Maén bal

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Sepak Bola)
Luncat ka: pituduh, sungsi
Maén bal
Football iu 1996.jpg
Panarajang (No. 10) rék najong bal ngaliwatan kiper musuh sangkan asup ka gawang jeung nyitak skor.
Babon organisasi FIFA
Ngaran lian Méngbal, sépak bola, bola, football, soccer, footy/footie, "the beautiful game", "the world game"
Kahiji diulinkeun Britania patengahan abad ka-19
Data lengkep
Olahraga kontak fisik Enya
Jumlah pamaén 11 per tim
Lalaki/awéwé Nya, kompetisi kapisah
Kategori Olah raga tim, Olah raga nu maké bal
Alat Bal
Tempat tanding Lapangan maén bal
Ditandingkeun di Olimpiade 1900

Maén bal, atanapi méngbal, sépak bal, nyaéta olah raga nu dimaénkeun antawis 2 di mana saban tim pamaénna 11 urang kalawan hiji bal. Dina abad ka-21, olah raga ieu dimaénkeun ku leuwih ti 250 yuta pamaén di leuwih 200 nagara, nyieunanna olah raga nu pangsohorna sadunya.[1][2][3][4]

Olah raga ieu diaménkeun dina hiji lapangan pasagi panjang ti jukut atanapi jukut jieunan, kalawan hiji gawang di tengah-tengah ti saban sisi pondokna. Tujuan maén bal nyéta nyitak skor ku cara ngasupkeun balna ka gawang musuh. Tim nu boga skor nu panglobana nalika wayahna séép nyaéta nu meunang. Upami skorna sarua, biasana dinyatakeun seri atawa lanjut ka babak tambihan jeung/atawa hiji adu pénalti.

Laws of the Game (aturan kaulinan) aslina disusun di Inggris ku Football Association dina 1863 sarta geus robah-robah saprak éta. Maén bal internasionalna diatur ku FIFA, nu ngurus Piala Dunya FIFA nu dilaksanakeun saban 4 taun.[5]

Étimologi jeung ngaran[édit | sunting sumber]

Aturan maén bal disusun di Inggris ku the Football Association dina 1863 sarta ngaran basa Inggris association football dijeung pikeun ngabédakeunana jeung wangun football nu lian keur éta, utamina rugbi football. Sesebutan soccer asalna ti Inggris, kahiji muncul dina 1880-an salaku hiji singketan Oxford "-er" pikeun kecap "association".[6]

Di Dunya pamaké basa Inggris, olah raga ieu bisana disebut football (atawa footy) di Britania Raya, sarta soccer di Australia, Kanada, Selandia Anyar, jeung Amérika Sarikat. Di Indonésia, umumna kawanoh salaku sepak bola atanapi bola hungkul.

Cara maén[édit | sunting sumber]

Saurang kiper ngeureunkeun bal ti tajongan deukeut ti jero kotak pénalti

Olah raga ieu dimaénkeun dumasar kana sababaraha aturan nu disebut Laws of the Game. Kaulinan ieu dimaénkeun maké bal nu bundeur (kira-kira 71 cm (28 in) kurilingna dina standar FIFA). 2 tim (11 urang saban tim) parebut bal pikeun ngasupkeunnana ka gawang musuh. Tim nu miboga skor nu panglobana basa wayahna béak nyaéta nu meunang; lamun dua tim éta skorna sarua, patandingan éta disebut seri. Saban tim dipingpin ku hiji kaptén nu ngan miboga 1 tanggung jawab sakumaha disebutkeun ku Laws of the Game: dimilukeun dina undian koin saméméh kick-off atawa adu pénalti.[7]

Aturan utamina nyaéta pamaén iwal kiper teu kénging ngeunaan balna maké panangan/leungeunna, kajaba basa pikeun alungan ka jero (throw-in). Sanajan umuna migunakeun suku, pamaén kénging migunakeun sadaya bagian awakna pikeun maénkeun balna, ("nyundul" lamun maké mastaka)[8] salian ti panangan jeung leungeunna.[9] Sadaya pamaén bébas maénkeun bal ka mana waé di jero lapangan, iwal dina posisi offside[10], nu ngahasilkeun tajongan bébas pikeun tim lawanna.

Dina kaulinan nu umum, pamaén ngusahakeun pikeun nyitak gol langkung nyieun kasempetan individual ku cara ngadalikeun balna, saperti kalawan dribbling, ngoper balna ka batur satim, sarta bari najong balna ka gawang musuh, nu dijagaan ku kiper musuh. Pamaén musuh bisa mibogaan kadali balna ku cara motong operan musuhna atanapi ku cara 'tackling musuh nu keur mibanda balna; tapi, kontak pisik biasana bahaya, jeung bisa ngahasilkeun tajongan bébas pikeun musuhna.

Saurang kiper ngusahakeun ngeureunkeun bal sangkan teu asup ka gawangna

Dina tingkat profésional, kalobaannana patandingan ngan nyieun seutik gol. Contona, usum 2005–06 Liga Primér Inggris ngan nyieun rarata 2,48 gol per patandingan.[11] The Laws of the Game teu nyebutkeun posisi pamaén nanaon salian kiper,[12] tapi aya sababaraha posisi husus. Umumna, aya 3 kategori posisi nu utama: striker (atanapi 'pamaén payun'), nu pancén utamina pikeun nyitak gol; bék, nu tujuana nyegah musuhna nyitak gol; sarta pamaén tengah. Pamaén-pamaén dina posisi ieu biasana disebut pamaén outfield, pikeun ngabédakeunnana jeung kiper. Posisi-posisi ieu teras dibagi dumasar wewengkon lapangan di mana pamaén éta. Contona, aya bék tengah, pamaén tengah kénca, jeung pamaén tengah katuhu. 10 pamaén outfield bisa disusun dina rupa-rupa kombinasi susunan. Jumlah pamaén di unggal posisi nangtukeun pola maén tim; upami nu narajang jumlahna leuwih ti jumlah békna nyieun pola maén nu agrésif jeung ofénsif, samentawis nu sabalikna nyieun pola maén nu leuwih defénsif. Ngan aya saeutik larangan dina pagerakan pamaén jadina pamaén bisa gentos posisi iraha waé.[13] Susunan pamaén-pamaén kawanoh salaku formasi. Nangtoskeun formasi biasana hak prérogatif manager tim.[14]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah maén bal.
Inggris lawan Skotlandia dina patandingan maén bal internasional kahiji (The Oval, 1872)
Tim Royal Engineers nu meunangkeun Final Piala FA dina 1872

Aya sababaraha bukti yén maén bal datangna ti perang-perang jaman baheula. Kaulinan nu aya najong balna geus dimaénkeun di raloba nagara di rupa-rupa jaman. Dumasar FIFA, "wangun pangawalna kaulinan nu mana aya bukti ilmiahna nyaéta hiji latihan ti hiji manual militér ti abad ka-2 jeung ka-3 SM di Cina", nu mana kawanoh salaku cuju.[15] Aturan maén bal modérn dumasar kana usaha patengahan abad ka-19 pikeun ngastandarisasi rupa-rupa wangun maén bal nu dimaénkeun di sakola-sakola di Inggris. Sajarah maén bal di Inggris bisa ditéangan balik ka saheunteuna abad ka-8.[16]

Aturan Cambridge—kahiji dirancang di Universitas Cambridge dina 1848—miboga pangaruh husus kana pamekaran aturan-aturan nu salajengna, kaasup maén bal. Aturan Cambridge ditulis di Kampus Trinity, Cambridge, dina hiji patepungan pawakilan sakola saperti Eton, Harrow, Rugby, Winchester, jeung Shrewsbury. Aturan éta teu diadopsi sadunya. Dina 1850-an, raloba klub nu teu kahubung jeung sakola atanapi universitas dibentuk di sapanjuru dunya panyatur basa Inggris, pikeun maénkeun rupa-rupa wangun maén bal. Sababaraha di antawisna ahirna miboga aturanna sorangan nu béda, cotona Sheffield F.C., nu dibentuk ku urut murid sakola dina 1857,[17] nu mana nuju ka dibentukna Sheffield FA dina 1867. Dina 1862, John Charles Thring ti Sakola Uppingham ogé manggihan sababaraha sét aturan nu boga pangaruh.[18]

Usaha-usaha ieu mangaruhan dibentukna The Football Association (Asosiasi Maén Bal, The FA) dina 1863, nu mana kahiji patepung dina 26 Oktober 1863 di Freemasons' Tavern (Warung [miras] Freemason) di Jalan Great Queen, London.[19] Sahiji-hijina sakola nu diwakilkeun di patepungan ieu nyaéta Charterhouse. Freemason's Tavern jadi patempatan pikeun 5 patepungan salajengna antawis Oktober jeung Désémber, nu mana ngahasilkeun sét aturan komprehénsif kahiji. Di patepungan ahir, panata harta kahiji FA, wakil ti Blackheath, kaluar jeung klubna ti FA ku lantaran dihupusna 2 konsép aturan ti patepungan saméméhna: nu kahiji, ngijinkeun mawa bal jeung leungeun; nu kadua pikeun ngahalangan, lumpat misalna, ku cara najong sampéanna), néngklasanna, jeung nyekelannana. Klub rugbi football Inggris nu lian mimiliuan ieu jeung teu ngagabung ka FA, atawa ninggalkeun FA jeung teras dina 1871 ngawangun Union Rugbi Football. 11 klub sésana, dina kaluluguan Ebenezer Cobb Morley, ngesahkeun 13 aturan asli kauliinan.[19] Sheffield FA maén kalawan aturana sorangan nepi ka 1870-an bari FA nyerep sababaraha aturan éta nepi bédana ngan saeutik.[20]

Laws of the game ayeuna ditangtoskeun ku Badan Asosiasi Maén Bal Internasional (IFAB).[21] Badan éta ngadeg taun 1886[22] sanggeus hiji patepungan di Manchester antawis The Football Association, Asosiasi Maén Bal Skotlandia, Asosiasi Maén Bal Wales, sarta Asosiasi Maén Bal Irlandia. Kompetisi maén bal nu pangkolotna sadunya nyaéta Piala FA, nu diwangun ku C. W. Alcock jeung geus dilombakeun antawis tim-tim Inggris saprak 1872. Patandingan maén bal internasional resmi nu kahiji lumangsung dina 1872 antawis Skotlandia jeung Inggris di Glasgow. Inggris minangka imah pikeun liga maén bal nu kahiji di dunya, nu diwangun di Birmingham dina 1888 ku diréktur Aston Villa, William McGregor.[23] Wangun aslina miboga 12 klub ti Midlands (Daratan Tengah) jeung Inggris Kalér. FIFA, badan maén bal internasional, diwangun di Paris dina 1904 jeung nyebutkeun bakal satia ka Laws of the Game-na Football Association.[24] Tumuwuhna popularitas patandingan internasional ngarah ka pangakuan pawakilan FIFA ka Badan Asosiasi Maén Bal Internasional dia 1913. Badan éta ayeuna miboga 4 wakil ti FIFA jeung 1 ti unggal opat asosiasi ti Britania.[25]

Kiwari, maén bal diulinkeun dina hiji tingkat profésional di sakuliah dunya. Jutaan jalmi biasa angkat ka stadion maén bal pikeun nongton tim dukunganna,[26] samentawis milyaran lianna nongton patandingan di televisi atanapi di Internét.[27] Aya seueur ogé nu maén bal dina tingkat amatir. Dumasar hiji survéy FIFA, dibéwarakeun dina 2001, leuwih ti 240 yuta urang ti leuwih ti 200 nagara régulér maén bal.[28] Maén bal miboga panongton televisi sadunya nu panglobana dina olah raga.[29]

Tim nasional maén bal Basisir Gading ngabantos ngamankeun gencatan pakarang di Perang Sadulur Basisir Gading dina 2006[30] jeung leuwih tebih ngirangan tegangan antawis pamaréntah jeung nu berontak dina 2007 langkung tanding maén bal di ibu kota pamberontakan, Bouaké.[31] Bandinganna, maén bal kawanoh kalawan luas salaku pertimbangan sabab ayana Perang Maén Bal dina Juni 1969 antawis Él Salvador jeung Honduras.[32] Olah raga ieu ogé miburukan tegangan dina awal perang Yugoslav dina 1990-an, nalika patandingan antawis Dinamo Zagreb jeung Red Star Belgrade jadi karusuhan dina Maret 1990.[33]

Aturan[édit | sunting sumber]

Aya 17 aturan di "Laws of the Game". Aturan nu sarua disusun pikeun dipaké dina sadaya tingkat, sanajan modifikasi katangtu pikeun kelompok saperti junior, sénior, putri, jeung jalmi kalawan kakirangan fisik, diijinkeun. "Laws of the Game" dimedalkeun ku FIFA, tapi diurus ku Badan Asosiasi Maén Bal Internasional (IFAB), sanésna FIFA.[34] Tambihannana kana 17 aturan, raloba kaputusan IFAB jeung instruksi lianna mangaruhan régulasi maén bal. Nu pangrumitna nyaéta offside.

Pamaén, kalengkepan, jeung ofisial[édit | sunting sumber]

Unggal tim miboga maksimal 11 pamaén (teu kaasup cadangan), salasahijina kedah janten kiper. Aturan kompetisi bisa nyebutkeun jumlah pamaén minimal dina hiji tim, biasana 7. Kiper mangrupa sahiji-hijina pamaén nu kaci maénkeun balna jeung panangan, tapi sabenerna pamaén nu lian ogé kaci ukur keurthrow-in (alungan ka jero) hungkul. Sanajan aya sababaraha rupa posisi di mana pamaén outfielder (non-kiper) ditempatkeun ku palatih, posisi-posisi ieu teu diterangkeun jeung diatur.[12]

Pakéan (seragam) nu dipibutuh nyaéta baju, calana, kaos suku, alas suku, jeung upami diperlukeun palindung suku. Palindung mastaka sanés kalengkepan dasar, tapi kiwari, pamaén tiasa makéna pikeun ngalindungan soranganna ti kacilakaan. Pamaén teu meunang maké nanaon nu bahaya pikeun manéhna atawa pamaén lian, kawas jewellery atanapi arloji. Kiper kedah maké pakéan anu gampang dibédakeung jeung nu dipaké ku pamaén lian jeung ofisial.[35]

Sababaraha pamaén bisa digentos ku cadangan. Jumlah maksimal panggantian nu diijinkeun dina raloba laga doméstik jeung internasional nyaéta 3, sanajan jumlah éta bisa robah di kompetisi lian atanapi patandingan sababaturan. Alesan digentosna pamaén contona ku lantaran cedera, capé, kirang éféktif, taktik, atanapi miceun waktos. Dina patandingan standar, pamaén nu geus digentos teu kaci maén deui dina patandingan éta.[36] IFAB nyarankeun yén "hiji patandingan kedahna teu dilanjutkeun upami dua tim éta pamaénna nu maénna kirang ti 7 urang." Kaputusan méré poin tina patandingan nu katinggal kitu dumasar kana asosiasi maén bal sosoranganna.[37]

Hiji patandingan diluluguan ku saurang wasit, nu mibanda "kakawassan pinuh ngalaksanakeun Laws of the Game dina patandingan di mana manéhna ditunjuk kanana" (Hukum 5), jeung kaputusanna final. Wasit dibantos ku 2 asistén wasit. Di loba patandingan tingkat luhur, aya ogé saurang ofisial kaopat nu ngabantoasn wasit jeung bisa ngagentos ofisial nu lian.[38]

