Santanu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Santanu
Déwanagari: सांतनु
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang: Panah
Papasangan: Déwi Gangga jeung
Satyawati (alias Gandawati;
alias Durgandini)
Prabu Santanu kapentang asmara ku Satyawati (landihan Gandawati, landihan Durgandini), saurang anak pamayang (dilukis ku Raja Ravi Varma)

Santanu (basa Sansakerta: सांतनु; Śāṇtanu) nyaéta inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Anjeunna nyaéta putera Raja Pratipa, Raja ti terah Candrawangsa, turunan Maharaja Kuru, anu ngabogaan tegal ngaranna Kurusétra, tempatna di India Kalér. Prabu Santanu mangrupa bapa ti Bisma sarta sacara hukum, akina Pandu jeung Dréstarastra. Manéhna maréntah di Astinapura, ibukota sakaligus puseur pamaréntahan para turunan Kuru, di Karajaan Kuru.

Kalahiran[édit | sunting sumber]

Prabu Santanu mangrupa anak pasangan Raja Pratipa jeung Ratu Sunanda, turunan Raja Kuru, anu nurunkeun kulawarga para Pandawa jeung Kurawa. Santanu asalna ti kecap çanta anu hartina tenang, sabab Prabu Pratipa dina kaayaan tenang dina waktu puterana gumelar ka alam dunya. Prabu Santanu pohara kasép, pohara rancagé dina ngagunakeun pakarang, sarta resep moro ka leuweung. Manéhna ngagantikeun bapana, Raja Pratipa, salaku Raja di Astinapura.

Ngadahup jeung Dewi Gangga[édit | sunting sumber]

Dina waktu Prabu Santanu moro ka sisi walungan Gangga, manéhna papanggih jeung wanoja anu pohara geulis sarta awakna pohara éndah. Wanoja kasebut nyaéta Dewi Gangga. Déwi Gangga keuna ku supata Déwa Brahma pikeun turun ka bumi sarta jadi pasangan turunan Raja Kuru. Alatan kapincut ku kageulisanana, Prabu Santanu kapentang asmara. Déwi Gangga ogé daék jadi permaisuri kalayan sarat yén naon waé anu dipilampah ku manéhna ka anakna, Prabu Santanu henteu menunang ngalarang. Lamun Prabu Santanu ngarémpak jangjina, mangka Déwi Gangga baris ninggalkeun manéhna. Alatan rasa asih anu kacida, mangka sarat kasebut disanggupan ku Prabu Santanu.

Sanggeus ngadahup, Déwi Gangga ngandung anak nu kahiji. Barang brol jabang bayi lahir, manéhna neuleumkeun éta orok ka walungan Gangga. Kitu ogé anak-anak lianna mangsa lahir, kabéh ngalaman nasib anu sarua. Sang Raja nyaho hal kasebut sarta sok nuturkeun, tapi manéhna teu wasa pikeun ngahalangan alatan katalikung ku jangjina ka Déwi Gangga. Sabot Sang Dewi ngandung anakna anu kadalapan, Prabu Santanu teu werat, tuluy ngeureunkeun peta permaisurinya anu dianggap gawé biadab sarta henteu boga prikamanusaan.

Déwi Gangga ngeureunkeun petana tuluy ngécéskeun yén anak-anak anu dilahirkeun ku manéhna téh mangrupa titisan ti Astawasu atawa dalapan Wasu. Tindakanana neuleumkeun orok-orok kasebut nyaéta pikeun ngaleupaskeun jiwa maranéhanana ambéh ngahontal sawarga, panyicingan para Wasu. Dina mangsa ka tukang, dalapan Wasu kasebut kungsi maok sapi sakti boga Resi Wasista. Alatan kanyahoan, maranéhanana tuluy disupata ku Resi Wasista sangkan kakuatan maranéhanana leungit sarta ngajanggélék jadi manusa. Salah sahiji ti dalapan Wasu kasebut ngaranna Prabata anu mangrupa pamingpin dina rancana maling kasebut. Alatan manéhna mangrupa palaku utama sarta katujuh Wasu séjénna ngan pipilueun, mangka Prabata baris ngajanggélék jadi manusa leuwih lila. Jaga Prabata ngajanggélék jadi manusa sakti anu ngaranna Déwabrata. Tapi saprak manéhna ngalakonan sumpah moal kawin mangka ngaranna dirobah jadi Bisma. Sanggeus ngécéskeun hal kasebut ka Prabu Santanu, Déwi Gangga anu masih ngandung leungit ti walungan Gangga.

Mecenghulna Bisma[édit | sunting sumber]

Prabu Santanu ahirna ngarélakeun permaisurina nu leungit sarta balik deui ka karaton, maréntah karajaan Astinapura. 36 taun saterusna, Prabu Santanu anu keur bosen, jalan-jalan ka sisi walungan Gangga. Di dinya manéhna nempo saurang nonoman anu pohara kuat, sanggup mendet cai walungan Gangga. Nonoman kasebut nyaéta Déwabrata, anak kadalapan Prabu Santanu jeung Déwi Gangga. Sanggeus indungna (Dewi Gangga) mecenghul sarta ngécéskeun asal usul Déwabrata, Prabu Santanu ngajak Déwabrata ka karaton. Déwabrata tumuwuh jadi anak anu bakti ka kolot sarta ngabogaan jiwa satria nu luhung. Manéhna dicalonkan minangka penerus tahta.

Ngadahup jeung Gandawati[édit | sunting sumber]

Dina hiji mangsa sabot Prabu Santanu ngadéngé warta yén di palebah walungan Yamuna sumebar ambeu anu pohara seungit nyambuang. Ku rasa panasaran Prabu Santanu jalan-jalan ka walungan Yamuna. Manéhna manggihan asal ambeu seungit kasebut nyaeta ti saurang wanoja désa nu ngaranna Satyawati (atawa Gandawati alias Durgandini). Wanoja kasebut geulis kawanti-wanti bawa ngajadi sarta awakna seungit. Prabu Santanu kapati-pati sarta boga niat rék ngalamar Satyawati. Bapa wanoja kasebut ngaranna Dasabala. Sabot Sang Raja ngalamar, Dasabala ngajukeun sarat yén Satyawati kudu jadi permaisuri sarta turunanana kudu jadi panerus tahta. Ngadéngé sarat kasebut, Sang Raja balik ka karaton kalayan haté nu remuk. Manéhna jadi gering nangtung ngalanglayung alatan terus mikiran wanoja pujaanana.

Nempo bapana ngalanglayung, Déwabrata nalungtik marga lantaranana. Manéhna nanya ka kusir anu nganteurkeun bapana ti walungan Yamuna. Ti dinya manéhna meunang warta yén bapana kajamparing asih kapentang asmara ku hiji awéwé. Tungtungna, Déwabrata miang ka walungan Yamuna. Manéhna ngawakilan bapana ngalamar anakna Dasabala anu pohara dipidangdam beurang peuting ku bapana. Manéhna nurutkeun sagala sarat anu diajukan ku Dasabala. Manéhna ogé sumpah moal rék kawin saumur hirup sarta moal narima warisan tahta turunan Raja Kuru ambéh jaga henteu lumangsung rebutan kakawasaan antara turunanana jeung turunan Durgandini. Saprak ti harita, ngaran Déwabrata robah jadi Bisma. Lantaran dina ajaran Hindu mah awéwé meunang kawin ka leuwih ti hiji lalaki, ahirna Prabu Santanu jeung Déwi Durgandini ngadahup sarta ngabogaan dua urang anak nu ngaranna Chitranggada jeung Wicitrawirya. Ahirna Prabu Santanu jeung Satyawati ngadahup tuluy ngabogaan dua urang anak nyaéta Citranggada jeung Wicitrawirya. Prabu Santanu mangkat sarta Bisma nunjuk Citranggada minangka penerus tahta Astinapura. Jaga Wicitrawirya baris nurunkeun kulawarga Pandawa jeung Kurawa.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa