Sanghyang Siksa Kandang Karesian

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kotak kropak dan halaman awal naskah Siksa Kandang Karesian L 630

Sanghyang Siksa Kandang Karesian (Aksara Sunda: ᮞᮀᮠᮡᮀ ᮞᮤᮊ᮪ᮞ ᮊᮔ᮪ᮓᮀ ᮊᮛᮨᮞᮤᮃᮔ᮪) mangrupa hiji pustaka Sunda nu ku sawatara ahli digolongkeun kana pustaka énsiklopédik nu ditulis taun 1440 Saka (1518 M). Kiwari naskahna diteundeun di Perpustakaan Nasional, dinomoran L 630 peti 16. Angka taunna disusun dina wangun kronogram, nu unina nora (= 0) catur (= 4) sagara (= 4) wulan (= 1), atawa 1440 Saka (1518 Masehi). Ieu naskah geus ditetepkeun minangka Ingatan Kolektif Nasional ku Perpustakaan Nasional Républik Indonésia taun 2022.


Naskah-naskahna[édit | édit sumber]

Naskah Gebang[édit | édit sumber]

Kapaluruh dua naskah nu eusina Sanghyang Siksa Kandang Karesian téh. Nu kahiji nyaéta naskah nu ditulis dina daun gebang (Corypha gebanga), maké mangsi hideung. Ieu naskah dinomoran L 630. Ditulis maké aksara Jawa Barat Kuno Kuadrat (sawatara ahli nyebutna aksara Buda atawa aksara Gunung). Aksara corak kuadrat kieu téh sarimbag jeung aksara nu ditulis dina prasasti-prasasti di Jawa ti abad ka-11 nepika abad ka-15.

Upama nilik kana katerangan Holle, saenyana naskah nu kiwari aya téh leungit dua lambar.[1] Panalungtikan Saleh Danasasmita, menyatakan bahwa naskah terdiri atas 31 lembar (deskripsi selengkapnya dapat dilihat dalam Aditia Gunawan & Griffiths 2013). Sangat disayangkan, karena dua lembar yang hilang berisi kolofon naskah. Namun, transliterasi dari kedua halaman yang hilang tersebut berada di Perpusnas Jakarta (cod. Plt. 131, peti 119; No. 263, peti 89), berdasarkan transliterasi berikut, rekonstruksi dari dua lembar naskah yang hilang dimungkinkan. Inilah satu-satunya manuskrip Sunda Kuna yang bertitimangsa, yaitu 1518 Masehi.


Eusi[édit | édit sumber]

Téks Siksa Kandang Karesian diwangun ku 22 bab nu eusina ngeunaan aturan sosial pikeun kaum cacah (hulun). Sajaba ti padika jeung ajaran moral nu némbongkeun hukum adat Sunda abad ka-16, ieu téks ogé dianggap énsiklopédi Masyarakat Sunda. Ti saprak mimiti kapanggih turta dihibahkeun ku Radén Saléh ka Bataviasch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen (BGKW) (kiwari Perpusnas) taun 1867, ieu naskah geus kawilang réa ditalungtik ku para ahli.

Hubungan jeung Bangsa Deungeun[édit | édit sumber]

Siksa Kandang Karesian ngagambarkeun aktivitas budaya manusa Sunda abad ka-16 nu ngawangun interaksi jeung budaya-budaya deungeun di sabudeureun kapuloan Nusantara ogé jeung wewengkon-wewengkon di benua séjénna.

Ti saprak abad ka-6 nepi ka abad ka-16, sawatara dokumén ti nagri deungeun nuduhkeun tapak lacak interaksi jeung wewengkon séjén, utamana India jeung Cina. Samalah dina abad ka-16, aya bukti yén Sunda mibanda hubungan jeung Jepang. Siksa Kandang Karesian jadi salah sahiji dokumén nu nuduhkeun situasi politik regional méméh abad ke-16. Dina Siksa Kandang Karesian disebut ayana ahli basa (juru basa darmamurcaya), nu parigel nyarita basa-basa deungeun (carék para nusa). Basa deungeun ieu téh di antarana Makasar, Pahang, Palémbang, Siam, Bangka, Buwun, Béten, Tulang Bawang, Sela, Samudra, Pasai, Parayaman. Di wilayah Asia Tenggara kasebut Kelantan, Kedah, Campa. Di wilayah Asia Selatan disebutkeun Dekan, India [Jambudipa], Bengala [Banggala], Sri Lanka. Cina yang ogé disebut, kaasup nagara-nagara Timur Tengah jeung Afrika Wétan, di antarana Mekah, Madinah, jeung Jenggi (Afrika Timur).