Lapangan[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Lapangan maén bal.
Lapangan standar kalawan ukuranna

Ku lantaran aturanna disusun di Inggris, jeung ngan diurus ku 4 asosiasi maén bal Britania dina IFAB, diménsi lapangan maén bal standar aslina migunakeun unit impérial. Aturan ayeuna migunakeun diménsi kalawan ajén pakiraan métrikna (dipiluan ku unit tradisional di jero kurung), sanajan pamakéan populér condongna tetep maké unit tradisional di nagara pamaké basa Inggris kalawan sajarah métrikasi nu rélatif anyar (atanapi métrikasi sabagian), saperti Britania.[39]

Panjang lapangan pikeun patandingan internasional déwan 100–110 m (110–120 yd) jeung lébarna 64–75 m (70–80 yd). Lapangan pikeun patandingan non-internasional bisa 90–120 m (100–130 yd) panjangna jeung 45–90 m (50–100 yd) lébarna. Sanajan kitu, dina 2008, IFAB ngasahkeun ukuran panjang standar 105 m (344 suku) jeung lébra 68 m (223 suku) salaku diménsi lapangan standar pikeun patandingan internasional.[40] Kaputusan ieu sabenerna teu pernah diréalisasikeun.[41]

Gurat wates nu panjang ngaranna touchlines, samentwis nu pondok nyaéta goal lines (gurat gawang). Hiji gawang pasagi panjang ditempatkeun di tengah unggal gurat gawang.[42] Jarak antawis 2 tihang gawang vértikal nyaéta 7,32 m (8 yd), jeung tihang horisontalna kedah 2,44 m (8 ft) luhureun taneuh. Jaring biasana dipasang di tukangeun gawang, tapi teu dipibutuh ku aturan.[43] Hareupeun gawang aya nu kawanoh salaku aréa pénalti.

Durasi jeung cara ngeureunkeun waktos[édit | sunting sumber]

Patandingan standar miboga 2 babak. Unggal babak panjangna 45 menit. Biasana aya istirahat 15 menit antawis babak-babak. Wasit nyaéta panjaga waktu resmi. Wasit bisa nambihkeun waktosna dina ahir unggal babak ku lantaran misalna aya pamaén nu digentosan, cidera, atawa hal-hal lianna. Waktu tambihan ieu kawanoh ogé salaku stoppage time, injury time, atanapi loss time. Lilana waktu tambihan dumasar kana kaputusan wasit. Dina patandingan di mana aya ofisial kaopat, nuju ka réngséna hiji babak, wasit méré nyahoan baraha menit waktos anu rék ditambih. Ofisial kaopat teras nginformasikeun para pamaén jeung panongton kalawan nyandak papan nu némbongkeun menit tambihannana. Waktu tambihan bisa ditambih deui ku wasit.[44] Waktu tambihan dipikawanohkeun ku lantaran kacilakaan dina 1891 dina hiji patandingan antawis Stoke jeung Aston Villa. Kaaayaan 1–0 sarta waktosna ngan sésa 2 menit, Stoke dibéré pénalti. Kiper Aston Villa najong balna kaluar lapangan. Basa balna geus balik, waktu 90 menit geus béak jeung patandinganna réngsé.[45] Aturan nu sarua ogé mikawanohkeun yén upami waktosna geus béak tapi aya pénalti nu kedah dilakukeun, durasi babak éta dilamikeun deui nepi ka pénalti dilaksanakeun, ku kituna taya patandingan nu réngsé kalawan hiji pénalti pikeun dilakukeun.[46]

Dina kompetisi liga, patandingan bisa réngsé dina kadudukan seri, tapi dina sababaraha kompetisi sistim gugur, upami hiji patandingan réngséna seri, patandingan éta bisa lanjut ka babak tambihan, unggall babakna 15-menit. Upami skorna masih kénéh seri, sababaraha kompetisi ngijinkeun pamakéan adu pénalti (resmina dina Laws of the Game: "kicks from the penalty mark") pikeun nangtoskeun tim nu mana nu ngalanjutkeun ka puteran salajengna dina turnamén éta. Gol nu dicitak dina babak tambihan diétang kana skor ahir patandingan, tapi gol ti adu pénalti ukur dipaké pikeun nagroskeun tim mana nu meunangna (gol dina adu pénalti teu diétang kana skor ahir).[7]

Dina kompetisi nu migunakeun patandingan 2 laga, unggal tim tanding di stadion kandangna sakali. Skor agrégat ti 2 patandingan éta nangtukeun tim mana nu lanjut. Upami skor agrégatna sarua, aturan gol tandang bisa dipaké pikeun nangtoskeun nu meunangna, nu mana nu meunangna nyaéta tim nu nyitak gol panglobana basa maén di kandang musuhna. Upami hasilna masih kénéh sarua, adu pénalti.[7]

Dina ahir 1990-an jeung awal 2000-an, IFAB nyobian cara nangtoskeun nu meunang tanpa adu pénalti. Di antarana ngeureunkeun patandingan dina babak tambihan, boh basa gol kahiji dina babak tambihan dicitak (golden goal), boh hiji tim skorna mingpin dina ahir babak kahiji babak tambihan (silver goal). Golden goal dipaké dina Piala Dunya 1998 jeung 2002. Patandingan Piala Dunya nu kahiji ditangtukeun ku golden goal nyaéta meunangna Perancis ti Paraguay dina 1998. Jérman mangrupa nagara kahiji nu nyitak golden goal dina hiji kompetisi gedé, ngéléhkeun Céko di final Euro 1996. Silver goal' dipaké dina Euro 2004. Pacobaan ieu duanana teu dilanjutkeun ku IFAB.[47]

Bal asup jeung kaluar[édit | sunting sumber]

Dina Laws of the Game, 2 dasar patandingan nyaéta bal di jeung di luar maén. Ti mimitina unggal babak kalawan kick-off nepi ka réngséna, bal salawasna aya di pamaénan, iwal nalika balna kaluar lapangan, atanapi patandingan distop heula ku wasit. Basa balna kaluar ti pamaénan, maénna di-"ulang" deui ku salasahiji cara ti 8 metode nu aya dumasar sababna:

Saurang pamaén ngalaksanakeun tajongan bébas. Musuhna ngawangun "témbok" pikeun ngalingan balna
  • Kick-off: sanggeus hiji gol ku tim lawan, atanapi mimitian unggal babak.[48]
  • Alungan ka jero: basa balna kaluar ti gurat sisi (nu panjang, sanés nu aya gawangna); dibéré ka lawan ti tim nu pangahirna ngeunaan bal.[49]
  • Tajongan gawang: basa balna kaluar liwat garis gawang tanpa hiji skor nu dicitak sarta pangahirna dikeunaan ku tim nu narajang; dibéré ka tim musuhna.[50]
  • Tajongan juru: basa balna geus meuntasan gurat gawang tanpa aya gol nu kacitak tina sarta pangahirna dikeunaan ku tim nu ditarajangan; dibéré ka tim nu narajang.[51]
  • Tajongan bébas teu langsung: dibéré ka lawanna tim nu ngalakukeun palanggaran "non-pidana", palanggaran téhnis katangtos, atanapi basa pamaénanna dieureunkeun saheulaan. Teu kaci nyitak gol langsung liwat tajongan ieu (tanpa ngeunaan paamén lian).[52]
  • Tajongan bébasa langsung: dibéré ka lawanna tim nu ngalakukeun palanggaran "pidana".[52] Kénging nyitak gol langsung liwat tajongan ieu.
  • Tajongan pénalti: dibéré ka lawanna tim nu ngalakukeun palanggaran di kotak pénalti soranganna.[53]
  • Dropped-ball: basa wasitna ngeureunkeun patandingan saheulaan pikeun alesan-alesan lian, saperti aya pamaén nu cedera serius di lapangan. Kaputusan kieu carang aya dina patandingan normal.[48]

Palanggaran[édit | sunting sumber]

Pamaén dibéré pangélingan maké kartu konéng, jeung dikaluarkeun maké kartu beureum. Warna-warna ieu kahiji dipikawanohkeun dina Piala Dunya FIFA 1970 jeung masih dianggo nepi ka ayeuna.
Saurang pamaén nyitak hiji tajongan pénalti nu dihadiahkeun sanggeus hiji palanggaran kana timna dina kotak pénalti lawanna

Hiji palanggaran aya basa saurang pamaén ngalakukeun hiji kalakuan katangtos nu kaserat dina Laws of the Game nalika balna keur dimaénkeun. Lalaku anu nyababkeun palanggaran kaserat dina Law 12. Ku sangaja ngeunaan balna maké tangan, néngklasan musuh, atanapi ngadorong musuh, mangrupa conto "pidana", bisa dihukum ku tajongan bébas langsung atanapi tajongan pénalti dumasar di mana palanggaran éta aya. Palanggaran lian dihukum ku hiji tajongan bébas teu langsung.[9] Wasit bisa ngahukum saurang pamaén atanapi ku cara méré pangélingan (kartu konéng) atanapi ngaluarkeunna (kartu beureum). Kartu konéng kadua bisa nyababkeun pamaén narima kartu beureum. Saurang pamaén nu dibéré kartu kuning kawanoh salaku geus "booked", wasit nyerat nami si pamén dina buku resmina. Upami saurang pamaén geus dikaluarkeun, pamaén cadangan teu kénging ngeusian posisina. Non-pamaén saperti ménéjer jeung staf teu kénging dibéré kartu, tapi bisa diusir upami kalakuanna katempo teu sopaneun.[9]

Tinimbang ngeureunkeun patandingan, wasit bisa ngidinkeun patandingan lanjut. Upami kitu, nu kawas kitu bisa nguntungkeun tim lawanna nu ngalakukeun palanggaranna. Hal ieu kawanoh salaku "playing an advantage".[54] Wasit bisa "call back" patandingan jeung méré hukuman éta palanggaran upami teu jadi "advantage" dina "sababaraha detik". Upami hiji palanggaran teu dihukuman ku lantaran keur aya advantage, nu ngalakukeunnana masih bisa dihukum ku sabab palanggaran salajengna nu dilakukeunnana.[55]

Babon organisasi[édit | sunting sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé: Maén bal di sakuliah dunya.

Babon organisasi internasional maén bal (jeung varian-varianna, kawas futsal jeung maén bal basisir) nu diakuan nyaéta Fédération Internationale de Football Association (FIFA). Markas FIFA aya di Zurich. 6 konféderasi kawewengkonan kahubung jeung FIFA; nyaéta:[56]

Asosiasi nasional ngawasan maén bal dina nagara sosoranganna. Hali ieu umumna harina sarua jeung nagara daulat, (conto: Fédération Camerounaise de Football di Kamerun) tapi ngawengku ogé sababaraha asosiasi nu ngawasan éntitas sub-nasional (contona Scottish Football Association di Skotlandia). 208 asosiasi nasional kaafiliasi boh jeung FIFA atanapi konféderasi kabuanaanna.[56]

FIFA miboga tanggung jawab pikeun nyusun kompetisi jeung aturan-aturanna nu patali, tapi Laws of the Game sabenerna diatur ku Badan Asosiasi Maén Bal Internasional, di mana unggal asosiasi ti Britania Raya miboga hiji sora, samentawis FIFA sacara koléktif miboga 4 sora.[25]

Pasanggiri internasional[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Daptar pasanggiri maén bal.

Kompetisi maén bal internasional utami nyaéta Piala Dunya, diatur ku FIFA. Kompetisi ieu lumangsung dina jangka waktos 4 taun. Leuwih ti 190 tim nasional palomba-lomba dina turnamén. Puteran finalna, nu dilaksanakeun unggal 4 taun, mimilukeun 32 tim nasional dina jangka waktos 4 minggu.[57] Turnamén nu panganyarna, Piala Dunya FIFA 2010, dilaksanakeun di Afrika Kidul ti 11 Juni nepi ka 11 Juli.[58]

Aya pasanggiri maén bal dina unggal Olimpiade Usum Panas saprak 1900, iwal dina 1932 di Los Angeles.[59] Saméhémh mimitina Piala Dunya, maén bal nu dina Olimpiade (utamina dina 1920-an) miboga status nu sarua jeung Piala Dunya. Aslina, cabang ieu ngan pikeun amatir hungkul,[24] tapi, saprak Olimpiade 1984, pamaén profésional diidinkeun ngiring, sanajan kalawan larangan katangtos nu nyegahan nagara nurunkeun timna nu pangkiatna. Ayeuna, turnamén maén bal putra dina Olimpiade dimaénkeun ku pamaén U-23. Baheula, Olimpiade miboga larangan ngeunaan umur sababaraha pamaén;[60] tapi praktikna teu aya dina Olimpiade 2008. Turnamén putrina ditambihkeun dina 1996. Lain jeung nu putrana, euweuh larangan ngeunaan yuswa pamaén dina turnamén nu putrina.[61]

Sanggeus Piala Dunya, kompetisi internasional maén bal nu penting lianna nyaéta kajuaraan konféderasi, nu diatur ku asosiasi kabuanaan jeung dilombakeun antawis tim-tim nasional. Kajuaraanna nyaéta Kajuaraan Éropa (UEFA), Copa América (CONMEBOL), Piala Bangsa-Bangsa Afrika (CAF), Piala Asia (AFC), Piala Emas CONCACAF (CONCACAF), jeung Piala Bangsa-Bangsa OFC (OFC). Piala Konféderasi FIFA dilombakeun antawis 6 juara konféderasi, juara Piala Dunya FIFA keur éta, jeung nagara tuan rumah Piala Konféderasi éta sorangan. Kompetisi ieu umumna katémbong salaku pamanasan pikeun Piala Dunya FIFA. Aya ogé kompetisi konféderasi pikeun klub contona saperti UEFA Champions League jeung Copa Libertadores de América. Nu meunang kajuaraan konféderasi ngawakilkeun konféderasina dina Piala Dunya Klub FIFA.[62]

Pasanggiri lokal[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Maén bal di sakuliah dunya.
2 pamaén parebut bal

Umumna, babon organisasi di unggal nagara nguruskeun sistim liga dina hiji usum doméstik, biasana miboga sababaraha divisi, di mana tim-tim mibandaan poin dina sausum dumasar hasil atandinganna. Tim-tim ditempatkeun kana klasemén, diurutkeun dumasar poin nu dipibanda. Dina ahir usum, tim nu panglobana mibanda poin nyaéta nu meunang. Umumna dina ahir usum, sababaraha tim nu pangluhurna promosi ka divisi nu leuwih luhur. Sabalikna, hiji atanapi sababaraha tim nu dina ahir usum jadi panghandapna dégradasi ka divisi nu leuwih handap.[63] Pangajabaan sistem ieu aya di sababaraha liga Amérika Latin, nu ngabagi kajuaraan kana 2 bagian, Apertura jeung Clausura (Basa Spanyol pikeun Pamuka jeung Panutup), ngahadiahan ka unggal juara bagian.[64]

Sababaraha liga top midangkeun pamaén-pamaén béntang; sabalikne di liga nu leuwih leutik, pamaén bisa jadi nu boga gawé lian atanapi amatiran. Lima liga Éropa top – Premier League (Inggris),[65] La Liga (Spanyol), Serie A (Italia), Bundesliga (Jérman), jeung Ligue 1 (Perancis) – mincut raloba pamahttp://tiatizzianni.com/wp-content/uploads/4307103713_0e18a0d57f.jpgn alus sadunya sarta unggal liga miboga total biaya bayaran leuwih ti £600 yuta/763 yuta/$AS 1,185 milyar.[66]

Maén bal putri[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Maén bal putri.

Awéwé geus ngulinkeun maén bal saprak patandingan putri nu kahiji kacutat nyaéta dina 1895 di London Kalér. Maén bal pikeun awéwé sok dihubngkeun jeung patandingan amal sarta latihan fisik, utamina di Britania Raya.[67] Cara nempo kieu mimiti ngarobah dina 1970-an kalawan torobosan dina maén bal pikeun awéwé nu diorganisir.

Tumuwuhna maén bal pikeun awéwé, ngahasilkeun kompetisi tingkat boh nasional boh internasional. Maén bal putri pernah miboga "jaman kajayaan" di Britania Raya dina awal 1920-an basa panongtonna nepi ka 50.000 di sababaraha patandingan;[68] tapi dieureunkeun dina 5 Désémber 1921 nalika Asosiasi Maén Bal Inggris nyorakeun sangkan ngalaranganna ti lapangan nu dipaké ku anggotana. Larangan éta dibatalkeun dina Désémber 1969 kalawan pamilihan sora di UEFA pikeun ngakuan sacara resmi maén bal putri dina 1971.[67] Piala Dunya Putri FIFA mimiti dina 1991 jeung saprak éta geus dilaksanakeun unggal 4 taun.[69]

Tingali ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. "Overview of Soccer". Encyclopædia Britannica. Diakses pada 4 Juni 2008. 
  2. Guttman, Allen (1993). "The Diffusion of Sports and the Problem of Cultural Imperialism" Eric Dunning, Joseph A. Maguire, Robert E. Pearton The Sports Process: A Comparative and Developmental Approach, Champaign: Human Kinetics. URL accessed 2008-01-26. "the game is complex enough not to be invented independently by many preliterate cultures and yet simple enough to become the world's most popular team sport"
  3. Dunning, Eric (1999). "The development of soccer as a world game" Sport Matters: Sociological Studies of Sport, Violence and Civilisation, London: Routledge. URL accessed 2008-01-26. "During the twentieth century, soccer emerged as the world's most popular team sport"
  4. (1996) "Team Sports" Catastrophic Injuries in High School and College Sports, Champaign: Human Kinetics. URL accessed 2008-01-26. "Soccer is the most popular sport in the world and is an industry worth over US$400 billion world wide. 80% of this is generated in Europe, though its popularity is growing in the United States. It has been estimated that there were 22 million soccer players in the world in the early 1980s, and that number is increasing. In the United States soccer is now a major sport at both the high school and college levels"
  5. "2002 FIFA World Cup TV Coverage". FIFA. 5 Désémber 2006. Diarsipkan dari yang asli pada 30 Désémber 2006. Diakses pada 6 Januari 2008. 
  6. Mazumdar, Partha (2006-06-05). "The Yanks are Coming: A U.S. World Cup Preview". Embassy of the United States in London. Diakses pada 6 Juni 2009. 
  7. a b c IFAB. "Procedures to determine the winner of a match or home-and-away" Laws of the Game 2010/2011 (PDF), 51–52, FIFA. URL accessed 2011-03-04.
  8. "How to head a football )". Diakses pada 3 Januari 2011. 
  9. a b c "Laws of the game (Law 12)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 11 Oktober 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  10. IFAB. "Law 11 – Offside" Laws of the Game 2010/2011 (PDF), FIFA. URL accessed 2011-03-04.
  11. "England Premiership (2005/2006)", Sportpress.com. Disalin 2007-06-05.
  12. a b "Laws of the game (Law 3–Number of Players)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  13. "Positions guide, Who is in a team?", BBC Sport, BBC, 2005-09-01. Disalin 2007-09-24.
  14. "Formations", BBC Sport, BBC, 2005-09-01. Disalin 2007-09-24.
  15. "History of Football". FIFA. Diakses pada 20 Nopémber 2006. 
  16. "History of Football – Britain, the home of Football". FIFA. Diakses pada 20 Nopémber 2006. 
  17. Harvey, Adrian (2005). Football, the first hundred years, London: Routledge.
  18. Winner, David, "The hands-off approach to a man's game", 2005-03-28. Disalin 2007-10-07.
  19. a b "History of the FA". Football Association (FA). Diarsipkan dari yang asli pada 7 April 2005. Diakses pada 9 Oktober 2007. 
  20. Young, Percy M. (1964). Football in Sheffield, 28–29, S. Paul.
  21. "IFAB". FIFA. Diakses pada 10 Désémber 2011. 
  22. "The International FA Board". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 22 April 2007. Diakses pada 2 Séptémber 2007. 
  23. "The History Of The Football League". Football League. 22 Séptémber 2010. Diakses pada 4 Maret 2011. 
  24. a b "Where it all began". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 8 Juni 2007. Diakses pada 8 Juni 2007. 
  25. a b "The IFAB: How it works". FIFA. Diakses pada 4 Maret 2011. 
  26. "Baseball or Football: which sport gets the higher attendance?", The Guardian, 2003-10-09. Disalin 2006-06-05.
  27. "TV Data". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 22 Séptémber 2007. Diakses pada 2 Séptémber 2007. 
  28. "FIFA Survey: approximately 250 million footballers worldwide" (PDF). FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 15 Séptémber 2006. Diakses pada 15 Séptémber 2006. 
