Semar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Semar atawa lengkepna Semar Badranaya, salasaurang tokoh dina carita Mahabarata, nyaéta salasaurang badéga nu ngawulaan para Pandawa. Semar sok ogé disebut Lurah Semar Kudapawana.

Karakter wayang golék Semar

Carita[édit | sunting sumber]

Nurutkeun caritana, Semar tadina boga dedeg pangadeg kasép ngalémpéréng konéng, terah déwa anu sakti pilitanding, ngaranna Batara Ismaya atawa Sang Hyang Munget, putra Sang Hyang Wenang, nu hirup di Kalampit Sireng, Kahyangan.

Diusir ti Kahyangan[édit | sunting sumber]

Dina hiji waktu, Semar kabita ku jimat Layang Jamus Kalimusada nu dipimilik ku adina, Sang Hyang Rancasan. Bakat ku kabongroy ku éta pusaka, manéhna jeung adina nu hiji deui, Sanghyang Antaga, ngahurup Sanghyang Rancasan nepi ka tiwasna. Malah bugangna didalahar ku duaan, sedengkeun pusakana leungit taya tapakna. Sanggeus kitu, Semar jeung adina ngadadak saralin jinis, robah jadi dedegan jalma nu pikahinaeun. Maranéhna dialusir ku ramana, Sanghyang Wenang, dibuang ka Marcapada: Sanghyang Ismaya jadi Semar, sedengkeun Sanghyang Antaga jadi Togog.

Kumawula ka Pandawa[édit | sunting sumber]

Semar kacida ngarasa kaduhung ku hiji ku dua, tina gagah gandang sampulur, dedeganana robah jadi goréng patut: beuteung bucitreuk, beungeut pias, pakulitan hideung, sirah kukuncungan, jadi hina diusir ti Kahyangan. Tapi najan kitu, manéhna sadar sahingga bisa nampa kalawan sadrah ka Pangéran, rumasa tina kasalahanana sorangan.

Pikeun nebus kasalahanana, Semar kumawula ka manusa turunan Batara Wisnu Saka nu sarakti atawa ka nu ngagem jimat Jamus Layang Kalimusada, kajeung diri lara balangsak. Pikeun tamba keueung, Semar nyiptakeun tilu putra: Astrajingga/Cépot, Udel/Dawala, jeung Garéng. Tilu putrana éta ogé mibanda rupa nu teu parayus, tapi saparipolahna: pikalucueun.

Ki Semar migarwa Déwi Sutiragén, putra raja Sekar Rumumbé, nu salawasna satia satuhu ka anjeunna.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]