Sangkuriang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gunung Tangkuban Parahu dipercaya minangka parahu anu ditajong ku Sangkuriang

Sangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta dongéng atawa legénda anu asalna ti Tatar Sunda. Legénda kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung, Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang sarta Gunung Bukit Tungul.

Tina legénda kasebut, urang bisa nangtukeun geus sabaraha lila urang Sunda hirup di dataran luhur Bandung. Dumasar kana legénda kasebut anu dirojong ku fakta géologi, katorah yén urang Sunda geus hirup di dataran ieu rébuan taun saméméh Al Masih.

Legénda Sangkuriang mimitina mangrupa talari lisan. Rujukan tulisan ngeunaan legénda ieu aya dina naskah Bujangga Manik anu ditulis dina daun palemlontar anu asalna ti ahir abad ke-15 atawa mimiti abad ke-16 Maséhi. Dina naskah kasebut ditulis yén Pangéran Jaya Pakuan nu boga landihan Pangéran Bujangga Manik atawa Ameng Layaran ngadatangan tempat-tempat suci agama Hindu di pulo Jawa sarta pulo Bali dina ahir abad ka-15.

Sanggeus ngalakonan lalampahan panjang, Bujangga Manik anjog ka tempat anu ayeuna jadi dayeuh Bandung. Manéhna jadi saksi mata anu mimiti nuliskeun ngaran tempat ieu anu mangrupa sasakala Sangkuriang. Laporanana nyaéta saperti kieu:

Leumpang aing ka baratkeun
datang ka Bukit Patenggeng
Sasakala Sang Kuriang
Mangsa dek nyitu Ci tarum
Burung tembey kasiangan

Tingkesan Carita[édit | sunting sumber]

Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis. Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar Dayang Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan. Dayang Sumbi nyingkurkeun diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tunmang. Sabot keur uplek ninun, toropong anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa haroréam capé, Dayang Sumbi ngucapkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang leuwih tiheula, manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu ragrag lamun lalaki baris dijadikeun salakina. Si Tumang mangnyokotkeun toropong kasebut sarta dibikeun ka Dayang Sumbi. Dayang Sumbi ahirna ngajadikeun si Tumang salakina sarta ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré ngaran Sangkuriang.

Sabot Sangkuriang keur moro di jero leuweung, manéhna nitah si Tumang pikeun ngudag babi bikang Wayungyang. Alatan si Tumang henteu nurutkeun, mangka dipaéhan ku Sangkuriang. Haté si Tumang ku Sangkuriang dibikeun ka indungna anu tuluy diasakan sarta didahar ku Dayang Sumbi. Sanggeus Dayang Sumbi nyaho yén anu didahar téh haté si Tumang, manéhna kacida ambekna sarta nakol sirah Sangkuriang ku siwur anu dijieun tina batok anu ngabalukarkeun tatu.

Sangkuriang indit ngumbara ngurilingan dunya. Sanggeus sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna mecenghul di kulon sarta tanpa sadar geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi. Sangkuriang henteu apal yén putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi – indungna. Sangkuriang jeung Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna. Tanpa ngahaja Dayang Sumbi nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang sahingga nyaho yén Sangkuriang téh anakna sorangan sarta megatkeun tali asih. Cacak kitu Sangkuriang tetep memaksa ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi. Tungtungna Dayang Sumbi ménta sarat nu pamohalan kacumponan nyaéta sangkan Sangkuriang mangnyieunkeun parahu sarta situ dina waktu sapeuting ku cara mendet walungan Citarum. Sangkuriang nyanggupan ieu sarat.

Mangka Sangkuriang nyieun hiji parahu tina hiji tangkal anu tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah jadi gunung Bukit Tunggul. Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung Burangrang. Ku bantuan para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas, terus mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal ambéh maksud Sangkuriang henteu kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung Manglayan. Cai Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé ditalapung ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung Tangkuban Parahu.

Sangkuriang terus ngudag Dayang Sumbi anu dumadakan ngiles di Gunung Putri sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang sanggeus nepi ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka alam gaib (Ngahiyang).

Fakta Géologi[édit | sunting sumber]

Sasakala Sangkuriang luyu jeung fakta géologi ngeunaan kabentukna situ Bandung sarta Gunung Tangkuban Parahu.Koesoemadinata, R. The Origin and Pre-history of the Sundanese, Institute of Technology Bandung. Panalungtikan géologis mutahir némbongkeun yén sésa-sésa talaga purba geus 125 rébu taun. Situ kasebut jadi garing 16000 taun katukang.

Di ieu wewengkon, Gunung Sunda purba geus dua kali ngarandapan bitu dina wanda bitu Plinian nyaeta dina 105000 sarta 55000-50000 taun katukang. Bitu plinian kadua geus ngaruntagkeun kaldéra Gunung Sunda purba sahingga nyiptakeun Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang (disebut ogé Gunung Sunda), sarta Gunung Bukit Tunggul.

Hal ieu ngabuktikeun yén karuhun Sunda geus nempatan dataran luhur Bandung sarta nyaksian bitu Plinian kadua anu nyapu padumukan palebah kulon walungan Citarum (kalér sarta kulon situ Bandung) salila période bitu dina 55000-50000 taun katukang waktu Gunung Tangkuban Parahu kabentuk tina sésa-sésa Gunung Sunda buhun. Mangsa ieu téh mangsana homo sapiens; maranéhanana geus kanyahoan hirup di Australia kidul dina 62000 taun katukang, sawaktu jeung Manusa Jawa (Wajak) nu hirup kira 50000 taun katukang.

Sangkuriang jeung Falsafah Sunda[édit | sunting sumber]

Numutkeun abah Surya sandiasmana abah Hidayat Suryalaga, urut Réktor Itenas Bandung, sasakala Sangkuriang dimaksudkeun pikeun jadi munara cahya (Sungging Perbangkara) pikeun saha ogé manusana (tangkal cariang) anu masih bingbang ku éksisténsi (ayana) dirina sarta hayang manggihan jatidiri kamanusaanana (wayungyang). Hasil tina panyungsian ieu baris ngalahirkeun kereteg haté (nurani) sabagé kabeneran nu sajati (Dayang Sumbi, Rarasati). Tapi lamun henteu dibiruyungan kalawan ati-ati sarta kasadaran nu pinuh/éling (toropong), mangka dirina baris dikawasa ku rasa kabingbang anu teu eureun-eureun (dikawasa ku si Tumang) anu baris ngalahirkeun égo anu hayang meunang sorangan, nyaéta jiwa anu tacan kacaangan (Sangkuriang). Mangsa Sang Nurani kakawasa deui ku kawaswas (Dayang Sumbi ngadahar haté si Tumang) mangka musnah kasadaran anu sajati. Rasa hanjakal anu kaalaman Sang Nurani dilakonan ku cara merangan kaadigungan rasio Sang Égo (sirah Sangkuriang ditakol). Kaadigungan ogé anu mangaruhan “Sang Égo Rasio” pikeun ngajauhan sarta ninggalkeun Sang Nurani. Tétéla kaadigungan Sang Égo Rasio anu hésé capé néangan élmu (kacerdasan inteléktual) salila pangumbaraanna di dunya (nuju ka arah wétan), tungtungna balik ka kulon anu sacara sadar atawa henteu sadar sok ditéang sarta dipikasono nyaéta Sang Nurani (Pasamoan Sangkuriang jeung Dayang Sumbi).

Cacakan kitu, tétéla ngahijina antara Sang Égo Rasio (Sangkuriang) jeung Sang Nurani anu kacaangan (Dayang Sumbi), henteu sagampang anu dikira. Kalayan mawa bekel élmu pangaweruh anu geus dikawasana Sang Égo Rasio (Sangkuriang) kudu sanggup nyieun hiji kahirupan sosial anu dumasar kana kaasih jeung kanyaah, interdepéndensi – silih asih-asah sarta silih asuh anu humanis harmonis (kamanusan nu salaras), nyaéta hiji talaga kahirupan sosial (nyieun situ Bandung) anu dicicingan ku sagala rupa kumpulan manusa kalawan rupa-rupa parangina (Citarum). Samentara éta, jatidiri nu sagemblengna ogé kudu dijieun ku Sang Égo Rasio sorangan (dijieunna parahu). Ayana Sang Égo Rasio éta ogé henteu leupas tina sajarah dirina, aya tunggul anu jadi asal muasalna (Bukit Tunggul, tangkal sajarah) saprak ti mimiti gumelar (wétan, tempat mimiti medalna kahirupan). Sang Égo Rasio ogé kudu némbongkeun éksisténsi dirina (tutunggul, pananda diri) sarta dina panungtunganana manéhna ogé baris miboga turunan anu kabiruyungan dina masarakat nu baris datang sarta hiji mangsa kabéhana bakal lekasan diteleg ku sang waktu jadi satumpuk tulang (gunung Burangrang).

Matak hanjelu lamun tétéla harepan pikeun ngahijina Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani anu kacaangan (ampir ngadahupna Sangkuriang jeung Dayang Sumbi), gagal alatan kaburu aya titik ahir, ahir kahirupan (boéh rarang atawa lawon kafan). Ahirna takdir anu tumiba ka Sang Égo Rasio ngan saukur rasa hanjakal anu kacida sarta ambek ka “dirina”. Mangka kaadigungan rasio dirina ditalapung, jadi waé saurang manusa transéndéntal nu nangkuban nyeungceurikan kasangsaraan anu tumiba kana dirina (Gunung Tangkubanparahu).

Sanajan kitu, lantaran sang Égo Rasio masih ngarasa panasaran, diudagna terus Sang Nurani anu kacaangan nu dipidangdam (Dayang Sumbi) kalayan harepan bisa luluh ngahiji antara Sang Égo Rasio jeung Sang Nurani. Tapi tétéla Sang Nurani anu kacaangan ngan némbongkeun diri jadi saksi laku-lampah anu kungsi lumangsung sarta karandapan ku Sang Égo Rasio (kembang Jaksi).

Panungtungan carita nyaéta mangsa datangna kasadaran lekasanana kaadigungan rasiona (Ujungberung). Kalayan kasadaranana ogé, dicabut sarta dialungkeunana cocok dominasi kaadigungan rasio (gunung Manglayang). Mangka kiwari kabuka saluran prosés komunikasi anu sopan jeung saha ogé (Sanghyang Tikoro; babasan: Hadé ku omong goréng ku omong). Sarta kalayan imeut, dijaga pisan kadaharan anu asup kana beuteung teh ngan anu halal beresih sarta méré mangpaat.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Koesoemadinata, R. P., "Asal Usul dan Prasejarah Ki Sunda", Sub theme" "Bidang Kajian Sejarah, Arkeologi dan filologi", in Ajip Rosidi et.al (editor: Edi S.Ekadjati and A.Chaedar Alwasilah)
  2. Hidayat Suryalaga, Kajian Hermeneutika terhadap Legenda dan Mitos Gunung Tangkubanparahu dengan segala aspeknya, Hidayat Suryalaga, Orasi Ilmiah ketika Hari Wisuda Mahasiswa ITENAS, Bandung, 28 Mei 2005.

Tumbu ka Luar[édit | sunting sumber]