Seni rupa
Seni rupa nya éta cabang seni anu ngabentuk karya seni anu maké média anu bisa katingali tur dirampa. Kesan ieu diciptakeun kalayan ngolah konsép garis, bidang, bentuk, volume, warna, tekstur, jeung pencahayaan kalayan acuan éstétika. Seni Rupa mangrupa élmu anu nalungtik ngeunaan kaéndahan, nya éta sacara teori jeung praktékna.[1] Seni rupa dibédakeun jadi tilu kategori nya éta:
Dua kategori anu panungtung osok disebut Seni Rupa Terapan.[2] Seni rupa murni gumantung kana karya-karya anu mentingkeun kapuasan ekspresi sorangan.[2] Sedengkeun kriya jeung desain, leuwih mentingkeun pungsi jeung babrina produksi.[2] Ilaharna seni rupa dina bahasa Inggris nya éta Fine Art.[2] Tapi kamekaran dunya seni modern, istilah Fine Art jadi leuwih spesifik kana wangenan seni rupa murni anu satuluyna digabungkeun jadi seni rupa desain jeung seni rupa kriya nya éta seni rupa terapan.[2] Seni rupa terapan gumantung kana aplikasi desain tur estetika kana barang-barang anu dipaké manusa sapopoé.[2] Sedengkeun seni rupa murni, diciptakeun ngan saukur muaskeun ekspresi sorangan, seni rupa terapan maké desain jeung idealisme kreatif pikeun nyiptakeun barang-barang kabutuhan sapopoé, saperti cangkir atawa bangku, dekorasi buruan.[2]
Daptar eusi |
Bidang seni rupa [édit]
Seni rupa murni [édit]
- Seni lukis
- Seni grafis
- Seni patung
- Seni instalasi
- Seni pertunjukan
- Seni keramik
- Seni film
- Seni koreografi
- Seni fotografi