Sajarah lisan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sajarah lisan atawa sajarah oral hartina sajarah anu diturunkeun sacara lisan, turun-tumurun ti hiji generasi ka generasi salajengna. Ku kalolobaan ahli mah, sajarah lisan téh teu bisa dipercaya salaku sumber rujukan. Najan kitu, aya ogé ahli nu nganggap salaku cara pikeun miara jeung nyebarkeun sajarah, utamana nalika budaya tulisan can nyerep di hiji kaadaban. Pangalaman dina budaya sastra nunjukkeun yén manusa téh salawasna ngawangun ulang ingetanana (mémori). Najan aya parobahan, inti caritana mah ilaharna tetep kapiara. Nuturkeun guluyurna waktu, parobahan-parobahan téh beuki euyeub nepi ka antukna teu dipikawanoh deui. Jalma nu hirup dina budaya sastra bisa baé salah ngajénan kana kasohéhan sajarah lisan nu sumebar dina budaya prasastra.

Saméméh mekarna basa tulisan dina hiji masarakat, sajarah lisan téh mangrupa alat utama pikeun ngawariskeun émbaran ka turunanana. Nu ilahar mah nyaéta maké dongéng, utamana dina wanda sajak/tembang (misalna carita pantun & guguritan, sangkan leuwih gampang kaapalkeun) nu katelah tradisi lisan. Kombinasi tradisi lisan nu ngandung moral katut ritual téh katelahna carita rahayat (folklore).

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Oral history, Wikipédia édisi basa Inggris (5 Méi 2006).
  • Ritchie, Donald A. (2003). Doing Oral History: A Practical Guide, Oxford University Press.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg