Sanyawa kimia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Dina widang kimia, sanyawa ngarupakeun zat nu ngawujud tina dua atawa leuwih unsur dina nisbah tetep nu nangtukeun wangunanna. Pikeun conto, cai ngarupakeun sanyawa nu disusun ku hidrogén jeung oksigén dina nisbah dua ka hiji.

Sacara umum, nisbah tetep ieu kudu ditangtukeun dumasar sababaraha ciri sipat fisik, leuwih ti ukur beunang sagawayah jijieunan jelema. Ieu nu jadi sabab pangna kuningan, superkonduktor, YBCO, semikonduktor Aluminium gallium arsénida, atawa coklat dianggap campuran atawa alloy, lain sanyawa.

Ciri nu nangtukeun hiji sanyawa nyéta ayana rumus kimia. Rumus ngagambarkeun nisbah jumlah atom na hiji zat. Pikeun conto, dina H2O (cai) aya dua atom hidrogén pikeun tiap hiji atom oksigén. Rumus ieu teu nétélakeun yén cai dijieun ku molekul.

Sanyawa bisa mibanda sababaraha fase. Pikeun sanyawa, sangkan cair atawa gasna tetep disebut sanyawa, atom-atomna nu ti rupa-rupa unsur kudu kabeungkeut dina wujud molekul. Wangunan molekul nu jadi sabab pangna aya sanyawa modél C2H4 (batan ukur CH2) - rumus nétélakeun teu wungkul nisbah, tapi ogé sabaraha atom nu aya na unggal molekul.

Sakabéh sanyawa bakal beulah jadi sanyawa nu leuwih leutik atawa atom mandiri mun dipanaskeun nepi ka temperatur nu cukup. Temperatur ieu disebutna temperatur dékomposisi.

Unggal sanyawa kimia nu geus dijéntrékeun na literatur dibéré pananda wilangan unik, wilangan CAS. Tempo ogé ngaran sistematik.

Rupa-rupa sanyawa[édit | sunting sumber]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Daptar sanyawa na Wikipédia.

Rujukan[édit | sunting sumber]