Sapi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sapi
Sapi Friesian/Holstein
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Mamalia
Order: Artiodactyla
Family: Bovidae
Subfamily: Bovinae
Genus: Bos
Species: B. taurus
Ngaran binomial
Bos taurus
Linnaeus, 1758

Sapi mangrupakeun sato tandukan hasil doméstikasi anggota subfamili Bovinae ti famili Bovidae. Sapi diternakkeun pikeun diala daging, susu, kulit, jeung tanagana. Di India, misalna, sapi téh malah dihurmat, teu meunang dirogahala numutkeun kapercayaan Hindu. Kiwari, sadunya téh aya kira 1,3 miliar sapi [1].

Numutkeun idéntifikasi munggaran ku Carolus Linnaeus, sapi téh digolongkeun kana tilu spésiés: Bos taurus (sapi Eropah, kaasup tipe nu sarupa ti Aprika jeung Asia), Bos indicus (zebu), jeung Bos primigenius (geus lastari). Nu pamungkas mangrupakeun karuhun pikeun dua nu ti heula. Kadieunakeun, tilu spésiés ieu ngariut jadi hiji, maké ngaran Bos primigenius taurus, Bos primigenius indicus, atawa Bos primigenius primigenius. Sapi ieu bisa ogé baranahan mun jeung spésiés séjén nu deukeut, misalna jeung yak, banténg, gaur, jeung bison. Teu bisa sotéh jeung munding.

Baca ogé [édit]

Rujukan [édit]

Tumbu kaluar [édit]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca



Nulis.jpg