  29. "2006 FIFA World Cup broadcast wider, longer and farther than ever before". FIFA. 6 Pébruari 2007. Diakses pada 11 Oktober 2009. 
  30. Stormer, Neil (2006-06-20). "More than a game". Common Ground News Service. Diakses pada 2 Maret 2010. 
  31. Austin, Merrill (2007-07-10). "Best Feet Forward". Vanity Fair. Diakses pada 2 Maret 2010. 
  32. "Has football ever started a war?", 2007-02-21. Disalin 2007-09-24.
  33. Drezner, Daniel, "The Soccer Wars", 2006-06-04, p. B01. Disalin 2008-05-21.
  34. "Laws Of The Game". FIFA. Diakses pada 2 Séptémber 2007. 
  35. "Laws of the game (Law 4–Players' Equipment)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  36. "Laws of the game (Law 3–Substitution procedure)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 11 Oktober 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  37. IFAB. "Law 3 – The Number of Players" Laws of the Game 2010/2011 (PDF), FIFA. URL accessed 2011-03-04.
  38. "Laws of the game (Law 5–The referee)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  39. Summers, Chris, "Will we ever go completely metric?", BBC news, BBC, 2004-09-02. Disalin 2007-10-07.
  40. "Goal-line technology put on ice". FIFA. 8 Maret 2008. Diakses pada 19 Juni 2010. 
  41. "FIFA Amendments to the Laws of the Game, 2008" (PDF). FIFA. Diakses pada 4 Maret 2011. 
  42. "Laws of the game (Law 1.1–The field of play)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  43. "Laws of the game (Law 1.4–The Field of play)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 11 Oktober 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  44. "Laws of the game (Law 7.2–The duration of the match)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 11 Oktober 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  45. The Sunday Times Illustrated History Of Football Reed International Books Limited 1996. p.11 ISBN 1-85613-341-9
  46. "Laws of the game (Law 7.3–The duration of the match)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 3 Juni 2008. Diakses pada 3 Maret 2010. 
  47. Collett, Mike, "Time running out for silver goal", Rediff.com, 2004-07-02. Disalin 2007-10-07.
  48. a b "Laws of the game (Law 8)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 24 Séptémber 2007. 
  49. "Laws of the game (Law 15–The Throw-in)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 14 Oktober 2007. 
  50. "Laws of the game (Law 16–The Goal Kick)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 14 Oktober 2007. 
  51. "Laws of the game (Law 17–The Corner Kick)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 14 Oktober 2007. 
  52. a b "Laws of the game (Law 13–Free Kicks)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 14 Oktober 2007. 
  53. "Laws of the game (Law 14–The Penalty Kick)". FIFA. Diarsipkan dari yang asli pada 13 Séptémber 2007. Diakses pada 14 Oktober 2007. 
  54. "Referee's signals: advantage", BBC Sport, BBC, 14 September 2005. Disalin 2011-03-04.
  55. IFAB. "Law 5: Referee: Advantage" Laws of the Game 2010/2011 (PDF), FIFA. URL accessed 2011-03-04.
  56. a b "Confederations". FIFA. Diakses pada 4 Maret 2011. 
  57. Jumlah tim nu asup ka puteran final robah-robah saprak mimitina Piala Dunya. Nu panganyarna nyaéta 32 tim, saprak 1998.
  58. "The FIFA Calendar". FIFA. Diakses pada 12 Juni 2010. 
  59. "Football Equipment and History". International Olympic Committee (IOC). Diakses pada 4 Maret 2011. 
  60. "Football – An Olympic Sport since 1900". International Olympic Committee (IOC). Diarsipkan dari yang asli pada 1 Juni 2009. Diakses pada 7 Oktober 2007. 
  61. "Event Guide – Football". sportinglife. 365 media group. Diakses pada 5 Maret 2011. 
  62. "Organising Committee strengthens FIFA Club World Cup format". FIFA. 14 Agustus 2007. Diakses pada 7 Oktober 2007. 
  63. Fort, Rodney (September 2000). "Scottish Journal of Political Economy" 47 (4): 431–455.
  64. "Estudiantes win Argentina Apertura title", 2010-12-13.
  65. Hughes, Ian, "Premier League conquering Europe", BBC Sport, BBC, 2008-03-31. Disalin 2008-05-27.
  66. Taylor, Louise, "Leading clubs losing out as players and agents cash in", 2008-05-29. Disalin 2008-11-28.
  67. a b Gregory, Patricia, "How women's football battled for survival", BBC sport, BBC, 2005-06-03. Disalin 2010-02-19.
  68. Alexander, Shelley, "Trail-blazers who pioneered women's football", BBC sport, BBC, 2005-06-03. Disalin 2010-02-19.
  69. "Tournaments: Women's World Cup". FIFA. Diakses pada 11 Maret 2011. 

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Citakan:Association football laws Citakan:Association football terminology Citakan:Association football chronology Citakan:Team Sport Citakan:Olympic sports