Seni tari

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gambar Igel

Seni Tari, Igel nyaéta ékspresi jiwa nu diébréhkeun ku wangun-wangun gerak ritmis nu éndah.[1]Seni tari mangrupa gerakan nu éndah sarta boga wirahma nu boga dua unsur penting nya éta gerak jeung wirahma.[1]Gerak nya èta gejala primér sarta wangun nu spontan dina kahayang jiwa. Sedengkeun wirahama nya èta sora nu kaatur nu milu gerak kasebut.[1]

Macem atawa Sipat Seni Tari[édit | sunting sumber]

Seni tari digolongkeun jadi opat golongan, nya éta[2]:

  • Tarian primitif atawa tari rahayat, nya éta tarian nu basajan jeung spontanitas sarta gerak jeung wirahma nu euweuh aturanana.
  • Tari Klasik, nya éta jenis tarian nu kuat aturanana jeung hukumna, wujudanana abstrak sarta miboga falsafah nu jero.
  • Tarian Modern, nya éta jenis tarian nu leupas, bebas tina aturan jeung sagala macem tradisi tari salaku wangun inovasi jeung èksprési anu bêbas.
  • Tarian Kontémporér, nya éta jenis tari nu lepas tina aturan jeung tradisi tari.

Ragem Tari Mancanegara[édit | sunting sumber]

Salah sahiji ragem tari Asia: Tari Kipas

Asia[édit | sunting sumber]

Tari nu mekar di India jeung sababaraha nagara Asia nu séjèna nya èta Tari Odissi.[1] Tari ieu kabagi jadi sababaraha bagèan jeung biasana dilakukeun ku awéwé di pelataran kuil.[1]Samentara éta di Mongolia aya tari Bielgee (tari awak). Tari ieu kawas pantomim, Nu ngigelna mintonkeun adegan sapopoè nu ngumbara, saperti merah sapi, masak, sarta moro.[1]Di wilayah Jepang diwanoh festival O-bon waktu masarakatna Jepang mere hormat ka karuhun nu geus maot.[1]Sedengkeun di Korea loba pisan ragem tarian, sabagèan gedéna mangrupa gerak ngadalikeun awak bagean luhur.[1]Nu ngigel biasana awèwè jeung biasana makè han bok (pakean tradisi Korèa) sarta mak karémbong di leungeunna, Salah sahiji tarian Korèa nu kasohor nyaèta Tari Kipas.[1]

Gambar Balet

Eropa, Amèrika, Australia[édit | sunting sumber]

Tari ieu sipatna sosial jeung ngabogaan ajèn seni anu basajan.[3]Tari tradisional biasana dipirig ku pakakas musik nu tradisional saperti kendang, suling, jsb. Conto tarina nya éta Minuèt ti Prancis, Waltz ti Jerman, Mazurka ti Polandia, jeung tari hujan ti Amerika Serikat.[3]

Balèt nya éta ragem tari nu lahir di Prancis di jaman Raja Louis XVI, anu terus mekar ampir di sakumna dunya.[2] Balét atau ba'la asalna ti basa Italy (ballarè) nu hartina ngigel tèa. Balèt nyaèta tarian ku tradisi, teknik, jeung wangun gerakan nu boga ciri mandiri, jeung bèda jeung wangun gerakan tèater sèjèna.[2]

Dansa kagolong tari nu pasangan atawa jumplukan.[2]Nepi abad ka-19 dansa diragakeun sacara jumplukan, saterusna lahir wangun dansa/tari waltz salaku tari nu pasangan nu dilakukeun ku dua urang (awèwè jeung lalaki).[2]Dansa aya dua macem, di antarana dansa rohangan pèsta jeung dansa modérn.[2]

Salsa nya éta salah sahiji tarian Latin nu jadi inspirasi tarian di dunya.[3]Tari Salsa dipirig ku musik Salsa nu asalna ti Son Kuba.[3]Musik Saslsa mangrupa gabungan antara musik tradisional Afrika, Kuba, sarta wirahma Amèrika Latin.

Tari tap dicokot tina sora ketukan atawa hentakan nu asalna tina piringan logam leutik nu ayana dina sapatu nu nari dina luhur lantè nu tarik.[3]

Tari Kontemporer nyaéta hiji tarian nu mekar di jaman kiwari, gerakan-gerakanna diciptakeun ku selera jaman kiwari.[3]Contona gerakan nu ngaliuk-liuk bagèan tutuwuhan nu katiup angin, salaku gambaran kahirupan manusa jaman kiwari nu keur kauji ku masalah hirup sarta èkonomi.[3]

Tari Piring Salah sahiji Tari Nusantara (Sumatera Barat)

Daptar Tari Nusantara[édit | sunting sumber]

Tari Saman biasana dimimitian kalayan salam bubuka ti syekh (pemuka adat atawa lulugu ti tari Saman). Saterusna, ditepikeun nasèhat-nasèhat ngeunaan ngajalankeun kahirupan di dunya. Tarian ieu dipigawé saeutikna ku dalapan urang. Sakapeung, dipigawé ku 17 jelema.[5]

Jaipong nya éta seni tari nu gelar dina kreativitas saurang seniman asal Bandung, Gugum Gumbira.[1]Karya jaipongan nu mimiti dipikawanoh ku masarakat nyaèta tari "Daun Pulus Keser Bojong jeung Rendèng Bojong".[1]Duanana mangrupakeun ragem tari wanoja jeung tari pasangan (lalaki jeung awèwè).[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l (id)Neo Quantum. .Seni Budaya IX .Suara Media Sejahtera HAL. 35
  2. a b c d e f (id)Dra. Elok Mufidah.Seni Budaya .CV Arya Duta Hal 40
  3. a b c d e f g h i j k l m (id)Maulana, Lawuningrum, Nurus. Seni Budaya IX .Suara Media Sejahtera HAL. 35
  4. (id)Lintas Media. Atlas Propinsi Inonesia-Dunia. Lintas Media Jombang Hal. 7
  5. (id)Tari Saman (Diakses tanggal 23 September 2011)