Sawér

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sawér nurutkeun R. Satjadibrata nyaéta (1) Cai asup ka imah lantaran kaanginan ti luar; kasawéran hartina kabaseuhan ku sawér; panyawéran hartina tempat muragna cai hujan tina suhunan, sok disebut ogé taweuran.[1] (2) Nyawér, ngawuran (pangantén jst) ku béas dicampur duit jeung tékték katut konéng temen beunang ngeureutan, dibarengan ku kawih piwulang sepuh; biasana nu disawér nya éta pangantén nu kakara datang ti masigit rék asup ka imah.[1]

Siksikan konéng pikeun upacara adat sawér

Sawér nurutkeun Danadibrata nyaéta cihujan nu kaasupkeun ka tempat nu aya di handapeunana, lantaran katebak ku angin, upamana cai nu ragrag tina curugan kana taweuran, kenténg hateup nu teu rékép masangna nepi ka clakna cihujan muncrat kana sela-sela kenténg.[2] Kasawéran hartina keuna ku sawér, paribasa: kasawéran hartina milu kacéprétan milik, kabawa meunang bagja atawa meunang milik; panyawéran hartina lolongkrang di luar imah antara bilik luar jeung curugan, sok disebut oge taweuran; disawér hartina pangantén nu kakara anggeus dirahpalan, diawuran ku béas dicampur duit récéh jeung rupa-rupa bahan nu jadi lambang pikeun hirup pangantén anyar; bari dilaguan ku lagu nyawér piwulang sepuh, supaya pangantén engkéna meunang rahmat lir ibarat kasawéran ku gunturna madu kacaahan bagja dina jero laki-rabina.[2]

Sawér nurutkeun Yetty Kusmiaty Hadist, nyaéta salasahiji bagian tina upacara adat urang Sunda.[3] Upacara sawér ngagunakeun basa minangka alatna. Istilah sawér ngandung harti (1) cai hujan anu asup ka imah ku sabab katiup angin. panyawéran = taweuran tempat muragna cai hujan tina wuwung; (2) ngawuran pangantén ku béas dicampur duit, tékték, jeung konéng meunang nyiksik.[3] Sawér oge ngandung harti papatah kolot keur pangantén dipirig ku tembang.[3] Sawér sarua jeung sebar, anu nyebarna mangrupa hujan atawa barang lianna saperti tipung atawa béas.[3] Sawér ogé dihartikeun mapatahan budak dina upacara ritus disaksian ku balaréa, pangpangna kolot-kolot jeung nu dareuheus kayaning tatangga atawa babarayaan jeung sosobatan kolotna.[4] Biasana dihaleuangkeun bari ngawur-ngawur béas anu dicampur ku konéng temen beunang nyiksikan jeung duit récéh-ayeuna mah duit récéh téh sok diganti ku peremén atawa sabangsana, da geus hésé récéh.[4] Nu sok disawér téh nu kakandungan (waktu tingkeban atawa babarit), orok nu kakara lahir, budak lalaki nu disunatan, budak awéwé nu digusar, jeung pangantén nu anyar dirapalan.[4] Adat nyawér nu tingkeban, nyawér orok, jeung budak sunat, kitu deui budak anu digusar, ayeuna geus langka kalampahkeun, sabalikna ari nyawér pangantén beuki populér.[4]

Sawér nurutkeun Tatang Sumarsono nyaéta karangan dina basa ugeran nu sok digunakeun dina upacara nyawér. [5] Dina prak-prakanana nyawér sok ditembangkeun, dikawihkeun, atawa dideklamasikeun.[5]

Ungkara sawér[édit | sunting sumber]

Ungkara sastra nu sok dihaleuangkeun ari nyawér, aya nu mangrupa dangding (guguritan) sagemblengna, aya nu mangrupa dangding disambung ku ungkara sawér anu husus tapi aya anu sagemblengna mangrupa ungkara sawér baé, nyaéta anu unggal padana diwangun ku opat padalisan tur opatanana murwakanti tungtungna.[4] Éta wangunan puisi téh pangaruh tina puisi nu asalna ti Arab, nyaéta syi'ir, dina basa Malayu disebut syair, dina basa Sunda disebut sa'ir.[4] Ungkara sawér téh aya ogé anu sagemblengna sa'ir. Wangunan sa'ir réa digunakeun di lingkungan pasantrén, upamana dina pupujian, nadoman, rudat, kasidahan, jeung sabangsana.[4]

Baheula mah anu nyawér téh kolot budak anu disawérna, malah ungkarana gé meunang ngahaja nyieun manéhna pribadi, da réa kolot anu tabah kana nganggit dangding atawa nyusun sa'ir, dina kapaksana ogé sok ngahaja ngéngkén ka anu dianggap ahlina anu husus keur kaperluan éta.[4]. Réa kolot anu nganggit dangding sorangan, sawérkeuneun, tapi dina nyawérna sok masrahkeun ka jalma anu dianggap hadé sorana atawa anu geus baku jadi tukang sawér.[4] Ilaharna jalma anu dipinangsaraya nyawér mah geus boga umur, meureun ambéh leuwih merenah da eusi sawér téh apan papatah jeung harepan ka nu disawér.[4]

Kekecapan anu dipaké dina nyawér pangantén , teu sarua jeung nu biasa dipaké dina nyawér budak anu dihitan, tapi dina duanana pada-para disebut ngaran Batara Guru, Guruputra, Hyang Banga, paradéwa, para déwata, sing sakur anu jadi kapercayaan Sunda anu ngajaring jeung ngawasa bangsa manusa.[6] Ditambah jeung nyebut parakaruhun, pandita-pandita, paraolia, adat kabiasaan urang Sunda ngagumbirakeun manéh sasugema-sugemana.[6] Dina kitab agama teu aya disebutkeun ngeunaan nyawér, nu aya ukur dina buku karangan pamaréntah.[6] Jeung sabenerna teu aya hal-hal anu mubadir, misilna duit anu diawurkeun, pasti aya nu mulung, béas pasti dipacok hayam, tapi teu aya dina kitab anu nyebut-nyebut Batara Guru jeung pada déwata.[6]

Dina waktu mimiti gelarna, sawér téh mangrupa karya anu dianggap milik balaréa, sumebarna sacara lisan.[5] Ka dieunakeun sawér mimiti ditulis, malah terus dibukukeun.[5]

Fungsi sawér[édit | sunting sumber]

Dina tahap awalna mah sawér téh mibanda fungsi magis; timbul ku sabab kapercayaan kana ayana lelembut-lelembut jeung kakuatan-kakuatan gaib; tur digunakeun pikeun ménta panyalindungan jeung kasalametan.[3] Fungsi satuluyna pikeun alat atikan, nepikeun papatah-papatah moral, sosial, jeung kaagamaan, dina kamekaran satuluyna fungsina salaku alat hiburan.[3] Pagelaran sawér mibanda kalungguhan penting dina sikleus kahirupan masarakat Sunda, raket patalina jeung ritus inisiasi, nyaéta pindahna/ robahna status dina kahirupan.[3] Pagelaran sawér dilaksanakeun dina rupaning upacara salametan pikeun manusa, tatanén, jeung kajadian-kajadian; ditepikeun ku juru sawér.[3] Pagelaran sawér dilengkepan ku rupa-rupa sasajén jeung alat-alat nu tangtu anu sipatna simbolis turta mibanda ajén ritual.[3]

Kabiasaan nyawér dina kahirupan masarakat Sunda mangrupa tradisi warisan karuhun, umurna geus kolot pisan, upacara nyawér raket patalina jeung kapercayaan.[5] Karuhun Sunda baheula ngagelarkeun sawér pikeun nohonan sarat upacara ritual.[5] Hal ieu bisa dibuktikeun ku ayana sarat-sarat anu mangrupa simbul atawa perlambang.[5] Ku sabab kagiatan nyawér téh raket patalina jeung kapercayaan, basa anu digunakeun dina sawér téh ngandung kakuatan magis.[5] Kadieunakeun sanggeus aya parobahan dina kahirupan masarakat Sunda , kagiatan nyawér téh henteu salilana dipatalikeun jeung upacara ritual, kagiatan nyawér dianggap salasahiji média pikeun nepikeun papatah, pépéling, jeung manjatkeun du’a.[5] Najan kitu, barang-barang anu dijieun simbulna mah keukeuh teu dileungitkeun.[5]

