Salédri
| Salédri | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Apiales |
| Family: | Apiaceae |
| Genus: | Apium |
| Species: | A. graveolens |
| Ngaran binomial | |
| Apium graveolens L. |
|
Salédri (Apium graveolens) nya éta tutuwuhan anu asupna kana sayuran tur bisa dimangpaatkeun pikeun ubar. [1] Salédri bisa tumuwuh di dataran luhur atawa di dataran handap, perkebunan salédri di Indonesia ayana di Brastagi, Sumatera Utara jeung di Jawa Barat ngawengku Pacét, Pangaléngan jeung Cipanas anu hawana tiis. [1] Di Indonesia daun salédri dimangpaatkeun pikeun sambara papasakan atawa panglengkep dina sayur sop. [1] Pikeun urang Romawi Kuna salédri digunakeun sabagé 'karangan bunga'. [1] Numutkeun para ahli sajarah botani, daun saledri geus dimangpaatkeun sabagé sayuran ti abad XVII atawa taun 1640, sarta dimangpaatkeun jadi ubar dina taun 1942. [1]
Daptar eusi |
Kandungan [édit]
Dina unggal 100gr salédri ngandung:
- 20 kalori,[1]
- protéin 1 gram, [1]
- lemak 0,1 gram, [1]
- hidrat arang 4,6 gram, [1]
- kalsium 50 mg [1]
- fosfor 40 mg [1]
- besi 1 mg [1]
- Vitamin A 130 SI [1]
- Vitamin B1 0,03 mg [1]
- Vitamin C 11 mg [1]
Jenis [édit]
- Salédri daun atau salédri iris (A. graveolens kelompok secalinum) anu biasa diarah daunna pikeun sambara dina masakan Indonesia. [2]
- Salédri tangkai (A. graveolens Kelompok dulce) anu watang daunna gedé sarta bauna seungit, biasa dipaké salad. [2]
- Salédri umbi (A. graveolens Kelompok rapaceum), anu ngabentuk beuti dina beungeut taneuh, biasana dipaké dina sop, disemur, atawa schnitzel. Ieu beuti teh ngandung provitamin A jeung K. [2]
Mangpaat [édit]
Salian ti dijadikeun sambara, salédri ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ubar hiperténsi, nyeri panon, reumatik, mengi, ogé bisa ngaleubeutkeun buuk, jeung ngungkulan beungeut nu loba ngandung minyak. [1] [3]