukna nyatujuan. Antukna Wira Tanu II pindah ka Pamoyanan anu satuluyna jadi Puseur dayeuh “Regenschap” Cianjur.

Nu jadi patalékan téh naha bener kadatangan jin saperti anu dicaritakeun di luhur, atawa nu dimaksud jin téh Bartel van der Valck?

Dalem Aria Wira Tanu Datar III mindahkeun puseur dayeuh ti Pamoyanan ka Kampung Cianjur

Taun 1707[édit | sunting sumber]

Dalem Aria Wira Tanu II tilar dunya (R. 12 April 1707), digantikeun ku putra sulungna Astramanggala anu diangkat jadi “Regent” ku VOC kalayan gelar Wira Tanu III atawa Dalem Dicondre. Sanggeusna diangkat, Wira Tanu III pindah ti kampung Pamoyanan ka kampung Cianjur, anu kaayaanana mangsa haritra leuwih maju tinimbang Pamoyanan. Sok sanajan jarak dua kampung éta diwilang deukeut, tapi kahalang kénéh ku leuweung jeung walungan. Ku kituna, nu ngadegkeun kota Cianjur téh lain Wira Tanu II, tapi Wira Tanu III. Konsekuensi séjénna yén kota Cianjur téh dijieun Puseur dayeuh taun 1707. perlu diperhatikeun ogé yén Wira Tanu III lain ngadegkeun cianjur minangka Padaleman atawa Sub-negorij, kusabab dina katerangan saméméhna sub-négorij téh geus ngadeg ti saméméh taun 1680 kénéh, tapi Aria Wira Tanu III ngan saukur mindahkeun puseur dayeuh ti Pamoyanan ka kampung Cianjur. Ieu hal téh lumangsung nalika VOC geus ngajajah Cianjur sacara ‘de facto’ jeung ‘de jure’. Nu matak Aria Wira Tanu III mah diangkat ku VOC, sedengkeun Aria Wira Tanu II mah ukur dikukuhkeun hungkul.

Wira Tanu III punjul dina ngalegaan kultur kopi jeung ngalegaan kabupatén jeung kawijakan. Aya sababaraha catetan nalika jaman kakawasaan Aria wira Tanu III.

  1. Wira Tanu III sering ngajukeun préténsi ka Walanda ngeunaan wates wilayah nu sabenerna kaasup wilayah kabupatian anu séjén.
  2. Rahayat Cianjur ngawangun gapura gedé sarupa béntang pikeun kahormatan Wira Tanu III. Belanda ngarasa kasieunan ku éta hal.
  3. Wira Tanu III kungsi ngajukeun gelar “Pangéran Aria Depatty Amancoerat Indator” (Pangeran Aria Dipati Amangkurat Di Datar), nu ngandung harti yén Wira Tanu III nyaruakeun dirina jeung Amangkurat I. Ngan gelar anu dimaksud teu dicumponan ku VOC. Anu dikabulkeun téh ngan “Datar”-na hungkul, nepi ka gelarna jadi Aria Wira Tanu Datar. Kusabab ditarimana éta gelar téh sanggeusna Wira Tanu III tilar dunya, anu maké éta gelar téh ti Wira Tanu Datar IV nepika Wira Tanu Datar VI.
  4. Wira Tanu III ménta ka VOC supaya Citarum dijadikeun wates Cianjur. Ieu hal téh ngandung harti, yén satengahna Bandung jeung Karawang, sarta saparapat ti Parakanmuncang bakal asup ka wewengkon Cianjur.
  5. Wira Tanu III keukeuh sangkan wates Cianjur jeung Kampung Baru, Karawang, Bandung jeung Parakanmuncang ditangtukeun. Ieu hal téh bakal ngabalukarkeun daérah tatangga bakal ngurangan. Dina taun 1724 sabagian wilayah Kampung Baru jeung Sagara Kidul asup ka Cianjur; Jampang mah geus ti heula asup ka Cianjur (1715)

Wira Tanu III tilar dunya dina taun 1726 alatan dicondre, kusabab kitu Wira Tanu III sok disebut Dalem Dicondre.[5]

Kakawasaan Wira Tanu di Cianjur nya éta nepika Wira Tanu Datar VI atawa Dalem Enoh anu jadi Wira Tanu Datar pamungkas anu jadi bupati di Cianjur.

Tina sababaraha katerangan di luhur, tétéla réa patalina carita rahayat jeung pamanggih ahli sajarah téh. Sok sanajan teu bisa dipastikeun, tapi carita rahayat diperlukeun pikeun babandingan dina nyieun kacindekkan sajarah.

Sajarah Cianjur identik jeung Babad Cikundul, ieu hal dilantarankeun nganjrek jeung dimakamkeunana Aria Wira Tanu I nya éta di Cikundul. Kusabab kitu sering Anu satuluyna ngalahirkeun carita-carita rahayat téh urang Cikundul anu sacara geografis deukeut wewengkonna. Saperti carita populer ngeunaan putera ka-hiji Aria Wira Tanu I tina puteri jin nya éta Éyang Suriakancana anu nepika ayeuna dipupusti urang Cianjur, nepika unggal 17 Agustus sok aya pawai Kuda Kosong anu ceuk béja mah cenah nu numpakanna téh nya éta rohna éyang Suriakancana anu ngageugeuh Gunung gedé jeung Gunung mananggél.

  1. Wawacan, mangrupa salasahiji tradisi tinulis ménak Sunda, kaasup di Cianjur. Salasahijina nyaéta [[[Kusumaningrat]] (Dalem Pancaniti) anu nulis wawacan ngeunaan Babad Cikundul.
  2. Nara sumberna Ujang Ahmad, umur 70 taun.
  3. Sistim arsip nu dipaké harita ku Walanda nu disebut “Dagregister” atawa sok disingget “D” nu hartina catetan poéan. Ieu catetan téh dikokolakeun ku VOC dina bénténgna di Batavia. Ieu sistim arsip téh mibanda kahéngkéran, kusabab sistem nulisna harita lain dilakonan ku cara kelompok, tapi campur, anu balukarna hiji Dagregister bisa ngawengku sababaraha kajadian anu waktuna béda.
  4. Sumber ti nu ku urang Cianjur biasa disebut Éyang Suriakancana anu ngageugeuh Gunung Gedé jeung Mananggél. Sok diayakeun acara ritual pikeun ngahormat Éyang Suryakancana unggal 17 Agustus nu disebut ‘Kuda kosong
  5. Aya sababaraha versi saéstuna mah dicondrena Wira Tanu III téh, samalah aya nu matalikeun jeung kultur kopi jeung aya ogé anu matalikeun jeung pasualan wanoja ti Cikembar nu geus boga beubeureuh.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Koswara, Dedi Spk. 1987. Naskah Sunda Kuno di Kabupaten Cianjur. Proyek Penelitian IKIP Bandung. Bandung: IKIP Bandung.
  • Suryaningrat, Bayu. 1982. Mengenal Kabupaten Daerah Tingkat II Cianjur. Cianjur: Pemda Cianjur.
  • Moriyama, Mikihiro. 2005. Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19’ . Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia.
  • Ekadjati, Edi S.Tinjauan Geneologi dan Pancakaki Urang Sunda. makalah
  • Garna, Judistira K. Orang Sunda dari masa ke masa. Makalah.