Sawér silib tina rasa sosial, sejahtera, wekel, jeung sauyunan.[7] Pangantén sabada sungkem dibawa ka panyawéran.[7] Di panyawéran geus disiapkeun korsi jeung payungna.[7] Fungsi tukang sawér, panyambung létah kolot pangantén.[7] Caritaanana ditepikeun ngaliwatan lagu, eusina euyeub ku papatah keur pangantén.[7] Juru sawér ngahaleuang bari ngawurkeun béas, siksik konéng, jeung duit récéh ka nu lalajo.[7]

Rupa-rupa puisi sawér[édit | sunting sumber]

Rupa-rupa puisi sawér, di antarana nétés Sapar, tingkeban/ kandungan, sawér orok, sawér hitanan/ gusar, sawér pangantén, sawér ruatan, sawér mayit, jeung sawér batin.[3] Tina hasil panalungtikan taun taun 1986, anu masih kénéh sok dipagelarkeun nyaéta sawér pangantén jeung sawér hitan.[3]

Tina jihat wangunna, sawér aya nu kaasup kana wangun puisi kauger, puisi semi kauger, puisi bébas, jeung wangun lancaran.[3]. Sawér nu kaasup wangun puisi kauger di antarana disusun dina wangun sa'ir, pupuh, jeung sisindiran.[3] Sawér nu kaasup wangun puisi semi kauger di antarana disusun dina wangun papantunan, kawih, jeung dina dua, tilu, opat, lima, genep seuntai.[3]

Tina jihat eusina aya sawér orok, sunatan, kawinan, jeung ngistrénan. [5]Pangna orok nu kakara lahir, budak nu tas disunatan, pasangan pangantén nu tas dirapalan, jeung nu kasinugrahan pangkat sok disawér téh kalawan harepan aya dina kasalametan, boh di dunya boh di ahérat.[5]

Sistimatika jeung eusi sawér[édit | sunting sumber]

Sistimatika téks sawér umumna diwangun ku bagian bubuka, poko eusi, jeung panutup.[3] Bubuka umumna mangrupa ucap-ucapan sasadu, ménta idin ka Gusti, déwa, Nabi, wali, luluhur, ka hadirin yén rék ngalaksanakeun nyawér.[3] Poko eusi umumna mangrupa papatah; amanat sangkan manusa (orok, budak, indung, pangantén, pagawé, pamingpin, jsb) milampah laku hadé dina hubungan kakulawargaan, salaki-pamajikan, hubungan sosial, panceg pamadegan, jeung takwa ka Gusti.[3] Panutup umumna mangrupa dunga pikeun anu disalametkeun, kulawarga, jeung hadirin sangkan meunang kasalametan jeung rahmat Gusti.[3]

Pagelaran sawér dina upacara réligi[édit | sunting sumber]

Sikleus hirup manusa dimimitian nalika manusa dibibitkeun dibenihkan nepi ka ninggalkeun dunya nu fana.[3] Samalah nurutkeun kapercayaan animistis, jiwa téh angger hirup salaku spirit sok sanajan jasadna geus ruksak binasa.[3] Ku sabab kitu teu weléh aya usaha-usaha manusa pikeun miara jiwana ku ngayakeun upacara anu disaluyukeun jeung sikleus hirup manusa.[3] Tétéla di sélér Sunda ogé upacara samodél kitu téh dimimitian ti nalika manusa dibibitkeun dibenihkan.[3]

Sawér dina salametan nétés[édit | sunting sumber]

Nyaéta salametan anu aya hubunganana jeung mangsa-mangsa “pembuahan”.[3] Anu sering disalametkeun utamana nétés Sapar nyaéta anu ‘dibuahi’ dina bulan Sapar.[3] Salametan ieu maksudna sangkan henteu sasapareun, nyaéta gedé ambek, atawa haranga resep paséa saperti tabéat anjing.[3] Di séjén tempat,anu disebut sasapareun téh harina lahir dina bulan Sapar.[3]

Sawér dina salametan kandungan[édit | sunting sumber]

Umumna anu disalametkeun mimiti kandungan umur tilu bulan, opat bulan, lima bulan, tujuh bulan, jeung salapan bulan.[3] Dina unggal salametan alat-alat, kalengkepan upacara jeung sasajén disaluyukeun jeung harti perlambangna.[3]

Tilu bulan: sidekah bubur beureum, bubur bodas; kalengkepanana mangrupa cai dina kendi, minyak wijén, jeung minyak kalapa anu geus dijampé.[3]

Opat bulan: sidekah kupat, leupeut, jeung tangtang angin.[3]

Lima bulan: sidekah bangsal anu diteundeun dina bokor, ditutup ku daun waluh siem, engkéna dijieun sangu tumpeng atawa wuduk.[3]

Salapan bulan: sidekah bubur lolos nyaéta bubur tipung kentel dibungkus, digulung ku daun cau anu diulasan minyak.[3]

Dina salametan kandungan tilu bulan tepi ka salapan bulan (iwal tujuh bulan), paraji mapatkeun jangjawokan magis, terus ngéprétkeun cai maké daun hanjuang kana sirah, awak, jeung rohangan sabudeureunana, diteruskeun ku bubuara nyaéta murakeun bura beuweung (ramuan) anu digayem pikeun ngusir eroh jahat.[3]

Dina salametan nujuh bulan anu umumna dianggap pangpentingna dina salametan kandungan, sawér lain wungkul mapatkeun jangjawokan tapi diteruskeun ku puisi sawér anu panjang jeung lengkep.[3] Ieu upacara biasana disebut tingkeban, tebus weteng, atawa babarik.[3] Tingkeban hartina nutup, kias yén salaki jeung pamajikan teu meunang sapatemon deui.[3] Tebus weteng hartina sidekah nyalametkeun beuteung, babarik hartina babarengan nyalametkeun anu dikandung jeung anu ngandungna.[3]

Alat jeung sasajén dina upacara tingkeban kacida lengkep, umumna singsarwa tujuh, misilna rupaning beubeutian, kakacangan, rampé kembang, mayang jambé, daun andung, kelewih, waluh gedé, panglay, jaringao, kalapa gading anu digambaran arjuna-subadra, jarum, élékan, nyiru.

Sawér dina upacara réligi séjénna[édit | sunting sumber]

Sawér dina upacara réligi séjénna nya éta sawér salametan orok (ti mimiti puput puseur, nurunkeun orok, jeung nyukuran), sawér sunatan jeung gusar, sawér pangantén, sawér ruatan, sawér ganti ngaran, sawér ngistrénan, jeung sawér mayit.[3]

Sawér di Kampung Adat[édit | sunting sumber]

Di Kampung Naga, sawér dilaksanakeun dina upacara adat nikah.[8] Tahap-tahapna: sawér, nincak endog, buka pintu, ngariung, ngampar, dipungkas ku munjungan.[8] Prakna, sanggeus akad nikah, pangantén dibawa ka panyawéran, didiukkeun, dipayungan.[8] Tukang sawér nangtung di hareupeun pasangan pangantén; ngucapkeun ijab kabul, laju nembangkeun sawér.[8] Nalika nembangkeun sawér, tukang sawér nyelang-nyelang ngawur-ngawur béas, siksikan konéng, jeung duit récéh ka lebah pangantén.[8] Barudak anu ngagimbung di tukangeun pangantén pahibut mulungan duit sawér.[8] Eusi sawér mangrupa papatah pikeun pasangan pangantén anyar.[8]

Conto-conto Rumpaka Sawér[édit | sunting sumber]

Sawér Hitan[édit | sunting sumber]

Kalayan asma Pangéran/ Nu Maha Asih tur Héman/ayeuna badé ngawitan/ nyawér anu disepitan//[3] Sami-sami ngahadiran/ muga-muga janten jalan/mukakeun jalan pikiran/ hingga caang narawangan//[3] Para sadérék sadaya/ istri-pameget nu mulya/ nyepitan jiga teu pira/ seueur jalma nu mokaha//[3] Padahal mun dilenyepan/ ku pikiran anu tenang/ ieu téh tos janten korban/ kuat nahan ti Pangéran//[3] Ibuna sareng ramana/ nyaahna kabina-bina/ ka anu janten putrana/ dijaga sapapanjangna//[3] Ti barang gubrag ka dunya/ dipangga didama-dama/ diperhatikeun biangna/ dijaga sapapanjangna//[3] Mun reungit euntreup ka budak/ énggal ibu gugah cengkat/ reungit énggalna ditepak/ bari diusap ku wedak//[3] Sang ibu tibra kulemna/ budak nangis ngagandéngan/ énggal dirampa putrana/ da bisi baseuh imbitna//[3] Mun baseuh énggal diganti/ ku nu garing ati-ati/ tos bérés disimpen deui/ kana tempat anu tadi//[3] Ningal kanyaah ibuna/ ka putra nu saéstuna/ nya kitu deui ramana/ sami-sami teu aya béntenna//[3] Barang nincak dua taun/ malar ibu ramana bingung/ hariwangna teu kalangkung/ soalna parantos umum//[3] Budak kedah disepitan/ bari hajat sukan-sukan/ sakapeung sok raraméan/ pésta bari peupeuncitan//[3] Sanajan anu teu boga/ tapi sok saaya-aya/ dahar ngumpul jeung baraya/ ngondangan para tatangga//[3] Putra anu dipusti-pusti/ anak lalaki ngan hiji/ dipotong harita pasti/ motongna manggil paraji//[3] Budak ceurik jejeritan/ nyerieun antep-antepan/ getih banjir na lahunan/ ngan saukur diupahan//[3] Ibu-rama ngawas-ngawas/ ka putra anu dipiwelas/ harita dugi ka iklas/ henteu risi henteu reuwas//[3] Nu puguh mah sabalikna/ bungahna kabina-bina/ lantaran atos laksana/ nyunat nu janten putrana//[3] cobi ayeuna lenyepan ku kaom nu ngaku Islam/ nu parantos disepitan/ nganggo pésta sukan-sukan//[3] Maké jeung ungked-ungkedan/ samak hayoh diciuman/ da ganjaran pamohalan/ ngagubrag kana lahunan//[3] Hirup mah cenah da gampang/ entong maké halal haram/ nu datangna sambarangan/ ngahalangan kamajuan//[3] Agama dianggap satru/ sabab ngahalangan napsu/ nu jahat ngalajur napsu/ taya bédana jeung asu//[3] Asal dahar jeung pakéan/ nu jadi poko pikiran/ hirup henteu jeung aturan/ sungkan di hukum ugeran//[3] Rarasaan téh rék lana/ hirup bakal salawasna/ hirup mo aya tungtungna/ padahal aya anggeusna//[3] Singhoréng téh geuning awak/ lamun ningal eunteung nyeblak/ reuwas haté geuning ruksak/ padahal teu ningal wedak//[3] Dihantem diawas-awas/ rambut hideung jadi bodas/ waos anu bodas nyacas/ sadayana ogé laas//[3] Kulit nu héjo carulang/ naha ayeuna bet belang/ kokoloteun narumpangan/ dina raray ngagaralang//[3] Pangambung kuwung-kuwungan/ bet jiga nu ngarényohan/ panangan kaya gondéwa/ ayeuna teu walakaya//[3] Soca nu cureuleuk méncrang/ ayeuna cahyana kurang/ ningal ogé ramang-ramang/ siga aya nu ngahalangan//[3] Para sadérék miarsa/ mun enya urang kawasa/ pasti moal péot bisa/ nu datangna teu karasa//[3] Najan dokter tur Éropa/ teu sanggup nambahan nyawa/ sangkan hirup urang lana/ di dunya sakawasana//[3] Najan tukang jamu wétan/ bari nambah kakuatan/ malihara kangoraan/ ahirna mah kawalahan//[3] Sabab umurna ngolotan/ panyakit bet dararatang/ boson bésér batuk rejang/ badan kurang kakuatan//[3] Teu cara waktu keur ngora/ tihothat néangan dunya/ Sieun hirup henteu lana/ poho ka anu Kawasa//[3] Padahal waktu tipuan/ ka urang teu ngabélaan/ najan urang jejeritan/ dina waktu moal datang//[3] Gedong sawah jeung tegalan/ ngan ukur ngaléléwéan/ urang balik ngan sorangan/ teu aya nu ngabaturan//[3] Carogé anu micinta/ ngan ukur hujan cimata/ indung-bapa sareng putra/ teu aya nu miroséa//[3] Ngan amal anu nuturkeun/ henteu daék ditinggalkeun/ nu saéna pibatureun/ nu salahna nyilakakeun//[3] Tah ieu sawér nyepitan/ muga ngajantenkeun jalan/ ka anu geus jaranggotan/ pamugi ulah élodan//[3] Jeung urang téh tos disunat/ ibu rama atos hajat/ kawin gé maca sahadat/ ana kitu kadé lepat//[3] Éta téh papgon Islam/ nyata hukum ti Pangéran/ kari-kari dipilihan/ néangan nu hampang gampang//[3] Mun kitu taya gunana/ sunatna jeung sahadatna/ malahan tambah dosana/ Islam sakadar ngaranna//[3] Panutup urang ngado'a/ ka Pangéran anu Mulya/ murangkalih sing waluya/ dirahmat ku Nu Kawasa//[3] Sing janten hiji pamuda/ pamuda harepan bangsa// [3]

Sawér Pangantén (dina wangun pupuh)[édit | sunting sumber]

Dangdanggula[édit | sunting sumber]

//Muji sukur ka Gusti Yang Widi/ Tina bungah henteu hinggana/ laksana implengan haté/ ka pangersa Nu Agung/ akad nikah réngsé tarapti/ berkah kurnia Allah/ teu ringrang teu bingung/ ayeuna seja miwejang/ kagegelan kanggo pangantén sakalih/ malak mandar keur luang//[4] Hal mamanis teu perlu diwincik/ nu penting mah sual barébédan/ sangkan teu pati ngajenghok/ tapi teu kudu paur/ da ilahar dina rarabi/barébédan cocoba/ muji ka nu sanggup/ geus pasini sauyunan/ nyepeng pageuh jangji/ keur méméh ngahiji//[4] Mun seug dalit enggoning rarabi/ tali asih nganteng éstuning kuat/ taya sual anu hésé/ karuwet mawa maju/ asal akal béngras jeung tarapti/ gogoda mawa ni'mat/ mun seug pada jujur/ akal jadi hukum rasa/ ayem ulah kejot borosot teu uni/ pan ngudag kabagjaan//[4]

Sinom[édit | sunting sumber]

Jejem tengtrem ludeung tandang/ ku cocoba ulah gimir/ ayonan ku kaimanan/ pinasti nyingray ka sisi/ yakin kabéh gé leutik/ wungkul Allah anu Agung/ tabah ngolah hahalang/ kasusah musna nyalingkir/ satutasna lugina lir unggul perang//[4] Sapanjang urang gumelar/ kasulitan hamo leungit/ wani hirup wani jihad/ numpes hawa napsu iblis/ nu licik ngintip-ngintip/ ngojok-ngojok ngicuk-ngicuk/ nu matak sing waspada/ sing beuki raket ka Gusti/ malar hirup salamet dunya ahérat//[4] Pakarang anu utama/ nguatan bébénténg diri/ ku jalan takwa ka Allah/ ihlas ibadah babakti/ tur saliring dumadi/ sajeroning campur gaul/ buleud niat ibadah/ ngadegkeun papancén Gusti/ keyeng wekel ngudagna kasampurnaan//[4]

Kinanti[édit | sunting sumber]

Pamungkas panungtung catur/ ka pangantén anu sinelir/ sumeja mirig ku du'a/ mugia hidep sakalih/ padang ati mekar akal/ hirup banglus répéh-rapih//[4] Mugia ginulur rahayu/ ginanjar rahmat Yang Widi/ enggoning ngudag kamulyan/ bray ngempray ati nurani/ mareuman napsu sarakah/ hirup dipirido Gusti//[4] Cita-cita maju ngempur/ batan laas tambah meujit/ teu rék batal ku kasusah/ udag sing sampurna budi/ euyeub amal réa jasa/ ngangkat darajat nu leutik//[4] Kasulit teuneung pék tempuh/ malar tambah teguh ati/ sasar mun pegat harepan/ muga kuat lahir-batin/ sing laksana sapaneja/ gerentesing ati suci//[4]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b R. Satjadibrata, 2005, Kamus Basa Sunda, Kiblat Buku Utama, Bandung.
  2. a b Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, 2008, Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, Bandung, Kiblat Buku Utama>
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo bp bq br bs bt bu bv bw bx by bz ca cb cc Yetty Kusmiaty Hadish, spk,1986, Puisi Sawer Bahasa Sunda, Depdikbud, Jakarta.
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Ajip Rosidi, 2010, Sawér jeung Pupujian, Kiblat Buku Utama, Bandung.
  5. a b c d e f g h i j k l Tatang Sumarsono, 1986, Pedaran Sastra Sunda, Medal Agung, Bandung.
  6. a b c d RH Hasan Mustapa (Tarjamah Maryati Sastrawijaya), 1991, Adat Istiadat Sunda, Alumni, Bandung
  7. a b c d e f Rahman, 1996, Basa Sunda SLTP 3, Humaniora Utama Press, Bandung
  8. a b c d e f g http://id.wikipedia.org/wiki/Upacara_Adat_di_Kampung_Naga