Sinambungna Tradisi Sunda[édit | édit sumber]

Wangun jeung Gaya[édit | édit sumber]

Ieu naskah ditulis dina wangun prosa didaktis, nu ngandung kutipan dina basa Sansekerta jeung basa Jawa Kuno. Ku kituna katémbong ayana hubungan antara basa Sunda jeung Jawa, ogé jeung basa Sansekerta minangka basa nu dipaké dina widang kaagamaan. Cutatan dina basa Sansekerta nu kaunggel dina naskah ditulis winangun sloka:

tataka carita haṅsa, gajendra carita banəm

matsyanəm carita sagarəm, puspanəm carita baṅbarəm

‘Talaga dicaritakeun ku soang, leuweung dicaritakeun ku gajah;

laut dicaritakeun ku lauk; kembang dicaritakeun ku nyiruan.’

Ieu cutatan téh minangka panganteur keur nu ngarang pikeun nerangkeun sagala rupa aspék kahirupan nu aya di masarakat. Sasatoan nu disebut téh minangka alégori pikeun manusa ti sagala widang profési, ari alam nu disebut minangka widang profésina. Sipat jeung gaya basa modél kieu téh nuduhkeun ciri khas dina ieu karya.

Siksa Kandang Karesian téh dijieun ku kalangan resi atawa agamawan. Sanajan kitu, aturan-aturanana mah ditujulkeun pikeun sakumna masarakat. Ku kituna katémbong peran aktif agamawan dina kahirupan sosial nu leuwih lega.

Téksna kabagi kana 24 Bab, unggal-unggal bab némbongkeun pasualan dumasar téma nu dicaritakeun.

  • Bab 1: Sapuluh Hasil
  • Bab 2: Sapuluh Bakti.
  • Bab 3: Lima Séri
  • Bab 4: Lakulampah Rahayat (karmaniṅ hulun)
  • Bab 5: Aturan Hubungan lalaki jeung wanoja
  • Bab 6: Aturan ngeunaan pagawéan
  • Bab 7: Aturan Iinditan
  • Bab 8: Tuladan
  • Bab 9: Nyikepan pujian jeung hinaan
  • Bab 10: Panglengkep laku lampah
  • Bab 11: Paréntah Darma Pitutur (Ensiklopedia)
  • Bab 12: Gurat Batara
  • Bab 13: Opat Buta
  • Bab 14: Tilu rupa kasadaran
  • Bab 15: Dharma nu utama jeung moksa
  • Bab16: Silokana cai
  • Bab 17: Tilu benang
  • Bab18: Rupa-rupa Mahluk hirup
  • Bab19: Opat Kagunaan manusa
  • Bab 20: Kahayang manusa
  • Bab 21: Hak milik jeung warisan
  • Bab 22: Nyokot awéwé pikeun jadi abdi
  • Bab 23: Ngala Jodo
  • Bab 24: Panutup

Élmu pangaweruh[édit | édit sumber]

Bagian nu patali jeung élmu pangaweruh aya dina darma pitutur, sakumaha kaunggel dina "panganteur" di handap,

"kitu kéh urang janma ini. lamun dék nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur... kalinganya, kita jarangg dék ceta, ulah salah geusan nanya..."

Panganteur ieu tuluy diteruskeun ku medar rupa-rupa pangaweruh: kahirupan tutuwuhan, sasatoan, carita, tembang, kaulinan, carita pantun, lukisan, ukiran, panday, kaén, papasakan, agama, perang jeung siasat perang, jangjawokan, jampé, palintangan, nagara, jsb.

Pustaka ieu nyebutkeun yén di wilayah karajaan Sunda dina mangsa harita geus mikawanoh rupa-rupa basa: ayana kasab jurubasa darmamurcaya sarta disebutkeunana basa-basa deungeun kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Makasar, Pahang, Kalantan, Maluku, Jawa, Campa, jsb.

