Simple Plan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kénca ka katuhu: Chuck Comeau, Jeff Stinco, Pierre Bouvier, Sébastien Lefebvre, David Desrosiers

Simple Plan nya éta salah sahiji grup musik aliran punk-pop acts asal Kanada anu kawilang suksés[1]. Anggotana nya éta Pierre Bouvier (vokal), Jeff Stinco (gitar), David Desrosiers (bass), Sebastien Lefebvre (gitar), jeung Chuck Comeau (drum)[1].

[édit] Awal Kabentuk

Awalna Bouvier jeung Comeau nya éta personil grup musik Reset anu harita kasohor pisan di Kanada, malah mah kungsi tur bareng MxPx, Teen Foot Pole jeung Face to Face[1]. Terus Comeau kaluar lantaran hayang kuliah, tapi dua taun kahareupna Comeau kaluar ti kuliahna terus gawé bareng jeung Stinco sarta Lefebvre pikeun nyieun grup musik anyar[1]. Bouvier anu masih kénéh jadi personil Reset ahirna ngiluan jeung proyék Comeau sabada papanggih di Sugar ray Show[1]. Desrosiers ogé teu poho diajakan, sanggeus limaanana ngumpul, ti harita lahir grup musik Simple Plan anu nepi ka ayeuna can kungsi gonta-ganti personil[1].

[édit] Diskografi Album

Simple Plan ngadadak kasohor sabada ngarilis album No Pads, No Helmets...Just Balls anu dirilis tanggal 19 Maret 2002 kalayan label rekaman nya éta Atlantic[2]. Suksés ieu diteruskeun di Album kaduana anu dijudulan Still not Getting any anu dirilis tanggal 26 Oktober 2004 kalayan label rekaman Lava Records[2]. Lagu andalan dina ieu album nya éta Welcome to My Life[2]. Taun 2008, Bouvier, spk ngarilis album anu judulna Simple Plan[2]. Anu pamungkas, Simple Plan ngarilis albm Get Your Heart On! tanggal 21 Juni 2011[2].

[édit] Référénsi

  1. a b c d e f (en)[Biografi Simple plan] (diaksés tanggal 4 Nopémber 2011)
  2. a b c d e (en)[Diskografi Simple Plan] (diaksés tanggal 4 Nopémber 2011)
Nulis.jpg
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa