Salam

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Salam
Daun sarta kembang salam
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Myrtales
Family: Myrtaceae
Genus: Syzygium
Species: S. polyanthum
Ngaran binomial
Syzygium polyanthum
(Wight) Walpers

Salam nyaéta ngaran tuwuhan nu ngahasilkeun daun nu dijadikeun samara dina asakan Indonesia. Tuwuhan ieu ogé dipikawanoh kalawan ngaran-ngaran séjén kawas ubar serai, meselangan (Sumatera), samak, kelat samak, serah (Malaysia), sarta manting (basa Jawa). Dina basa Inggris ieu tuwuhan dipikawanoh salaku Indonesian bay-leaf atawa Indonesian laurel, sedengkeun ngaran ilmiahna nyaéta Syzygium polyanthum. [1]

Gambaran botanis[édit | sunting sumber]

Tangkal salam ukuranana sedeng, ngahontal jangkung 30 m. Kulit tangkalna boga warna coklat kulawu, bareulah atawa sisitan.

Daun salam bentukna tunggal sarta perenahna pahareup-hareup, kalawan gagang nepi ka 12 mm.

Kembang salam mangrupakeun ranggeuyan nu ngandung réa pucuk kembang, 2-8 cm, mecenghul di handapeun daun atawa sakapeung dina kélék dahan. Kembangna laleutik, ambeuna seungit; kongkolakna kawas mangkok, panjangna kira-kira 4 mm; makutana laleupas, warnana bodas, 2,5-3,5 mm; benang sari jumlahna réa, leuwih kurang 3 mm, ngumpul dina 4 jumplukan, gancang murudul; piringan tengah rada pasagi, warnana jingga semu koneng (warna) koneng. Buah salam bentukan buleud, panjangna 12 mm, boga mahkota, boga warna beureum nepi ka wungu semu hideung lamun asak.

Pamakéan[édit | sunting sumber]

Kembang salam anu ngajumpluk

Daun salam dipaké utamana minangka bungbu panyeungit asakan di sajumlah nagara di Asia Tenggara, boh pikeun asakan daging, lauk, sayur, boh ogé sangu. Daun salam dicampurkeun dina kaayaan gembleng, garing atawa ogé seger, sarta milu diasakan nepi ka kadaharan kasebut asak. [2] Samara ieu méré ambeu anu mandiri tapi henteu nyegak. Di pasar sarta di dapur, salam mindeng dipasangkeun jeung laja.

Kai tangkal salam boga warna coklat jingga semu beureum sarta boga kualitas sedeng. Kai tangkal salam bisa dipaké jadia bahan bangunan sarta parabot rumah tangga. Kulit tangkalna ngandung tanin, mindeng dimangpaatkeun minangka obat (pikeun ngawarnaan sarta ngawetkeun) kecrik, bahan anyaman tina awi sarta nu séjén-séjénna. Kulit tangkal sarta daun salam ilahar dipaké minangka bahan ubar tradisional pikeun nyageurkeun nyeri beuteung. Buah salam ogé didahar ku jelema, sanajan ngan barudak anu mikaresepna.[3]

Daun salam garing ngandung kira-kira 0,17% minyak astiri, jeung ngandung komponén penting eugénol katut métil kavikol (methyl chavicol). Peresan étanol tina daun némbongkeun éfék antijamur sarta antibaktéri, sedengkeun peresan métanolna mangrupakeun anticacing, hususna dina nématoda kai pineus Bursaphelenchus xylophilus. [4]

Ékologi jeung budidaya[édit | sunting sumber]

Salam sumebar di Asia Tenggara, mimiti ti Burma, Indocina, Thailand, Semenanjung Malaya, Sumatera, Kalimantan sarta Jawa. Tangkal ieu kapanggih tumuwuh liar di leuweung-leuweung, mimiti ti sisi basisir nepi ka padataran nu jangkungna 1.000 m luhureun beungeut laut (lbl) di pulo Jawa, 1.200 m (di Sabah) sarta 1.300 m lpl (di Thailand).[5] Sajaba ti éta, salam dipelak di kebon atawa pakarangan sarta lahan-lahan tatanén lianna, utamana pikeun dicokot daunna. Daun salam liar ampir teu kungsi dipaké dina asakan, sajaba alatan ambeuna rada béda sarta kurang seungit, salam liar ogé ngabalukarkeun rasa nu rada pait.

Salam kembangan sarta buahan ampir dina waktu sapanjang taun. Tangkal ieu gampang dipelak ku cara melak siki atawa cangkokan.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonésia, jil. 3. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Kaca 1521.
  2. de Guzman, C.C. and J.S. Siemonsma (eds.). 1999. Plant Resources of South_east Asia 13: Spices. PROSEA. Bogor. ISBN 979-8316-34-7. pp. 218-219.
  3. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1521.
  4. de Guzman, C.C. and J.S. Siemonsma (eds.). 1999. Plant Resources of South_east Asia 13: Spices. PROSEA. Bogor. ISBN 979-8316-34-7. pp. 218-219.
  5. de Guzman, C.C. and J.S. Siemonsma (eds.). 1999. Plant Resources of South_east Asia 13: Spices. PROSEA. Bogor. ISBN 979-8316-34-7. pp. 218-219.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]