Kasenian[édit | édit sumber]

Najan masarakat Sunda umumna bisa dianggap salaku masarakat huma, ceuk SSKK mah kahirupan karohanian jeung kabudayaan mah tetep tumuwuh: ayana kahirupan karaton, mandala atawa désa, atawa gabungan ti dua éta.

Karya sastra nu disebutkeun dina SSKK némbongkeun ayana pangaruh sastra Jawa jeung India. Nu dianggap pituin Sunda mah nyaéta tradisi lisan carita pantun, kawih, jeung kaulinan barudak nu tumuwuh di masarakat. Saduran *Kitab Sanghyang Siksa Kandang Karesian*

…. Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba : caang jalan panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranje kaeusi, huma kaoméan, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras, nyewana sama wong sarat. Sangkilang di lamba, trena taru lata galuma, hejo lembok tumuwuh sarba pala wohwohan, dadi na hujan, landing tahun, tumuwuh daek, ma hurip na ujung reya. Inyaéta sanghyang sasana kreta di lamba ngaranna.

Ini sanghyang dasa kreta nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasa sila, ya maya-maya sanghyang dasa marga ta, ka retyaksaan na dasa indriya. Ini byakta : ceuli ulang barang denge mo sieup didenge kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinenggu utama di pangreungeu.

Mata ulah barang deuleu mo ma sieup dideuleu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinenguh utama ning deuleu.

Kulit ulah dipaké gulang-gasehan, ku panas ku tiris, kenana dora bancana, sangkan nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti kulit.

Letah ulah salah nu dirasakeun kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti letah.

Irung ulah salah ambeu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti irung.

Sungut ulah barang carek kenana dora bancana na luna papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilnya ti leungeun.

Suku ulah barang tincak keuna dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti suku.

Payu ulah dipaké keter keter kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinegguh utama bijilnya ti payu.

Baga purusa ulah dipaké kancoleh kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti baga lawan purusa.

Ya ta sinanuh dasa kreta ngaranna. Anggeus kapahayu ma dora sapuluh rampes twahna urang reya. Ma ngun twah sang dewa ratu.

Nihan sinangguh dasa prebakti ngaranna. Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki, hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado, wado bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. Ya ta sinangguh dasa prebakti ngaranna.

Terjemahan ini diambil dari Buku : “ Sewaka Darma (Kropak 408), Sanghyang Siksakandang Karesian (Kropak 630), Amanat Galunggung (Kropak 632), Transkripsi dan Terjemahan” oleh Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang Ahmad Darsa.

Diterbitkan oleh Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktirat Jendral Kabudayaan Dep Pendidikan Dan Kebudayaan Bandung taun 1987. Naskah ini dibuat pada taun 1518 M, memakai aksara Sunda kuno.

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Karel Frederik Holle. 1867. ‘Vlugtig berigt omtrent eenige lontar-handschriften, afkomstig uit de Soenda-landen, door Raden Saleh aan het Bataviaasch Genootschap van K. en W. ten geschenke gegeven, met toepassing op de inscriptiën van Kwali’. Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde 16: 450–70.
  • Ayatrohaédi & Sri Saadah. 1995. Jatiniskala: kehidupan kerohanian masyarakat Sunda sebelum Islam. Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Pusat, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Departemen Pedidikan dan Kebudayaan, Jakarta.

Bacaan salajengna[édit | édit sumber]

  • Suhamir. 1961. Catetan sajarah Sunda II: hiji énsiklopédi Sunda. Kalawarta Kujang: 290.


Daptar Naskah Sunda Kuno
Amanat Galunggung - Bujangga Manik - Carita Parahiyangan - Carita Purnawijaya - Kawih Pangeuyeukan - Carita Ratu Pakuan - Carita Waruga Guru - Kawih Paningkes - Pantun Ramayana - Sanghyang Hayu - Sanghyang Raga Déwata - Sanghyang Sasana Maha Guru - Sanghyang Siksa Kandang Karesian - Séwaka Darma - Sri Ajnyana - Tutur Bwana - Warugan Lemah
  1. Holle, Karel Frederik. 1867. ‘Vlugtig berigt omtrent eenige lontar-handschriften, afkomstig uit de Soenda-landen, door Raden Saleh aan het Bataviaasch Genootschap van K. en W. ten geschenke gegeven, met toepassing op de inscriptiën van Kwali’. Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde 16: 450–70.