Si Kaléci Biru
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Marcapada katempo ku awak Apollo 17 nu ngumbara ka Bulan, némbongkeun Laut Méditerania nepi ka simbut és kutub kidul Antartika. Garis basisir Afrika katémbong atra, Tatar Arab bisa katempo luhureunana rada ngétan. Pulo gedé katuhueunana taya lian ti Madagaskar, sedengkeun daratan buana Asia aya di luhureun Tatar Arab.
Si Kaléci Biru (The Blue Marble) nyaéta hiji potograf Marcapada nu dijieun 7 Désémber 1972 ku awak wahana antariksa Apollo 17 ti kaanggangan 29000 km[1]. Salajengna, ieu ngaran dilarapkeun ku NASA pikeun kumpulan data gambar nu ngawengku sakujur jagat dina résolusi anu hadé.
Daptar eusi |
Potograf [édit]
Ieu poto bisa jadi salah sahiji anu panglobana dipaké/sumebar[2]. Marcapada katémbong caang/cékas kusabab nu moto nonggongan Panonpoé. Pikeun para astronot, Jagat téh kaciri siga kaléci kaca (ku kituna dibéré ngaran).
Rujukan [édit]
- ↑ "Apollo 17 30th Anniversary: Antarctica Zoom-out". Scientific Visualization Studio. NASA. 21 Nopémber 2002. Diakses pada 4 Séptémber 2007.
- ↑ Kesalahan pengutipan: Tag
<ref>tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaNASAmarble
Tumbu kaluar [édit]
- Sajarah medalna gambar Kaléci Biru NASA
Potograf 1972 [édit]
Gambar komposit NASA abad ka-21 [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |