Sangu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sangu nyaéta béas (atawa sakapeung serealia séjén) anu geus dikulub (sarta diseupan). Prosés ngulub béas dipikawanoh ogé minangka 'tim'. Nyeupan diperlukeun pikeun ngabangkitkeun aroma sangu sarta leuwih ngabeyékeun tapi tetep kajaga konsistensina. Lamun nyieun sangu make cai loba nalika prosés ngulubna baris ngahasilkeun bubur.

Kelir sangu anu geus asak beda-beda gumantung kana jenis béas anu dipaké. Umumna, kelir sangu nyaéta bodas lamun béas anu dipaké boga warna bodas. Béas beureum atawa béas hideung baris ngahasilkeun kelir sangu anu sarupa jeung kelir béasna. Kandungan amilosa anu saeutik dina pati béas baris ngahasilkeun sangu anu condong leuwih transparan sarta lengket. Ketan, anu patina ngan ngandung saeutik amilosa sarta ampir kabéhanana mangrupa amilopektin, ngabogaan sipat sarupaning éta. Béas Jepang (japonica) pikeun sushi ngandung kadar amilosa kira-kira 12-15%, ku kituna sanguna leuwih lengket batan sangu anu dikonsumsi di Asia Tropika anu kadar amilosana kira-kira 20%. Umumna, béas kalawan kadar amilosa leuwih ti 24% baris ngahasilkeun sangu anu 'béar' (henteu leket, teuas, sarta gampang papisah).

Sangu didahar ku kalolobaan nu nyicingan Asia minangka sumber karbohidrat utama dina menu sapopoé. Sangu minangka kadaharan poko biasana disuguhkeun babarengan jeung deungeunna keur ngalengkepan rasa sarta ogé ngalengkepan kaperluan giji hiji jalma. Sangu bisa dikokolakeun deui babarengan jeung bahan kadaharan séjén jadi pasakan anyar, kawas dina sangu goréng, sangu konéng atawa sangu kabuli.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]